Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Jéger Insyaf


Poé Jumaah jalma geus karumpul di masjid. Jarum jam geus nunjukeun angka 12. Hawar-hawar sora adzan ti lembur peuntas. Sedengkeun di  masjid ieu can aya baé. Ketua DKM luak-lieuk néangan muadzin. Jigana teu datang aya halangan. Jamaah silih toél maksudna nitah adan ka babaturannana. Mugen papada embung. Adzan di lembur peuntas ampir bérés, di dieu can aya nu adzan.

Jung nangtung si Komar, jéger kampung. Gidig leumpang bari dodongkoan ka hareupeun mimbar. Kerewek mik spéker dicekel.

Kabéh jamaah kagét campur hariwang si Komar ngaco adzanna. Teu aya nu wani ngahulag, jéger kampung téa atuh.

Celengkeung si Komar adzan. Teu sangka alus kacida sorana, tajwid makhrojna écés pisan. Jamaah olohok. "Alus euy sora si Komar téh....teu nyangka uing mah.." ceuk salah saurang jamaah.

Jigana eta pujian teh kadéngé ku si Komar, nu keur adzan téa. Atuh si Komar "ngaréspon" kana éta pujian bari tetep mik spéker mah dicekel kénéh,

"Aing téaaa.... anjing ...adzan mah bisa ti leuleutik...!" cenah.

*gambar: poto Kang Komar "Preman Pensiun"
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook