Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Sasakala Maung Panjalu

NURUTKEUN sepuh, putra Raja Pajajaran nu istri dipigarwa ku putra Raja Majapait.  Sanggeus ngandeg tujuh bulan, maksa hayang ngalahirkeun di Pajajaran. Ku sabab teu diwidian, anjeunna lolos, nepi ka kalunta-lunta mangbulan-bulan.

Datang ka wewengkon Panjalu, di Kampung Ganjar, Nyi Putri ngalahirkeun. Putrana kembar, istri hiji, pameget hiji. Santenna diwadahan kana pendil dikubur di dinya di handapeun kai anu ahirna timbul kulah.  Sanggeus ngarasa jagjag, Putri neruskeun lalampahanna ka Pajajaran. Di Pajajaran, murangkalih téh ku akina dingaranan Bongbanglarang jeung Bongbangkancana.
 
Kacaturkeun éta budak téh geus gedé wé. Maksa hayang papanggih jeung bapa, tapi ku indungna teu diidinan. Budak téh maksa, tuntungna ngalolos ti Pajajaran.
 
Anu ngalolos téh nepi wé ka wewengkon Panjalu. Kabeneran teu jauh ti tempat dilahirkeunana téa, aya saung anu dicicingan ku Aki jeung Nini Pangebon. Budak téh ménta dahar. Nini Pangebon pak-pik-pek ngaliwet. Ku sabab teu aya cai, Nini Pangebon téh indit, maksudna rék ngala cai ka kulah nu asalna kuburan santen téa.
 
Bakating ku lapar, liwet téh dipurak, ditodong.  Barang datang Nini Pangebon mawa cai, bakating ku halabhab pendil téh direbut, tuluy ditotor ku Bongbangkancana. Pendil ujug-ujug ambles kana sirahna, teu bisa dilaan. Aki jeung Nini Pangebon baringung. Terus baé atuh Bongbangkancana jeung Bongbanglarang téh dititah indit ka Aki Garahang, ménta tulung supaya dipangudarkeun. Tempat Aki Garahang nepi ka ayeuna aya Kampung Garahang.

Bongbangkancana ditungtun ku Bongbanglarang ka Aki Garahang. Ku Aki Garahang ditarok ku kujang, anu éta pendil muncrat jadi kulah kajajadén. Ku Aki Garahang dipiara sarta dibéwarakeun sangkan éta kulah teu meunang digadabah.  Barudak téh tuluy matuh di dinya.

Dina hiji waktu Aki Garahang téh rék nyaba. Méméh indit nyarita ka barudak, upama rék ulin ulah wani-wani ulin ka kulah kajajadén téa.  Ari Aki Garahang geus indit, barudak téh jadi panasaran, hayang nyaho kulah kajajadén téa. Barang datang ka dinya katémbong caina hérang ngagenclang. Barudak téh henteu tahan nénjo cai bangun nu tiis nyecep matak seger. Nu awéwé ancrub sukuna. Ari nu lalaki sibeungeut. Dadak sakala, beungeut lanceukna jadi maung, ari adina sukuna baruluan.

Mireungeuh kaayaan kitu, barudak téh duanana ceurik paungku-ungku. Beuki lila ceurikna beuki tararik, nepi ka pagulung-gulung. Ahirna duanana ti gebrus kana kulah téa. Ari haranjat duanana geus robah jadi maung. Tuluy baralik deui ka saung Aki Garahang.  Waktu Aki Garahang datang ti panyabaanana, barabat atuh barudak téh nyaritakeun lalakonna. Ku Aki Garahang barudak téh, anu ayeuna geus jaradi maung, dititah indit neruskeun lalampahanana ka Majapait.

Barang datang ka hiji tempat anu loba oyong, dua maung kajajadén téh kabeulit ku areuy oyong, teu bisa lésot. Kapanggih ku nu boga kebon, terus dipalidkeun ka walungan, asup kana gawul, abus kana badodon.  Ku nu boga badodon dijait. Maung kajajadén nyaritakeun lalakonna. Bari kagét aya maung bisa ngomong, nu boga babadon téh ngaleupaskeun dua maung kajajadén téa. Dua maung kajajadén neruskeun deui lalampahanana ka Majapait.

Datang ka Majapait, julug-julug datang ka karaton, kalah dikepung. Sanggeus beunang tuluy nyarita, ngariwayatkeun asal muasalna, terus diangken ku raja. Ti dinya dua maung kajajadén téh dititah ngajaga di wewengkon asal.

Nurutkeun sakaol, loba kapantrangan anu asalna tina éta kajadian. Sakur katurunan Panjalu teu meunang nodong pendil, teu meunang melak sumawona ngadahar oyong, teu meunang dahar lauk tina gawul; lamun dilanggar aya matakna.

Ciri katurunan Bongbanglarang Bongbangkancana aya dina kuku. Sok aya kukuna anu teu sampurna atawa jiga kuku urang leuweung.

Sumber: Sastra Lisan Sunda: Mite, Fabel, dan Legenda
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook