0 Prabu Siliwangi cék Pleyte




Ti antara buku-buku karangan C. M. Pleyte, aya Raden Moending Laja di Koesoema: Een Oude, Soendasche Ridderroman “Radén Munding Laya di Kusumah: Roman Satria Sunda Buhun” wedalan Albrecht & Co, Batavia, taun 1906. Nu dipidangkeun dina ieu buku téh transkripsi carita pantun nu ngalalakonkeun Radén Munding Laya di Kusumah dina basa Sunda katut tarjamahanana dina basa Walanda. Méméh sup ka dinya, Pleyte ngabahas sababaraha perkara nu aya patalina kana tukang pantun katut carita pantun.

Dina bahasanana, Pleyte antarana nyieun catetan kaki ngeunaan Prabu Siliwangi anu remen disabit-sabit ku tukang pantun. Geura urang cutat:

      “Praboe Siliwangi wordt in nieuwere Soendasche sadjarah’s veeltijd de eerste en tevens de laatste koning van Padjadjaran genoemd. Evenwel is hij noch de een noch de ander geweest. Immers de Batoe toelis nabij Buitenzorg noemt als grondvester van Pakoean Padjadjaran Sri Sangratoe Dewata, terwijl een palmbladhandschrift, gedateerd de 3de maand 1440 Caka --- 1518 n. Chr., ons leert, dan Praboe Siliwangi toen reeds door toekang pantoen bezongen werd. Holle, K. F., Vlugtig berigt enz. in Tijdschr. V. Ind.- Taal-, Land- en Volkenkunde, dl. XVI, blz. 457.
            “Waar nu met vrij groote zekerheid mag aangenomen worden dat Pakoean pl. m. 1575 door Banten veroverd werd en wel door Pangeran Joesoef, later Maoelana Joesoef, kan dus Praboe Siliwangi niet de laatste heerscher over Padjadjaran geweest zijn. In de Serat Banten, die zeer uitvoerig over de inneming van Pakoean spreekt, XIX Kinanti en XX Doerma, treffen wij den naam Praboe Siliwangi dan ook niet aan, de toen der tijd regeerende koning wordt alleen verscheiden was, toen de Banteners onder het uitroepen der kalimat en sahadat al wat zich binnen de stad, na hun nachtelijke overrompeling, te weer stelde over den kling joegen.
            “Het meest waarschijnlijk komt ons voor dat Praboe Siliwangi nooit vorst over Padjadjaran geweest is, doch dat wij in hem te zien hebben Praboe Wangi, die volgens de Tjarita Parahijangan bij Boebat tegen Hayam Woeroek het leven liet. Brandes, J., Pararaton, blz. 134. Wijlen Holle, die de Pararaton niet heeft gekend, kwam reeds vroeger tot de overtuiging dat Praboe Siliwangi niemand anders is dan Praboe Wangi, de groot vader van voornoemden Sri Sangratoe Dewata, den stichter van Pakoean Padjadjaran, een meening die door nieuwere feiten slechts bevestigd wordt. Intusschen steit Holle zijn regeeringsperiode te vroeg: Praboe Wangi door hem als levend kort na het jaar 1000 A. D. aangenomen, sneuvelde in 1357 n. Chr. Holle, K. F. Nog een woord over den Batoe toelis. Tijdschr. v. Ind. Taal-, Land- en Volkenkunde, dl. XXVII, blz. 187.” (Pleyte, 1906: 10)

Pisundaeunna mah meureun kieu:

            “Prabu Siliwangi téh dina babakan sajarah Sunda nu leuwih anyar mah disebut raja Pajajaran nu munggaran tur nu pamungkas. Na kumaha, ongkoh raja nu ieu tapi raja nu itu deuih. Mémang, Batu Tulis deukeut Bogor nyebutkeun yén nu ngadegkeun Pakuan Pajajaran téh Sri Sangratu Déwata, ari naskah daun palem, anu titimangsana bulan ka-3 taun 1440 Caka --- 1518 Maséhi, nuduhkeun ka urang, yén Prabu Siliwangi téh harita gé geus disabit-sabit dina lalaguan tukang pantun. Holle, K. F., iber jsté. dina Tijdschr. V. Ind.- Taal-, Land- en Volkenkunde, nomer XVI, kaca 457.
            “Tah, ayeuna kalayan lumayan jinek bisa dilelebah yén Pakuan dina taun 1575 kaeréh ku Banten tur dikawasa ku Pangéran Yusuf, nu terus kaceluk Maulana Yusuf, tur ku kituna Prabu Siliwangi teu bisa disebut raja Pajajaran nu pamungkas. Dina Serat Banten, nu réa nyaritakeun dijoragna Pakuan, nya éta dina XIX Kinanti jeung XX Durma, urang terang  yén jenengan Prabu Siliwangi teu disabit-sabit di dinya, jadi harita geus réa raja séjénna nu maréntah, nalika urang Banten kalayan ngagedurkeun kalimah reujeung sahadat kabéh asup ka kota karajaan, sabada nyerang peuting-peuting, daratang deui sapakarangna-sapakarangna.
            “Nu pangmungkinna keur urang mah, tayohna, batan nyebutkeun yén Prabu Siliwangi teu kantos janten ratuna Pajajaran, lebih hadé urang ningali inyana minangka Prabu Wangi, nu numutkeun Carita Parahiangan palastra ku Hayam Wuruk di Bubat. Brandes, J., Pararaton, kaca 134. Ari Holle, nu teu uningaeun ka Pararaton, saméméhna kagungan anggapan yén Prabu Siliwangi téh taya sanés iwal ti Prabu Wangi, nyaéta éyangna Sri Sangratu Déwata nu ngadegkeun Pakuan Pajajaran téa, nya éta pamendak nu cikénéh diakurkeun kana kajadian nu kaguar sabadana. Ari jaman pamaréntahan nu disebutkeunana heubeul teuing: Prabu Wangi ku inyana disebutkeun jumeneng teu lami sabada taun 1000 A. D., tur pupusna dina taun 1357 Maséhi. Holle, K. F., katerangan lianna ngeunaan Batu Tulis.Tijdschr. v. Ind. Taal-, Land- en Volkenkunde, nomer XXVII, kaca 187.” (Pleyte, 1906: 10)

 Kitu cenah. Enya, cék Pleyte, lain cék nu narjamahkeun.

Bisi aya nu teu merenah, atawa papalingpang pisan, lebah tarjamahanana, nya tamada. Ti dituna gé sabrang salayan baé. Jajauheun asup ka cabé.***

[Lajengkeun...]


0 Panineungan Kang Uyan



Geus lila hayang nulis ieu teh. Ti basa nguping kang Uyan (Yan Asmi) pupus, Maret 2010 kapungkur. Tapi da kumaha atuh, karek ayeuna kaburuna. Keun bae lah nya. Hampura bae telat saeutik mah :).

Pangna kuring hayang nulis, aya dua sabab utama. Kahiji, kuring bisa disebut salah saurang fans na Kang Uyan. Ti leuleutik, jaman sok manggung d’Bodor keneh, kuring mindeng nongton mun pareng aya di TVRI. Mun geus aya trio Uyan, Kusye, UsUs teh sok manco panghareupna teu ngiceup-ngiceup.

Salian ti lucu, kataji ku nembangna deuih. Da eta pisan salah sahiji kaahlian Kang Uyan. Nembang bari nurutan penyanyi sejen, model Ebit (G Ade),(R) Oma Irama atawa Jamal Mirdad. Malah kungsi sababaraha kali d'Bodor ngaluarkeun album. Nu pangingetna nu judulna (asana mah) “Jambu Monyet.” Nu tungtungna teh Kang Kusye nanya, “Kalo jambu monyet, mana monyetnya?” “Ya kamu monyetnya,” tembah Kang Uyan jeung Bah Us Us bareng. Apal baheula mah. Ayeuna? Inget etana wungkul. Haha.

Ti leuleutik geus resep, atuh puguh we basa kaparengkeun papanggih teh atoh kacida. Ngan sanajan ngefans oge, teu jiga ABG ayeuna nu heboh. Kuring mah rada jaim. Jadi biasa bae, atohna na jero hate wungkul :). Harita bisa nempo langsung Kang Uyan teh basa aya penyuluhan di Ciwidey. Kang Uyan nu kapeto jadi artisna.

Satuluyna kuring kungsi sababaraha kali aya gawean jeung anjeunna. Tah ieu mah nyambung ka sabab anu kadua: kuring boga sababaraha carita mandiri jeung Kang Uyan teh. Kieu geura.

Harita, basa kuring dines di Bandung, sababaraha kali kantor tempat kuring gawe manggil Kang Uyan manggung. Boh jadi MC atawa ngabodor. Nya nu sok kapapancenan bagean nguruskeun teh kuring pisan. Ti ngajemput, nganteur ka lokasi, konsumsi nepi ka mayar honor. Ke saeutik cuang ngobrolkeun perkara konsumsi heula. Sabab dina perkara ieu aya oge nu kuring inget ti Kang Uyan teh.

Hiji mangsa kuring nganteur Kang Uyan jeung rombongan ka Pangalengan. Ku sabab geus waktuna dahar, nya di jalan ku kuring rombongan teh disimpangkeun ka hiji rumah makan di daerah Banjaran. Pas harita usum peuteuy. Horeng ieu salah sahiji kalandep Kang Uyan. Ningal peuteuy nu barolotot ngagarantung, anjeunna kop sapapan bari langsung: ditambul, atah-atah.

Aya deui carita nu moal kuring poho. Nyeta soal honor. Ieu oge basa tos mentas di Pangalengan, ngan lain waktu asana mah. Harita kuring kapapancenan ngabagikeun honor ka kabeh pengisi acara. Kaasup Kang Uyan, nu harita kapeto jadi MC. Ti samemehna duit geus disiapkeun, diasupkeun kana amplop, diteundeun di saku belah kenca. Sedengkeun, di beh katuhu dipesakkan oge amplop kosong pikeun cadangan. Da sok ngadadak butuh.

Beres acara, saperti biasa kuring nepungan Kang Uyan bari nganuhunkeun. Sor, amplop nu geus disiapkeun teh dibikeun. “Ieu aya kagegelan saalit,” ceuk kuring basa-basi bari salam tempel. Ku kang Uyan ditampa bari nyarita heureuy, “His, tong sok kitu ah, isin,” cenah bari mesakkan amplop. Aman, ceuk kuring dina hate. Pancen geus dilakonan, kuring amitan da aya keneh bayareun.

Geus sabaraha lila, karek kuring nyadar yen di saku kenca nyesa amplop. Barang dirampa karasa kandel. “Astagfirulloh!” kuring reuwas. Horeng tadi salah mikeun. Nu dibikeun ka Kang Uyan teh tetela… amplop kosong. Da nu eusian mah aya keneh.

Satengah lumpat kuring balik ka tempat tadi. Hadena, Kang Uyan aya keneh, keur ngobrol jeung sababaraha tamu. Bari ngaleng kanu rada suni kuring sanduk-sanduk. “Duh, hapunten Kang Uyan. Tadi lepat masihkeun. Nu eta mah kosong,” ceuk kuring bari rada era. Demi Kang Uyan kalah mesem. “Naha atuh, da karasa ti tadi ge ipis,” cenah.

Tos sataun leuwih Kang Uyan ngantunken. Mugia anjeunna dipasihan tempat anu bagja di dituna tur digampilkeun sagala urusanna. Aamiin.
[Lajengkeun...]


0 Raden Dewi Sartika



Dewi Sartika dibabarkeun ti kulawarga ningrat Sunda, Nyi Raden Rajapermas jeung Raden Somanagara. Sanajan ngalanggar tetekon mangsa harita, sepuhna keukeuh nyakolakeun Dewi Sartika ka sakola Walanda. Sabada ramana pupus, Dewi Sartika dirawatan ku pamanna (lanceuk ibuna) nu janten patih di Cicalengka. Nya ti ingkang paman, anjeunna meunang atikan ngeunaan kasundaan, sedengkeun wawasan kabudayaan Barat kenging ti saurang nyonya Asisten Residen urang Walanda.

Bakat ngajar

Ti leuleutik, Dewi Sartika geus nunjukkeun bakat ngajarna jeung kapengkuhan hate dina ngahontal sagala nu dipikahayang. Bari arulin di tukangeun gedong kapatihan, anjeunna sok ulin sasakolaan, ngajar maca-nulis, jeung basa Walanda, ka budak rencang-rencang di kapatihan. Papan bilik kandang kareta, areng, jeung potongan kenteng nu dijadikeun alat bantu anjeunna ngajar.

Dewi Sartika karek nincak umur sapuluh taun, basa Cicalengka ibur ku kamampuh maca-nulis jeung sababaraha hiji kecap basa Walanda nu ditunjukkeun ku barudak rencang-rencang kapatihan. Ibur, kusabab di waktu harita can loba barudak (komo budak somah) nu boga kamampuh jiga kitu, katambah nu ngajarna teh budak awewe pisan.

Nincak Rumaja

Nincak rumaja, Dewi Sartika mulang ka ibuna di Bandung. Jiwana nu beuki dewasa ngadorong anjeunna ngawujudkeun sagala nu dicita-citaeun. Katambah meunang pangrojong ti ingkang paman, Bupati Martanagara, nu oge ngagaduhan cita-cita nu sarua. Tapi, sanajan ngabogaan pamadegan nu sarua jeung ingkang paman, teu ngajadikeun ibu Dewi bisa laluasa ngawujudkeun cita-citana. Tetekon nu meungkeut kaum wanoja dina waktu harita, ngajadikeun ingkang paman ngarasa rempan. Tapi ku kapengkuhan tekad jeung sumangetna nu teu weleh ngagedur, nya ahirna Dewi Sartika bisa ngayakinkeun ingkang paman mere idin pikeun ngadegkeun sakola wanoja.

Jatuk rami


Dina taun 1906, Dewi Sartika jatuk rami jeung Raden Kanduruan Agah Suriawinata nu tetela ngabogaan pamadegan jeung cita-cita nu sarua. Anjeunna saurang guru di Sakola Karang Pamulang nu harita ngarupakeun Sakola Latihan Guru.

Ngadegkeun Sakola

Ti taun 1902, Ibu Dewi Sartika geus ngarintis pangajaran jang kaum wanoja. Di hiji rohangan leutik, tukangeun rorompok ingkang ibu di Bandung, Dewi Sartika ngajar di hareuprun anggota kulawargana nu wanoja. Nu diajarkeun harita nyaeta palajaran ngarenda, masak, ngajait, maca, nulis, jeung sajabana.

Sabada menta idin ka Bupati R.A. Martenagara, dina 16 Januari 1904, ibu Dewi Sartika ngadegkeun Sakola Istri nu munggaran sa-Hindia-Walanda. Nu ngajarna tiluan; Dewi Sartika, dibantuan ku dua dulur misanna, Nyi Poerwa jeung Nyi Oewid. Murid-murid angkatan kahiji jumlahna 20 urang, ngagunakeun rohangan pendopo kabupaten Bandung.

Sataun saterusna, di 1905, kelasna nambahan, nepi ka tuluy pindah ke Jalan Ciguriang, Kebon Cau. Tempat anyar ieu dibeuli ibu Dewi Sartika ngangge tabungan pribadina, sarta bantuan dana pribadi ti Bupati Bandung. Lulusan kahiji diistrenan di taun 1909, ngabuktikeun ka bangsa urang yen wanoja oge ngabogaan kamampuh nu taya bedana jeung lalaki. Taun 1910, ngagunakeun harta pribadina, sakolana direhab nepi ka bisa leuwih nyumponan pasaratan kalengkepan sakola formal.

Dina taun-taun saterusna di sabaraha tempat di wewengkon Pasundan ngadeg sababara hiji Sakola Istri, utamana nu dijeujeuhkeun ku para wanoja Sunda nu boga cita-cita sarua jeung ibu Dewi Sartika. Dina taun 1912 kacatet ngadeg salapan Sakola Istri di kota-kota kabupaten (satengahma tina jumlah kota kabupaten satatar Pasundan).

Nincak umur ka-sapuluh taun, di taun 1914, sakolana ganti ngaran jadi Sakola Kautamaan Istri. Kota-kota kabupaten wewengkon Pasundan nu can ngabogaan Sakola Kautamaan Istri ngan kari tilu/opat. Sumanget ieu oge meuntas ka Bukittinggi. Di ditu, Sakola Kautamaan Istri diadegkeun ku Encik Rama Saleh. Sakuliah Pasundan jangkep ngabogaan Sakola Kautamaan Istri di unggal kota kabupatenna dina taun 1920, ditambah sababaraha hiji nu ngadeg oge di kota kawadanaan.

Dina bulan September 1929, Dewi Sartika ngayakeun pangeling-eling ngadegna sakola nu nincak ka 25 taun, nu saterusna ganti ngaran jadi "Sakola Raden Déwi". Ku jasana di widang ieu, Dewi Sartika dipaparinan bentang jasa oleh pamerintah Hindia-Walanda.

Pupus

Dewi Sartika pupus 11 September 1947 di Tasikmalaya, sarta dimakamkeun ngangge hiji upacara nu basajan di pamakaman Cigagadon-Desa Rahayu Kacamatan Cineam. Tilu taun ti harita dimakamkan deui di kompleks Pamakaman Bupati Bandung di Jalan Karang Anyar, Bandung.
[Lajengkeun...]


1 Surat Ti Reungit



KULIAH jam 2 teh, kuliah pang teu purun-purunna. Mun kongang mah hayang ngaguher we di asrama. Heu pan waktu tutunduhna tateh. Waktu pangeunah-ngeunahna sare. Ngan ku sabab katalian ku tanggungjawab ti nu jadi kolot, nu geus tihothat beurangpeuting ngarah budakna bisa jadi sarjana, nya kapaksa kuring nguat-nguat maneh. Bari jeung angger we di kelas mah ngadon… nundutan.

