Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Lalampahan Bujangga Manik Ka Jawa Tengah, Jawa Timur Jeung Bali (VIII)

Gunung Haruman, Garut
(Tarjamah bebas, Drs. Asep Idjuddin tina, Bujanggamanics journeys through of jawa-topografical data from old an Sundaness source : Bijdragen tot de Taal Land-en Volkenkunde 138(1982)
No.4, Leiden,413-442)

Aya dua piagam, Panggumulan jeung Poh di Jawa Tengah, salasahijina, Poh, kawasna pernahna teu jauh ti Candi Prambanan, deukeut Randusari, lebah dinya kapanggih piagam tina tambaga.  Ieu jadi salasahiji bukti urut padumukan di Jawa Tengah leuwih ti 6 abad. Sanggeus meuntas walungan Berang (Bedog) Bujangga Manik asup ka daerah Paguhan, eta teh memeh meuntas walungan Ponorogo, ngaliwatan Kahuripan jeung Rambut Beser. 

Paguhan ngingetkeun urang kana salasaurang pangeran Majapahit, nya eta Pangeran Paguhan. Teu mustahil yen gelar inyana asalna tina ngaran distrik nu nyampak dina naskah. Najan aya deui sababaraha desa nu disebut Paguhan di wewengkon sejen Jawa Tengah. 

Antara walungan Progo jeung Watukura (Bogowonto) Bujangga Manik ngaliwatan desa Pahit, Pegat, jeung Kulisi, tilunana taya nu bisa diidentifikasi. Keur Sagara Anakan jeung Pananjung, sanggeus meuntas Watukura, inyana datang ka Kuwukan sisi kulon Purwodadi dina ngamalirna Bogowonto, teu jauh ti basisir kidul.  

Sanggeus ngaliwatan 8 tempat liana, Bujangga Manik nepi ka peupeuntasan (tambangan) rakit/eretan, di dinya meuntas Cilohku nya eta ngaran walungan nu ayeuna disebut Lukulo, nu ngocor ngaliwatan Kebumen, ngaran aslina meureun Loh Kula.  Tuluy mapay sisi-sisi Serayu, ngan tilu tempat nu disebut, Gununung Sangkuan mungkin puncak Bolong Karang, hiji2na gunung nu aya di ieu daerah; Dipala (ayeuna Adipala), jeung Sawangan deukeut muara Serayu. Sawangan ngaran umum, hiji toponim desa  tonggoheun Serayu rada jauh ti muara. Nu saterusna Mandala Ayah, kuduna Ayah, najan pernahna kiwari jauh ka wetan. 

Bujangga Manik mapay-mapay sisi pasir ngaliwat 7 tempat deui; Dona Kalicung (sarimbag jeung ngaran walungan Donan deukeut Cilacap). Tuluy meuntas ka Sagara Anakan nu ti laut dihalangan pulo Nusakambangan. Di sisi sejen Sagara Anakan, Bujangga Manik manggihan lembur Bakur deukeut muara Citanduyan, anjog ka Cimedang, meuntas Cikutrapinggan (ayeuna Ciputrapinggan) nu dina peta disebut Ciela. Nepi ka Pananjung saampar samak jeung Wuluheun.  Pananjung ngaran hiji desa deukeut Pangandaran rada jauh wetaneun Ciputrapinggan, nu ngocor ka laut. Eta dua desa teh aya di deukeut  jajalaneun ka jojontor leutik nu oge disebut Pananjung. Teu mustahil  Wuluheun (wuluh= awi) tadina ngaran nu dipake keur ieu jojontor.

Ieu jojontor teh nyambung ka lengkob heurin tur nyepet, nu tadina pulo leutik jauh ti basisir. Hebatna ngaran ieu lemah, identik jeung hiji domain agama Siwa nu aya dina Nagarkrtagama, nya eta Wuluheun (lokasi nu can kanyahoan tea). Mungkin hiji atawa leuwih domain/sekte agama Majapahit nyebar ka Jawa Barat najan can kapaluruh. 

Nepi ka Hujung Galuh, Geger Gadung, Saung Galah, jeung Mandala Puntang, Bujangga Manik meuntas Ciwulan (Cikembulan) kuloneun Pananjung. Walungan sejen nu ayeuna disebut Ciwulan, pernahna rada jauh ka kulon), hanjat/banat ka muara Ciloh Alit deukeut desa Pasuketan. Cilohalit ngaran desa leutik di Cijulang Kidul deukeut muara. Kadinya Cialit ngocorna. Ngagunakeun kecap banat, hanjat ciri perjalananana ngaliwatan laut. Mapay basisir kidul. 

