
Geus lila hayang nulis ieu teh. Ti basa nguping kang Uyan (Yan Asmi) pupus, Maret 2010 kapungkur. Tapi da kumaha atuh, karek ayeuna kaburuna. Keun bae lah nya. Hampura bae telat saeutik mah :).
Pangna kuring hayang nulis, aya dua sabab utama. Kahiji, kuring bisa disebut salah saurang fans na Kang Uyan. Ti leuleutik, jaman sok manggung d’Bodor keneh, kuring mindeng nongton mun pareng aya di TVRI. Mun geus aya trio Uyan, Kusye, UsUs teh sok manco panghareupna teu ngiceup-ngiceup.
Salian ti lucu, kataji ku nembangna deuih. Da eta pisan salah sahiji kaahlian Kang Uyan. Nembang bari nurutan penyanyi sejen, model Ebit (G Ade),(R) Oma Irama atawa Jamal Mirdad. Malah kungsi sababaraha kali d'Bodor ngaluarkeun album. Nu pangingetna nu judulna (asana mah) “Jambu Monyet.” Nu tungtungna teh Kang Kusye nanya, “Kalo jambu monyet, mana monyetnya?” “Ya kamu monyetnya,” tembah Kang Uyan jeung Bah Us Us bareng. Apal baheula mah. Ayeuna? Inget etana wungkul. Haha.
Ti leuleutik geus resep, atuh puguh we basa kaparengkeun papanggih teh atoh kacida. Ngan sanajan ngefans oge, teu jiga ABG ayeuna nu heboh. Kuring mah rada jaim. Jadi biasa bae, atohna na jero hate wungkul :). Harita bisa nempo langsung Kang Uyan teh basa aya penyuluhan di Ciwidey. Kang Uyan nu kapeto jadi artisna.
Satuluyna kuring kungsi sababaraha kali aya gawean jeung anjeunna. Tah ieu mah nyambung ka sabab anu kadua: kuring boga sababaraha carita mandiri jeung Kang Uyan teh. Kieu geura.
Harita, basa kuring dines di Bandung, sababaraha kali kantor tempat kuring gawe manggil Kang Uyan manggung. Boh jadi MC atawa ngabodor. Nya nu sok kapapancenan bagean nguruskeun teh kuring pisan. Ti ngajemput, nganteur ka lokasi, konsumsi nepi ka mayar honor. Ke saeutik cuang ngobrolkeun perkara konsumsi heula. Sabab dina perkara ieu aya oge nu kuring inget ti Kang Uyan teh.
Hiji mangsa kuring nganteur Kang Uyan jeung rombongan ka Pangalengan. Ku sabab geus waktuna dahar, nya di jalan ku kuring rombongan teh disimpangkeun ka hiji rumah makan di daerah Banjaran. Pas harita usum peuteuy. Horeng ieu salah sahiji kalandep Kang Uyan. Ningal peuteuy nu barolotot ngagarantung, anjeunna kop sapapan bari langsung: ditambul, atah-atah.
Aya deui carita nu moal kuring poho. Nyeta soal honor. Ieu oge basa tos mentas di Pangalengan, ngan lain waktu asana mah. Harita kuring kapapancenan ngabagikeun honor ka kabeh pengisi acara. Kaasup Kang Uyan, nu harita kapeto jadi MC. Ti samemehna duit geus disiapkeun, diasupkeun kana amplop, diteundeun di saku belah kenca. Sedengkeun, di beh katuhu dipesakkan oge amplop kosong pikeun cadangan. Da sok ngadadak butuh.
Beres acara, saperti biasa kuring nepungan Kang Uyan bari nganuhunkeun. Sor, amplop nu geus disiapkeun teh dibikeun. “Ieu aya kagegelan saalit,” ceuk kuring basa-basi bari salam tempel. Ku kang Uyan ditampa bari nyarita heureuy, “His, tong sok kitu ah, isin,” cenah bari mesakkan amplop. Aman, ceuk kuring dina hate. Pancen geus dilakonan, kuring amitan da aya keneh bayareun.
Geus sabaraha lila, karek kuring nyadar yen di saku kenca nyesa amplop. Barang dirampa karasa kandel. “Astagfirulloh!” kuring reuwas. Horeng tadi salah mikeun. Nu dibikeun ka Kang Uyan teh tetela… amplop kosong. Da nu eusian mah aya keneh.
Satengah lumpat kuring balik ka tempat tadi. Hadena, Kang Uyan aya keneh, keur ngobrol jeung sababaraha tamu. Bari ngaleng kanu rada suni kuring sanduk-sanduk. “Duh, hapunten Kang Uyan. Tadi lepat masihkeun. Nu eta mah kosong,” ceuk kuring bari rada era. Demi Kang Uyan kalah mesem. “Naha atuh, da karasa ti tadi ge ipis,” cenah.
Tos sataun leuwih Kang Uyan ngantunken. Mugia anjeunna dipasihan tempat anu bagja di dituna tur digampilkeun sagala urusanna. Aamiin.
Mairan ku Google
Mairan ku Facebook