Ari diuk, biasa di pangtukangna bae. Meh laluasa nundutan tea. Ngarah teu katohyan teuing ku juragan dosen. Lain sieun, ngan karunya we. Maenya manehna cape2 nerangkeun ari mahasiwahna kalah sare. Pan matak nyeri hate. 

Di gigireun, geus saged jang Egar urang Karawang, sobat saperjuangan nu lumayan rada leuwih rajin nyatet batan kuring. Tara digurah-geureuh. Malah dirojong pisan, meh ke mun usum ujian bisa nginjeum. Teu kudu motokopi loba teuing ka neng Wineu. Pan lumayan ngirit.

Keur anteng ngararasakeun katunduh, hiunghiung aya nu ngaguruh na deukeut ceuli. Rikat ditewak. Horeng reungit badag pisan. Geus paeh. Awakna gepeng pedah dirames satarikna ku kuring.

Nempo layon sakadang reungit, ujug2 boga ideu jang miceun tunduh. Ret ka hareup, katembong neng Lita, mojang lenjang urang Sukabumi, keur manco ngadengekeun dongeng juragan dosen. Hahay… mangsa tah, cekeng teh. Ret ka gigireun, kai Egar keur cutatcatet. Tuluy di toel bari ngaharewos.

“Tulis, Gar!” ceuk kuring.

“Naon?” ceuk manehna, teu ngarti mimitina mah.

“Pokona tulis we nu kuurang diomongkkeun!” ceuk kuring maksa.

Teu loba tatanya deui Si Egar tret weh nyatet sakabeh nu ku kuring diomongkeun. Geus beres kertasna disoeh, ditileptilep dijieun aamplopan. Luhurna di tulisan: TO LITA, cenah ngajeblag . Terahir sup, layon sakadang reungit diasupkeun kana amplop. Tuluy dipapaykeun ka hareup.

Teu hese, eta surat teh nepi ka nu dituju. Langsung dibuka ku jinisna nu katempo tuluy rungah-ringeuh narima surat aneh teh. Jigana bingung, reuwas, keuheul campur… geuleuh. 

Kuring jeung si Egar tingcikikik, nyerangkeun di tukang. Tunduh teh leungit teu sakarakara.

Nepi ka bubar kuliah teu ngaku. Pas rek balik kakara bebeja yen eta surat teh meunang nyieun duaan. “Pantesan,” cenah. “Geus nyangka, ngan tulisanna beda.” Kuring nyerengeh.

Ari surat teh eusina kieu:

KU KIRIMKAN SEGENAP HATIKU BERSAMA BANGKAI NYAMUK INI
KUINGIN KAU TAHU BETAPA BESAR CINTAKU PADAMU
JANGAN KAU TENDANG KARENA HATIKU AKAN TERBUANG
USAH KAU HEMPAS KARENA JIWAKU AKAN KANDAS
MAKANLAH KESELURUHANNYA
AGAR JIWA KITA MENYATU SELAMANYA

Komentar si Egar pas beres nulis eta surat: “Bisaan maneh euy,” cenah.

Haha… uing!
[Lajengkeun...]


0 Ngeblog Deui



GEUS lila teu ngeblog. Mangbulan- bulan henteu. Terakhir di blog ieu teh bulan desember taun 2009. jadi geus ampir dalapan bulanan.

Ari nu ngalantarankeunana mah biasa, kasibukan. Ongkoh deui pan ayeuna mah ngetrend keneh pesbukan batan ngeblog. Pesbukan mah gampang. Teu jiga ngeblog nu kudu mikir sabab kudu nulis nu rada panjang, pesbukan (jeung twiteran) mah teu kudu. Ukur hiji dua kecap jadi.

Tapi dua minggu kamari mah mimiti kabita deui. Malah nyoba-nyoba nyieun blog anyar basa inggris sagala. Nyeta forestryandgis.blogspot.com Ieu blog eusina ngeunaan widang kahutanan (nyeta widang kuring gawe) hususna dina hubunganna jeung sistim informasi geografis atawa penginderaan jauh.

Ti saprak pindah ka perencanaan, kuring memang ngarasa kudu leuwih neuleuman ieu widang. Salian ti penting jang nunjang pagawean kuring, oge aya sari-sari resep deuih. Rada aneh, sabab baheula mah pas kuliah henteu pati katarik. Jadi teu pati neuleuman. 



Ku sabab euweuh guruna, nya diajar teh otodidak wae. Neangan sumber-sumber tina internet. Tah ku sok neangan bahan-bahan tea, jorojoy hayang "ngadokumentasikeun" dina hiji blog. Pikiran teh salian ti meh teu gancang poho, oge bisi aya batur nu jiga kuring hayang diajar bisa milu ngamanfaatkeun.  Naha make bahasa inggris.  Eta ge diajar.  Sugan ari remen maca mah gancang bisana :).

Horeng dunya perblogan teh geus maju jauh ayeuna mah. Teu jiga basa kuring ngamimitian di taun 2005-an. Nu paling karasa nyeta ku gampangna. Baheula mah nu hayang ngeblog teh kudu ngarti bahasa html, meh bisa nyeiun template nu rada alus, ayeuna mah teu kudu. Asal bisa muka internet, tangtu bisa. Template na ge pabalatak, aralus. Sok komo bahasa pangantar blogger.com nage ku bahasa indonesia ayeuna mah.

Tren jalma-jalma nu ngareblog ge geus beda. Baheula, blog teh umumna media ekspresi si blogger, nu eusina murni tina kereteg hate. Ayeuna mah geus loba jadi alat komersil, jang neangan duit. Komo basa google ngaluarkeun adsense mah. Beuki loba jalma nu ngadadak ngeblog pedah hayang meunang duit tina internet. Jadi geus teu murni nu resep nulis deui.

Tapi teu kunanaon ketang. Da geus jamanna. Malah kuring ge asa rada-rada kabita. Nya saha nu nyaho, bari nyalurkeun karesep, meunang duit. Pan lumayan tah :). Nu matak, template ieu blog ge dirobah ku nu rada-rada SEO friendly. Meh blog urang gampang kaindeks ku situs pencari samodel google, bing jeung yahoo.

Nu penting di blog ieu mah nyeta sumangetna.  Sumangetna tetep pikeun ngalestarikeun bahasa sunda, sunda jeung kasundaan, hususna di dunya maya. Mudah-mudahan we katanagaan.

Cag heula ah.
[Lajengkeun...]


2 Singa Gunung Babakan



MAKAM teh aya di tempat nu rada luhur. Barang srog ka “lawangna”, di sisi Jalan Siliwangi nu ngabalungbang, urang langsung disanghareupkeun ka tetecean nu lumayan netek. Tapi da teu panjang. Ukur memenitan, tur teu ngesang-ngesang acan ge jigana nepi. Katempo plangna warna bodas jieunan Disbudpar nu geus nyengsol. "Makam Dalem Prabu Singaperbangsa," pokna. Bari dituluykeun ku nyebutkeun salah sahiji pasal tina Undang-undang Pelestarian Cagar Budaya.

Aya dua makam ngarendeng, dilingkung ku pager beusi jieunan beh dieu jeung tatangkalan galede nu rajeg mawa sima. Ku sabrehan ge katempo yen makam teh lain makam samanea. Salian ti babatuanna nu lukutan kandel, cirining umurna geus heubeul pisan, oge ku ukuran jeung bentuk eta makam nu beda jeung makam-makam biasa.

Makam nu hiji leuwih gede batan hijina deui. Nu gede tangtuna ge makam Kangjeng Dalem. Sedeng nu hiji deui duka nu saha. Bisa jadi garwana, matak direndengkeun oge. Hanjakal teu kungsi panggih jeung kuncen, jadi teu bisa tetelepek. Ukur bisa maca tutulisanna nu ditapelkeun dina saung nu aya gigireun makam handapeun batu nu ngajegir sagede mobil beus, nu wanti-wanti majar tong ngaganggu kana barang-barang nu aya sabudeureun eta. Nguriling ka belah katuhu, handapeun batu aya hiji deui saung teh. Nu ieu mah nyanghareupan hiji celah batu (guha), nu jigana sering dipake nyepi. Di dinya ge aya tutulisan nu sarua.

***

Ti saprak nyaho yen di wewengkon Gunung Babakan aya situs makam Dalem Prabu Singaperbangsa kuring memang jadi rada panasaran. Panasaran, kusabab tokoh Singaperbangsa teh hiji tokoh nu historis, dina harti kacatet resmi dina sajarah formal, lain ukur tina dongeng atawa legenda. Hanjakalna teu pareng bae. Karek minggu kamari bisa teh. Padahal da teu jauh. Keur mah lokasina memang asup ka wewengkon leuweung nu ayeuna jadi tanggungjawab kuring.

Nurutkeun situs resmi pemkab Karawang mah, Singaperbangsa teh jenengan bupati Karawang anu kahiji, nu jumeneng di abad XVII, jaman tatar Sunda kaereh ku Mataram. Anjeunna diistrenan bupati ku Sultan Agung dina taun 1633, tur pupus dina taun 1677. Makamna aya di Desa Manggung Jaya Kacamatan Cilamaya, kurang leuwih 40 km ti pusat kota Karawang, nu matak katelah oge Eyang Manggung. Kiwari, jenenganana diangge jadi ngaran universitas jeung stadion olahraga di Karawang

Naha geuningan di Banjar ge aya makam Dalem Singaperbangsa? Naha aya hubunganna?

Aya cenah mah. Nurutkeun sababaraha sumber nu ku kuring dikotektak, Kangjeng Adipati Singaperbangsa nu jadi bupati munggaran Karawang teh, bibit buitna mah memang ti Galuh. Persisna ti hiji tempat nu ngaranna Kertabumi. Nu matak basa dibenum jadi Bupati Karawang ku Sultan Agung ge gelarna teh Adipati Kertabumi IV.

Ari Kertabumi, asalna hiji karajaan leutik di tatar Galuh nu ngadeg di tungtung Abad 16. Nurutkeun Buku Sejarah Ciamis nu diterbitkeun ku Pemkab Ciamis bareng LPPM Universitas Galuh taun 2005 mah, sabada runtagna karajaan Sunda Pajajaran di taun 1579 ku serangan tentara Banten, karajaan Galuh, nu masih mertahankeun corak Hindu, ngadeg merdeka nepi ka taun 1595, tur rajana jenengan Prabu Maharaja Sanghiyang Cipta di Galuh. Puseur karajaanna aya di Cimaragas.

Dina taun 1595, pangaruh pulitik Mataram nepi ka Tatar Galuh. Tapi Panembahan Senapati, nu harita masih sibuk nalukkeun wilayah-wilayah Jawa basisir, can pati negeskeun kakawasaannana. Dina harti, karajaan-karajaan di tatar priangan, kaasup Galuh, masih diaku salaku hiji karajaan, can jadi bagean langsung pamarentahan Mataram. Hal ieu dicirikeun ku para pangawasana nu masih keneh make gelar prabu atawa maharaja.

Taun 1610 Maharaja Sanghiyang Cipta mangkat, tur diganti ku putrana, Prabu Galuh Cipta Permana, nu satuluyna mindahkeun puseur kakawasaan ka Gara Tengah (Cineam ayeuna). Beda jeung ramana nu masih ngagem agama karuhun, Prabu Galuh Cipta Permana mah tos ngagem Islam sabab nikah ka putri maharaja Kawali nu tos Islam samemehna.

Salian ti Gara Tengah, di wilayah tatar Galuh, aya oge sababaraha hiji puseur kakawasaan daerah (karajaan leutik), diantarana Kawasen (Banjarsari ayeuna) nu dirajaan ku, Sanghyang Permana, putra Prabu Maharaja Sanghiyang Cipta nu bungsu, jeung, Kertabumi tea, nu dirajaan ku Rangga Permana (putra Prabu Gesan Ulun ti Sumedang, minantu Prabu Maharaja Sanghiyang Permana) nu gelarna Prabu di Muntur. Situs patilasan karajaan Kertabumi aya di Dusun Bundar Desa Kertabumi kacamatan Cijeungjing Ciamis.

Basa Sultan Agung (1613 – 1645) naek tahta, karajaan Mataram mulai ngareorganisir wilayah kakawasaanna di Priangan. Karajaan-karajaan nu jadi vassalna turun darajat jadi ngan ukur satingkat kabupatian. Gelar para pangawasana ge lain prabu atawa maharaja deui, tapi cukup adipati. Harita nu jadi pangawasa di Galuh teh Adipati Panaekan (1618 – 1625), putra Prabu Galuh Cipta Permana, nu masih nyakrawati di Gara Tengah. Anjeunna diangkat salaku wadana Bupati Mataram di tatar Galuh. Sedengkeun nu jadi bupati di Kertabumi, nyeta Singaperbangsa (sebut we Singaperbangsa I), putra Prabu di Muntur, nu katelah Dipati Kertabumi III. Puseur kakawasaan Kertabumi di jaman Singaperbangsa I, cenah, geus pindah ka Bojonglopang, Banjar kolot ayeuna, nu matak disebut oge Kabupaten Bojonglopang.

Dina sababaraha sumber disebutkeun yen Singaperbangsa teh adi iparna Panaekan. Tapi mun ditengetan tina silsilahna mah, nu bener jigana Panaekan ka Singaperbangsa teh kapilanceuk. Sabab Singaperbangsa teh putra Tanduran di Ageung, lanceuk Prabu Cipta Permana, ramana Panaekan. Duka mun Singaperbangsa oge nikah ka adi Panaekan mah. Kuring can manggih sumberna.

Dina taun 1625, Sultan Agung mulai ngaluarkeun wacana rek ngagempur puseur kakuatan Kumpeni (VOC) di Batavia, nu tangtuna oge ngalibatkeun pasukan ti tatar Sunda. Hal ieu jadi sumber pacogregan antara Panaekan jeung Singaperbangsa. Panaekan, ceuk sababaraha sumber, sapamadegan jeung Dipati Ukur, nu hayang geuwat-geuwat nyerang samemeh VOC beuki kuat. Sedengkeun nurutkeun Singaperbangsa can waktuna. Anjeunna sapamadegan jeung Rangga Gempol I (Bupati Sumedang, nu oge pamanna), nu leuwih satuju ngawangun heula kakuatan pasukan samemeh mutuskeun perang.

Duka kumaha 'kostelasi' pulitik jaman harita. Nu jelas, eta pacogregan teh tetela ngagedean, tug nepi ka ngalantarankeun tiwasna Panaekan ku Singaperbangsa. Ceuk ujaring carita, sabada ditelasan, layon Panaekan dipalidkeun ka walungan Cimuntur, tur kapanggih di wewengkon Karang Kamuliyan, nu satuluyna dikurebkeun di dinya. Panaekan diganti ku putrana nu katelah Dipati Imbanagara (1625 – 1636).

Serangan wadyabalad Mataram ka Batavia jadi dilaksanakeun dina taun 1628 jeung 1629, nu dua-duana gagal.

Ngaran Singaperbangsa disebut-sebut deui dina taun 1632. Harita Sultan Agung nugaskeun anjeunna jeung 1000 urang rahayat ti Kertabumi pikeun ngamankeun daerah Karawang tina gangguan tentara Banten, sakaligus nyiapkeun logistik dina waktuna serangan ka Batavia nu satuluyna (nu teu pernah kalaksanakeun nepi ka pupusna Sultan Agung). Eta tugas tetela bisa dicumponan kalawan nyugemakeun. Dina taun 1633 Singaperbangsa diangkir ka Mataram pikeun meunang panghargaan ti Sultan Agung mangrupa keris nu ngaranna "karosinjang."

Tah, basa mulang ti Mataram sanggeus narima penghargaan tea, Singaperbangsa boga maksud nyimpang heula ka Galuh. Jigana anjeunna ngaraos sono ka lembur jeung dulur-dulurna di Kertabumi. Kersaning Pangeran, Dalem Singaperbangsa teu kantos mulih deui ka Karawang. Di perjalanan, anjeunna pupus tur dikurebkeun di Galuh. Kalungguhan di Karawang dituluykeun ku putrana nu katelah Singaperbangsa oge (Singaperbangsa II) nu gaduh gelar Adipati Kertabumi IV. Nya ieu nu dianggap Bupati Karawang kahiji dina sajarah resmi, nu makamna di desa Manggungjaya tea.

Jadi nu di Gunung Babakan? Lamun milu kana rundayan carita di luhur, kuat sangkaan yen eta teh makamna Kangjeng Dalem Singaperbangsa nu pupus di Galuh tea (Singaperbangsa I), ramana Singaperbangsa II nu dikurebkeun di Manggung Jaya. Dina sumber nu kakotektak memang teu disebutkeun dimana persisna anjeunna dikurebkeun, ngan ukur aya katerangan pupus tur dimakamkeun di Galuh. Bener henteuna, wallohu alam. Nu jelas, di daerah Banyumas oge (nu notabene baheulana masih kaasup tatar Galuh keneh) cenah aya hiji kompleks pamakaman kuno Panembahan Singaperbangsa. Duka Singaperbangsa nu mana deui, ngan cenah nu eta mah pupusna di jaman Amangkurat I (Sunan Tegal Arum), nu hartina di taun 1650-an.

***

Kiwari jalan Siliwangi dilegaan. Tapi lebah situs makam mah, pamarentah kota teu wani ngaganggu, sanajan ayana dina pengkolan pisan. Duka pedah ngahormat ka situs makam sang Dalem, duka pedah lokasina memang batu nu hese ditugarna. Tapi cenah, aya nu ngadongeng, basa rek nyoba ngagaru batu cadas handapeun makam, beko nu boga kontraktorna ngadak-ngadak macet jiga aya nu metot. Ki mandor nu nganteur kuring oge ngaku kungsi nempo belegedegan singa (singa bener ieu mah) di eta wewengkon peuting-peuting. Bener henteuna duka tah.

Cag!
[Lajengkeun...]


 
Kaluhur Copyright © 2010 | Platinum Theme Converted into Blogger Template by HackTutors