Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Lalampahan Bujangga Manik Ka Jawa Tengah, Jawa Timur Jeung Bali (VI)

Gunung Bromo, Nu Baheula disebut Gunung Brahma
(Tarjamah bebas, Drs. Asep Idjuddin tina, Bujanggamanics journeys through of jawa-topografical data from old an Sundaness source : Bijdragen tot de Taal Land-en Volkenkunde 138(1982) No.4, Leiden,413-442)

Talaga Wurung, Blambangan, jeung Bali

Tempat nu pangheulana diidentifikasi dina jalur lalampahan Bujangga Manik sanggeus ngaliwatan G. Brahma ayeuna jadi Gn. Bromo, nya eta Gending wetaneun Probolinggo jeung Lesan. Antara Gending jeung Lesan Bujangga Manik meuntas Cirabut-wahangan,  mungkin sanggeus kali Pinangan nu ngocor di antara dua tempat eta.

Lesan pernahna di wilayah Pajarakan, ieu dua tempat teh paeunteung-eunteung aya di sisi wetan jeung kulon, kahalangan walungan Pekalen. Nuluykeun lalampahan ti kaler, ti Gn. Hyang nepi ka Gn Arum, mungkin tadina disebut Gn. Ringgit, kuloneun Panarukan di daerah Talaga Wurung, mengkol ka kenca ka Patukangan. Patukangan teh deukeut Panarukan, disebut dina Nagarakrtagama, mangrupa kamajuan di wetan nu didongdon Hayam Wuruk sabudeureun taun 1359 saperti Gending, Pajarakan, Lesan jeung Walungan Pekalen.

Ieu hartina wilayah di kiduleun Panarukan disebut Talaga Wurung. Ieu ngaran tempat kawasna geus pada nyaho, kajadianana tina gunung api, nu pernahna misah rada jauh di 60 Km kaler-kulon juru Jawa Timur, nu disebut Gn. Blauran.  Di Jaman Raffles ngarana Gn. Talaga Wurung, sababara urang nu mindeng datang/ulin ka gunung ieu aya nu nyebut Gn. Baluran atawa Buluran. Ngajelaskeun hiji kawah gunung nu dianggap gagal/teu jadi/Wurung, pedah eta kawah teg garing, ahirna jadi talaga, Talaga Wurung (kawas salasahiji kawah Gn. Patuha, nu jadi talaga Patenggang, di Bandung kidul-Jawa Barat/Ai).  Kadieunakeun disebut Tlagorung tina Talaga Wurung di wewengkon Pamancangah, kapanggihna tina salasahiji naskah kuno Jawa Tengah, ti Bali nu ditulis abad ka 16. 

Dina eta naskah disebutkeun dua kali sabage tempat jalur Bujangga Manik antara Majapahit jeung Bali. Mimiti di Bubat, Tlagorung, Panjarakan, ti kulon ka wetan, nu kadua dina Tlagorung, Panjarakan, Bubat, ti wetan ka kulon.  Katembong tina dua naskah teh aya katerangan nu tojaiyah. Mun nalungtik naskah ti bagian wetan Jawa Timur, ti Panarukan, kaasup komplek gunung Ijen, teu beda kawas jalur mulang Bujangga Manik, anjog ka Gn. Raung, di wewengkon Talaga Wurung, ieu ngaran asalna tina ngaran gunung, kajaba mun aya tempat sejen nu ngarana sarua. Ti dinya langsung ka Balungbungan, di dieu Bujangga Manik nganjrek salila sataun leuwih, diajar asketisme.

Ti Dinya ka basisir, manggihan parahu nu rek balayar ka Bali, geus ti Bali ka Bangka. Kapten kapal, Selabatang, sayaga mawa Mahapandita meuntas ka Bali.  Jelas pisan yen basisir teh palabuan Blambangan atawa Balangbangan, nu pernahna ayeuna di Banyuwangi. Sabab kapanggih saeutikna dina dua naskah Jawa, nyebut Balumbungan jeung Blumbungan. Sabenerna dina naskah euweuh kapal nu matuh/regular meuntas ka Bali. Jadi mun rek meuntas kudu kabeneran aya kapal/parahu nu rek meuntas, karek bisa milu.  Boh kapal/parahu nu usaha/komersial, atawa mibanda maksud sejen. Basa Bujangga Manik mulang ti Bali, taya hiji ge tempat nu disebut di Bali, disebutkeun: manehna numpang kapal gede, jong kapal atawa jong tutup, panjang 25 deupa, lebar 8 deupa, balayar ti Bali ka Balungbungan, terus ka Palembang jeung Parayaman (pariaman, Sumbar) dipingpin ku kapten kapal nu ngaran Belasagara.

Ti kuloneun Balangbangan sapanjang basisir kidul, nyokot jalur mulang mapay basisir, anjog ka Padangalun atawa Tawangalun, kapanggih tina naskah abad ka 17 nu judulna Pangeran Blambangan. Ti dinya ka Gn. Watangan nu pahareup-hareup jeung Nusa Barong, nya eta basisir sabudeur Gn. Watangan wetaneun Puger, Nusa barong teh pulo leutik taya padumuk. Ti dinya anjog ka Serampon, nu euweuh dina peta tapi ditulis dina Nagarakrtagama sabage desa Sarampwan, nu kungsi didongdon Hayam Wuruk, nganjrek sababara poe di  Puger, kaasup nu kakontrol dina kamajuan wetan taun 1359. Saterusna Bujangga Manik nepi ka desa Cakru, nu aya keneh nepi ka ayeuna kiduleun Lumajang, tuluy asup ka wewengkon Kenep, di Lumajang kidul.

Pamukiman Agama

Teu disebutkeun hiji ge tempat nu katincak ku Bujangga Manik. Dina lalampahan Bujangga Manik jaba ti disebutkeun ngaran-ngaran tempat nu kaliwatan, oge urang dibejaan perkara nu leuwih ti eta. Di antarana aya tempat nu robah jadi pamukiman agama, bisa wae eta jadi alesan keur nu sejen jeung Bujangga Manik jalma nu beragama, naon sababna datang ka dinya. 

Deukeut Gn. Raung inyana nepi ka Baru nu kaasup wewengkon Kategan atawa kabupaten biara-biara, nya eta panganjrekan patapa. Gn.Raung minangka benteng hulu dewaguru, minangka korsi keur para biara, aya deukeut Gn Brahma (Bromo), keur Janawi nu mangrupa lurah Dewaguru, atawa kabupaten Abbas deukeut Gn. Marapi di Jawa Tengah. 

Lokasi tepatna sabenerna teu kapanggih, tapi ngamuat carita legendaris ngeunaan sababaraha tempat kaagamaan dina Tantu Panggelaran, jadi panganjrekan agamawan, disebut mandala, kategan, atawa patapan. Jadi komunitas biarawan jeung patapa (wiku, tega, resi). Ari mandala Abbas khusus ditasbehkeun disebut dewaguru. Sabagian gede agamawan, boh nu cicing di pedalaman, nu mindeng daratang, atawa nu ngancik di geger gunung suci, ngagem 3 agama nu beda nya eta Siwa, Budha, jeung Hindu (?/Ai).Yen katahanan oge disebut agama nu diaku ku Bujangga Manik. Pantes mun patapa ngalalana ngajugjug eta komunitas kawas Dinding nu mangrupa mandala, teu jauh ti Gn.Mahameru.

Cukup disebutkeun 3 komunitas agama dina Tantu Panggelaran, nurutkeun ieu naskah, nu ngamukim di sabudeureun gunung suci Mahameru, jeung bisa ngahontal Gn. Brahma. Meh sakur tempat nu didatangan ku Bujangga Manik, aya nu disebut patapan atawa kategan, sakumaha disebut dina Tantu, inyana ngajugjug tempat-tempat Kadiran, Tandes, Ranobawa, jeung Dingding. Ranobawa jeung Dingding dina Tantu disebut patapan Tandes, jeung Ranubhawa.