Ti dinya anjog ka pagunungan Condong jeung Parasi, nepi we ka Hujung Galuh, ieu toponim mincut sabab ngarujuk ka karajaan Galuh, nu disebuteun Legendaris pisan, awal karajaan Sunda, pernahna di kidul-wetan daerah Sunda. Nu kacatet dina naskah Sunda Kuno, Carita Parahyangan. Disebutkeun yen prebu/bupati Galuh dibawa ka Maharaja Pakuan. Galuh kira-kira sarua jeung kabupaten Ciamis ayeuna. Pernahna antara Citanduy diwetan jeung Cimedang di kulon. Hujung Galuh mungkin puseur da rute Bujangga Manik kudu aya di basisir kidul teu jauh ti Cimedang wetan. 

Saterusna Bujangga Manik ngaliwatan Geger Gadung sanggeus meuntas Ciwulan tuluy ka beulah kulon. Dina Carita Parahyangan disebutkeun Geger Gadung satingkat kabupaten nu dipingpin bupati, Batara nu diangkat ku Maharaja Pakuan.

Dina ieu naskah wates kulon disebutkeun walungan Cilangla, tapi wates wetan mah teu disebutkeun,nu pasti kudu aya atawa deukeut jeung wates kulon Galunggung, daerah nu disebut samemehna-mengkol ka wetan- Geger Gadung, nya eta walungan Ciwulan. Kukituna Geger Gadung mangrupa kawasan nu sarua sakumaha nu kanyahoan dina abad ka 17 disebut Sela Gadung, mengkolna ti antara walungan Cilangla jeung Ciwulan. Robahna ngaran sacara parsial bisa dijelaskeun tina robahna ma’na kecap Geger, nu hartina “pagunungan”, tapi dina carita Parahyangan mah disaruakeun. Ku penjelasan ngaran Geger jeung “heuleut” (ngaran tempat) antara” hartina sarua jeung Sela.

Ti dinya Bunjangga Manik asup ka Saung Galah, ieu wilayah nu nu aya kalereun Geger Gadung, sakumaha nu disebutkeun sababaraha kecap dina Carita Parahyangan. Saung Galah mungkin bisa diidentifikasi jeung Saung Watang atawa Saung Gatang, nu nurutkeun data nya eta daerah deukeut Mangunreja sisi kidul Ciwulan. Ieu walungan ngocor ti kulon ka wetan memeh mengkol ka kidul, nya eta ngan hiji daerah nu diidentifikasi sabage Geger Gadung atawa Sela Gadung. Sakali deui lebah dieu urang disanghareupkeun kana robahan parsial ngaran, Galah diganti Watang atawa Gatang mangrupa sinonim, duanana nuduhkeun munculna sarupa tihang. 

Kawasna Bujangga Manik ngaliwatna ti beulah kulon Saung Galah, sabab ngaliwatan gunung Galunggung, (Gunung?) Panggarangan, Pada Beunghar (teu kapanggih, tapi disebutkeun dina Carita Parahyangan, aya lebah wates kidul Saung Galah).Jeung dua tempat sejen, gunung Cikuray nu kiwari aya di kiduleun kota Garut. Panggarangan, mungkin ngaran hiji puncak nu rada handap di kompleks Gunung Galunggung, sabab walungan Cipanggarangan ngocor ti kuloneun puncak utama, ngocor ka kidul, ahirna ngahiji ka walungan Ciwulan. 

Turun ti gunung Cikuray, Bujangga Manik asup ka Mandala Puntang tuluy naek ka gunung Papandayan. Dina Carita Parahyangan, Mandala Puntang disebutkeun hiji daerah nu diwatesanan ti kaler gunung Kalahedong (ayeuna Kaledong) jeung Gnung Hanuman (Haruman), beulah wetan walungan Ciharus, di kulon Pakujang (Gn.Guntur?) jeung Gn. Mandalawangi. Eta kira-kira sarua jeung daratan Leles kiwari di Garut kaler, najan mungkin rada manjang ka kidul. 

Ti Gn. Papandayan Bujangga Manik neruskeun lalampahan ka Gn. Sembung (Gn. Wayang?/Ai) nu dijelaskeun mangrupa huluwotan Citarum. Tangtu kuduna jadi salasahiji puncak kadua Gn. Malabar. Ti dinya Bujangga Manik leumpang ngulon-kaler, ngaliwatan sababara gunung, daerah, jeung walungan, di antarana walungan Cihea jeung Cisokan nu ngarana dipake nepi ka ayeuna, ahirna anjog ka Eronan (leuweung) jeung Bukit Ageung nya eta daerah ngaliwatan Puncak (Bogor) nu geus asup ka wilayah Pakuan. Urut inyana ngamimitian badarat, nempuh lalampahan jauh.

Lajeng Ka Bagean IX

Sumber: Salakanagara
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment