IBU Rd. Dewi Sartika dibabarkeun ti kulawarga ningrat Sunda, Nyi Raden Rajapermas jeung Raden Somanagara. Sanajan ngalanggar tetekon mangsa harita, sepuhna keukeuh nyakolakeun Dewi Sartika ka sakola Walanda. Sabada ramana pupus, Dewi Sartika dirawatan ku pamanna (lanceuk ibuna) nu janten patih di Cicalengka. Nya ti ingkang paman, anjeunna meunang atikan ngeunaan kasundaan, sedengkeun wawasan kabudayaan Barat kenging ti saurang nyonya Asisten Residen urang Walanda.
Bakat ngajar
Ti leuleutik, Dewi Sartika geus nunjukkeun bakat ngajarna jeung kapengkuhan hate dina ngahontal sagala nu dipikahayang. Bari arulin di tukangeun gedong kapatihan, anjeunna sok ulin sasakolaan, ngajar maca-nulis, jeung basa Walanda, ka budak rencang-rencang di kapatihan. Papan bilik kandang kareta, areng, jeung potongan kenteng nu dijadikeun alat bantu anjeunna ngajar.
Dewi Sartika karek nincak umur sapuluh taun, basa Cicalengka ibur ku kamampuh maca-nulis jeung sababaraha hiji kecap basa Walanda nu ditunjukkeun ku barudak rencang-rencang kapatihan. Ibur, kusabab di waktu harita can loba barudak (komo budak somah) nu boga kamampuh jiga kitu, katambah nu ngajarna teh budak awewe pisan.
Nincak Rumaja
Nincak rumaja, Dewi Sartika mulang ka ibuna di Bandung. Jiwana nu beuki dewasa ngadorong anjeunna ngawujudkeun sagala nu dicita-citaeun. Katambah meunang pangrojong ti ingkang paman, Bupati Martanagara, nu oge ngagaduhan cita-cita nu sarua. Tapi, sanajan ngabogaan pamadegan nu sarua jeung ingkang paman, teu ngajadikeun ibu Dewi bisa laluasa ngawujudkeun cita-citana. Tetekon nu meungkeut kaum wanoja dina waktu harita, ngajadikeun ingkang paman ngarasa rempan. Tapi ku kapengkuhan tekad jeung sumangetna nu teu weleh ngagedur, nya ahirna Dewi Sartika bisa ngayakinkeun ingkang paman mere idin pikeun ngadegkeun sakola wanoja.
Jatuk rami
Dina taun 1906, Dewi Sartika jatuk rami jeung Raden Kanduruan Agah Suriawinata nu tetela ngabogaan pamadegan jeung cita-cita nu sarua. Anjeunna saurang guru di Sakola Karang Pamulang nu harita ngarupakeun Sakola Latihan Guru.
Ngadegkeun Sakola
Ti taun 1902, Ibu Dewi Sartika geus ngarintis pangajaran jang kaum wanoja. Di hiji rohangan leutik, tukangeun rorompok ingkang ibu di Bandung, Dewi Sartika ngajar di hareuprun anggota kulawargana nu wanoja. Nu diajarkeun harita nyaeta palajaran ngarenda, masak, ngajait, maca, nulis, jeung sajabana.
Sabada menta idin ka Bupati R.A. Martenagara, dina 16 Januari 1904, ibu Dewi Sartika ngadegkeun Sakola Istri nu munggaran sa-Hindia-Walanda. Nu ngajarna tiluan; Dewi Sartika, dibantuan ku dua dulur misanna, Nyi Poerwa jeung Nyi Oewid. Murid-murid angkatan kahiji jumlahna 20 urang, ngagunakeun rohangan pendopo kabupaten Bandung.
Sataun saterusna, di 1905, kelasna nambahan, nepi ka tuluy pindah ke Jalan Ciguriang, Kebon Cau. Tempat anyar ieu dibeuli ibu Dewi Sartika ngangge tabungan pribadina, sarta bantuan dana pribadi ti Bupati Bandung. Lulusan kahiji diistrenan di taun 1909, ngabuktikeun ka bangsa urang yen wanoja oge ngabogaan kamampuh nu taya bedana jeung lalaki. Taun 1910, ngagunakeun harta pribadina, sakolana direhab nepi ka bisa leuwih nyumponan pasaratan kalengkepan sakola formal.
Dina taun-taun saterusna di sabaraha tempat di wewengkon Pasundan ngadeg sababara hiji Sakola Istri, utamana nu dijeujeuhkeun ku para wanoja Sunda nu boga cita-cita sarua jeung ibu Dewi Sartika. Dina taun 1912 kacatet ngadeg salapan Sakola Istri di kota-kota kabupaten (satengahma tina jumlah kota kabupaten satatar Pasundan).
Nincak umur ka-sapuluh taun, di taun 1914, sakolana ganti ngaran jadi Sakola Kautamaan Istri. Kota-kota kabupaten wewengkon Pasundan nu can ngabogaan Sakola Kautamaan Istri ngan kari tilu/opat. Sumanget ieu oge meuntas ka Bukittinggi. Di ditu, Sakola Kautamaan Istri diadegkeun ku Encik Rama Saleh. Sakuliah Pasundan jangkep ngabogaan Sakola Kautamaan Istri di unggal kota kabupatenna dina taun 1920, ditambah sababaraha hiji nu ngadeg oge di kota kawadanaan.
Dina bulan September 1929, Dewi Sartika ngayakeun pangeling-eling ngadegna sakola nu nincak ka 25 taun, nu saterusna ganti ngaran jadi "Sakola Raden Déwi". Ku jasana di widang ieu, Dewi Sartika dipaparinan bentang jasa oleh pamerintah Hindia-Walanda.

Pupus
Dewi Sartika pupus 11 September 1947 di Tasikmalaya, sarta dimakamkeun ngangge hiji upacara nu basajan di pamakaman Cigagadon-Desa Rahayu Kacamatan Cineam. Tilu taun ti harita dimakamkan deui di kompleks Pamakaman Bupati Bandung di Jalan Karang Anyar, Bandung.
Mairan ku Google
Mairan ku Facebook