Dina perjalanan mulang, mapay jalur kiduleun Gn. Semeru ka kulon, Bujangga Manik ngaliwatan Pacira, Ranobawa, Kayu Taji, Kukub, Kasturi, Sagaradalem, jeung Kagenengan, anjog ka Gn.Kawi.
Pacira teh kategan atawa katyagan nu dina jalur lalampahan Bujangga Manik pernahna wetaneun Gn. Mahameru, mungkin teu jauh ti kuil Candipura deukeut pasirian.  

Kayu Taji mah Patapan, Kukub hiji mandala, boh di wewengkon atawa deukeut ka Mahameru, mun nimbang jalur Bujangga Manik, mungkin sisi beulah kidul atawa kulon. Ieu mungkin hartina pusat agama Kukub, nu aya dina Kidung Panji Margasmara, nu pernahna beulah kidul, wetaneun Singosari, lain di wilayah Gn.Hyang. Kasturi ditulis sabage mandala dina Nagarakrtagama, tapi di tempat sejen Kukub bareng jeung Sagara  sabage kolompok tilu mandala deukeut Gn.Mahameru. 

Sagaradalem pernahna antara Gn. Mahameru jeung Kagenengan. Teu jauh ti kiduleun Malang. Ari Sagaradalem, beda jeung Sagara, mandala nu aya deukeut Gn. Hyang, nu kungsi didatangan Hayam Wuruk, disebut oge dina prasati Batur,  jeung dina Tantu.

Antara Gn.Kawi jeung Gn. Kampud, ayeuna Kelud, Bujangga Manik ngaliwatan Gn. Anar, nu ngingetkeun yen dina Pararaton disebut aya gunung Anar nu mangrupa gunung anyar, taun 1376.  Ti saprak Gn. Kelud bitu, teu mustahil muncul hiji gunung anyar.

Sanepina ka Gn. Kampud Bujangga Manik asup ka Rabut Pasajen, ka huluna rabut palah, nu disebut komplek candi kasohor di Jawa Timur nya eta Candi Panataran. Ditempo tina kecap rabut=suci, pasajen=tempat sasajen, oge tempat agama, mangrupa puseur di tempat kudus palah, mungkin eta pusat panganjrekan, atawa pusat administrasi nu pernahna di luhur gunung. 

Dina sababaraha baris teks, aya gambaran nu khusus nya eta Palah Kudus mangrupa tempat utama keur urang Jawa ngabdi/nyembah, di Karajaan Majapahit, sacara kontinyu jalma loba daratang ti kota ka rabut palah kabuyutan Majapahit, tempat suci Majapahit. Nu disembah ku na Jawa=nu dihormati urang Jawa, datang nu puja ngapicana= daratang rek ibadah, rek nawarkeun emas. Nu nembah hanteu pegatna=nu ibadah daratang ti mana-mana,tanpa gangguan, nu ngideran ti nagara=datang ti unggal nagara. 

Tapi tina teks urang bisa diajar yen Palah lain ukur tempat suci keur ibadah, tapi oge tempat diajar jeung panalungtkan/neuleuman. Bujangga Manik datang ka dinya lain rek milu ibadah, tapi rek diajar, ngarojatkeun pangaweruh. Di dinya inyana maca sastra, hukum gawe, dina basa Jawa. Aing bisa basa Jawa.

Dua judul nu disebutkeun di dieu, nu dibaca  Bujangga Manik, Pandawa Jaya nu ngarujuk kana versi Jawa tina epik Mahabharata, jeung Bharata Yudha tina Jawa kuno, ngait kana Hikayat Melayu, Perang Pandawa Jaya, Judul kadua disebutkeun Darmaweya, mungkin ringkesan tina Dharmawidya, keur elmu “pangaweruh hukum” kabeh tingkat dipelajari, soal-soal “suci”, hukum. Dina teksna loba saran-saran tina panyimpangan antara babakti jeung aspek spiritual ti puseur Palah. Di ieu tempat Bujangga Manik ngan nganjrek sataun, sabab teu tahan ku gandeng, hanteu betah kagenteran, tina lobana jalma.

Lajeng ka Bagean VII

Sumber: Salakanagara
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

1 comments:

  1. Sae pisan..mugia ageung mangfaatna..hatur nuhun.

    ReplyDelete