Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Jampe-jampe kolot Baheula



Bisi budak hareeng
 

bismilahirohmanirohim
tiis batan cau kole di ala ku odeng-odeng
ceup tiis 3x
Nyarang Hujan
bismilahirohmanirohim
nini raspati jayaning angin
embah buyut dalem jaya kusumah,,,,

bari nahan nafas, baca 7 x

Jampe Nguseup

Nini beutekuk hulu
aki betekuk hulu
nu mondok di gowok cadas
sor blenong 3x
kirim aing cacing kuning
talina rantay emas
jol aing jolsia
ah lauk 3x

Arateul alatan tangkal anu merang

bismilahirohmanirohim
Hantu daun baruang tangkal
di ala ku sang kuda putih
hurip
waras !!!


Singlar Amun Arek Sare


Dug sira gumulung nyanghulu kasagara, nu njangka balangbangan, nyagigir kalingga manik, nangkarak ngalingga tarang, nangkuban turut bayuan, ulah katindih ku jangji, ulah katinggang subaya, istan
palias, istan
palias !!


Singlar Anu Jail Kaniaya

Tutup gedong kancing wesi
Dipager ku Sang Rumuhun
Ku Ratu anu ngajajar
Nay Ratu anu ngajejer
Anu ngajajar dina karang
Anu ngajejer dina lawang
Manusa tinggal ngadeg


Jampe Nyeri Beuteung

Sanjati tali ari2
Peujit pabeulit puseur pacangreud
Dibeungkeut kutali kincir
Dikeureut ku hinis putih
Tiis dingin tali purna
Hurip waras
Hurip waras
Hurip waras
Waras hurip!


Jampa Anu Gering 

Kaula deuk ngabuktikeun nu nulis diri, mukakeun wekasan badan Si…..(sebat ngaran nu gering nyambungka INDUNG BAPANA)
Asal cai anu putih
Lain cai anu putih
Ngaguruntul geus jadi balung
Ngagerentel geus jadi hate
Kaluhur embun-embunan
Kahandap jadi sari jadi rasa
ADI SARI MANGUN RASA…


Sumber: Salakanagara
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

4 comments:

  1. izin tulis dan ngamalin makasih

    ReplyDelete
  2. Terima kasih atas tulisan jampe jampe nya ini kalimat yang saya ingin memiliki akan saya amalkan
    Apakah perlu puasa

    ReplyDelete