Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Lalampahan Bujangga Manik Ka Jawa Tengah, Jawa Timur Jeung Bali (VII)

Gunung Lawu

(Tarjamah bebas, Drs. Asep Idjuddin tina, Bujanggamanics journeys through of jawa-topografical data from old an Sundaness source : Bijdragen tot de Taal Land-en Volkenkunde 138(1982) No.4, Leiden,413-442)

Polaman, Kalangbret, Gn. Wilis jeung Lawu

Ninggalkeun Palah, neruskeun lalampahan ka kidul-kulon, ngaliwatan Walirang, Polaman, jeung Balitar, ayeuna Blitar. Tuluy meuntas Kali Brantas, sanggeus ngaliwatan tilu tempat sejenna, anjog ka Kalang Abrat, mungkin tina Kalang Abrit. Abrit=beureum. Kiwari disebut Kalangbret, nu pernahna teu jauh ti Tulungagung kulon. Polaman (paulaman) hartina balong-lauk, tina ulam=lauk, tapi aya robahan toponimi, aya hiji desa deukeut Kendal, kuloneun Semarang. Disebutkeun daerah utama nu sok didatangan ku raja mun geus ngontrol ka Palah. Daha nu aya di dieu kamungkinan ngaran daerah, lain ngaran kota atawa karajaan, sabab dideteksi kacida jauhna ti Palah. Jadi Polaman oge moal beda kawas  sakumaha anu disebut dina naskah.

Taya hiji ge tina sapuluh tempat di kiduleun Gn.Wilis jeung Lawu nu disebutkeun, ngan bisa diidentifikasi. Saperti Pesugihan dina geger gunung, mungkin boh Kesugihan di kulon atawa Sugihan di kidul sisi basisir, ngaranna sarua. Dawu(h) mangrupa toponim umum di Jawa, aya kira-kira 25 desa nu make ngaran ieu, taya hiji oge nu mengkol ka kidul ti Gn. Lawu, Pamaguhan mungkin tadina Maguwan deukeut Wonogiri, najan ieu lokasi jauh teuing ka kidul.  

Roma hiji tempat di Banyumas, tungtung kulon Jogjakarta, tapi dina naskah disebutkeun ngaliwatan Roma teh samemeh Bujangga Manik meuntas walungan Wuluyu (Bengawan Solo).

Bobodo

Sanggeus meuntas Wuluyu, Bujangga Manik asup ka daerah Bobodo, aya data yen Bobodo teh baheulana daerah nu aya di budeureun Solo/Surakarta ayeuna. Asup akal ngaitkeun Bobodo jeung ngaran saurang legendaris Andayaningrat ti Pengging, nu dina carita rayat disebut Jokobodo, hartina jajaka ti Bodo, lain jajaka nu bodo. 

Nurutkeun legenda, Jokobodo teh akina Sultan Pajang Jaka Tingkir, “pamuda ti Tingkir”, Pengging ngaran desa nu teu jauh ti Solo, aya deui Tingkir deukeut Salatiga. Naha Bobodo bisa dianggap karajaan legendaris Pengging? Can tangtu. Tapi teu mustahil Bobodo identik jeung Pajang, nu pernahna antara Solo jeung Pengging. 

Dina “prototype prediksi Jayabaya” disebutkeun yen sanggeus runtagna Demak, ana ratu anggantyani ing lurah bobodo, inggih sultan Pajang= ada seorang raja yang berhasil dari kabupaten Bobodo, ialah sultan Pajang. Eta kapanggih tina manuskrip nu ditulis ahir abad ka 17. Dina basa Jawa kuno, dilakukeun make cara istimewa, terutama ngagunakeun istilah lurah keur kabupaten, jelas dominan” rasa daerah”na. (Kawas lurah Medang Kamulan). 

Dina naskah nu leuwih ngora ngeunaan prediksi Jayabaya, istilah lurah leungit, jeung Bobodo disingget jadi Bodo. Tapi identifikasi nu sarua disebut dina laporan: retune Bodo kukuta araning Pajang = Raja Bodo matuh di Pajang. Mungkin ngaran Bobodo diganti jadi Pajang sanggeus robah jadi ibukota.

Wilayah kiduleun Gn.Marapi

Perjalanan Bijangga Manik saterusna ngaliwat daerah beulah kidul gunung Marapi. Nu nepi ka awal abad 10 dikawasa karajaan Hindu-Jawa, saperti dibuktikeun lobana titinggal arkeologis jeung epigrafhical mangsa harita. Ampir teu disebut mangsa-mangsa eta, nepi ka munculna Mataram-Islam abad ka 16 jeung 17. Tapi teu mustahil eta daerah teh bagian signifikan kakawasaan Hindu nu geus ditaringgalkeun atawa memang taya nu nyicingan. 

Dina perjalanan mulang ti wetan ka kulonkeun, Bujangga Manik mindeng ngaliwatan walungan nu ngocor ti kaler ka kidul. Di antarana walungan Ciberang, Cilohparaga, Ciwatukura (nu kadua jelas praga atawa progo, lwah=walungan), walungan Bagawanta nu ayeuna jadi Bogowonto=kami pandita anjeun. Teu jauh ti huluwotana di desa Watukura. Nu kapanggih Watukura teh tempat kuno nu kapanggih aya prasasti Raja Balitung (taun 900 Saka) nya eta Tuhan (ngawasa) ti Watukura. 

Dina Nagarakrtagama disebutkeun yen di Watukura aya pandita budha, dina abad ka 14-15, ngaran eta walungan ge asalna ti dinya. Ngaran walungan mimiti aya wetaneun Progo, disebut Berang, bisa diidentifikasi jeung Bedog anak walungan Progo, sabab eta dua ngaran hartina peso paneukteuk.

Bujangga Manik, sanggeus ngaliwat Berang, tuluy Taji, Janawi, Wedi, Singapura, jeung Maram (Mataram?). Wedi jadi desa kasohor, mengkolna teu jauh ti Klaten kidul, hartina Taji lain desa nu deukeut Prambanan, tapi mangrupa kaca-kaca wetan jalann ka karaton Mataram. Datang ti wetan ka kulon, kuduna Wedi heula kakara Taji.  Sabab Wedi ayana di deukeut Solo, Wonosari jeung Delangu. 

Sakumaha nu nyampak dina naskah/teks, yen dina jajaran saterusna  leumpang ka sisi kidul gunung Marapi, ngan sanggeus Janawi mengkol ka kulon-kaler, hartina walungan/bengawan Solo nyagak di tempat nu teu jauh ti kiduleul kota Solo kiwari, bukti yen Solo teu jauh ti kuloneun Taji.

Aya nu matak panasaran mun nyanghareupan wilayah kiduleun gunung Merapi, aya ngaran nu teu lumrah, nya eta Maram, kawasna korupt tina MATARAM. Kawasna ieu mangrupa salinan kadua tina naskah asli. Sabab sacara aturan aya 8 bagian. Kabaca: Sadatang (a)ing ka Ma(ta)ram.  Hiji bakal mibanda referensi nu narik ati pikeun hiji kota sajarah penting, nu memang pernahna teu jauh ti Yogyakarta nu dina abad ka 17 aya karaton raja-raja Islam Mataram aya di kota nu disebut Ibukota karajaan Mataram. Ngaran ieu kota dipiwanoh ti abad ka 8, basa raja Sanjaya, pangeran Mataram (kuno?), jeung ti abad saterusna basa karaton aya di Bhumi Mataram, ti 14, 15 abad samemehna basa kulawarga karaton Majapahit, disebut Pangeran (bathara) Mataram. 

Hiji tempat nu disebut Singapura, teu kapanggih di ieu wewengkon, padahal nurutkeun naskah kudu aya di antara Wedi jeung Ma(ta)ram. Mungkin ieu hiji kota di abad pertengahan, asalna tina gelar saurang putri Sing(ha)pura di abad ka 15. Hal ieu ge kajadian di awal abad ka 10, mangrupa ngaran tempat (wanua Singhapura watak halu), Kota Singhapura aya di distrik Halu. 

Lajeng ka Bagean VIII

Sumber: Salakanagara
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment