Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Lalampahan Bujangga Manik Ka Jawa Tengah, Jawa Timur Jeung Bali (V)

Gunung Pawitra, Kiwari Gunung Penanggungan
(Tarjamah bebas, Drs. Asep Idjuddin tina, Bujanggamanics journeys through of jawa-topografical data from old an Sundaness source : Bijdragen tot de Taal Land-en Volkenkunde 138(1982) No.4, Leiden,413-442)

Demak, Medang Kamulan, Gegelang jeung Urawan

Ti Padanara Bujangga Manik asup ka Pidada ayeuna jadi Pidodo wetaneun Semarang kidul-kuloneun Demak. Ti dinya ka Jemas, kencaeunana aya daerah Demak. Sedengkeun Welahulu aya di wetan, ieu wewengkon nuduhkeun Wlahulu gunung, nu sababaraha kali disebut dina naskah Tangtu Panggelaran, sarua jeung Halahulu dina naskah Ajisaka. Taya nu istimewa di pagunungan wetaneun Semarang jeung Demak, nu sidik panglegana ngan wilayah Gn. Muryo, nu disebut “hulu split” nu dipake nyebut sababarahiji puncakna nu pernahna di kaler tina jalur Bujangga Manik. Tuluy aya Gn. Prawata (skt, Pravata=gunung) nu disebut wilayah suci. Tempat sajarah Demak, di tungtung kulon aya Rangekapur Kaler, nu jauhna ngan sababaraha meter.

Sanggeus ngaliwatan Pulutan (hiji desa deukeut Penawangan teu jauh ti Purwodadi), inyana anjog ka Medang Kamulan.  Horeng balik deui ka kidul, sabab sanggeus ngaliwatan tilu tempat tuluy meuntas walungan Wuluyu, walungan Solo, asup ka daerah Gegelang, kiduleun Medang Kamulan. Medang Kamulan jeung Gegelang teh dua ngaran nu kungsi dipake ngaran karajaan di Jawa dina carita pseudo-history,  sastra kawas carita Panji. Najan lokasina  meneran.

Najan can pasti atawa variatif jeung beda waktuna, tapi naskah bisa dijieun bahan keur konfirmasi munggaran, yen dina abad ka 15 aya tradisi lokal nu bisa nganyahoankeun tempat nu bener, kawas nu kapanggih di urut wilayah Grobogan, wetaneun Purwodadi. Jeung nu panungtung di wilayah Madiun (modal parapatan antara Madiun-Ponororogo). Hal nu sarua lumaku keur Urawan nu kapanggih tina carita Panji, mangrupa ngaran karajaan legendaries nu diindikasi deukeut kana ngaran Wengker jeung Gegelang, tina sumber  Jawa jeung Walanda abad ka 17, kawas ngaran sababaraha urang bangsawan Jawa, tina naskah Babad Tanah Jawi. Ngait kana lokasi nu kungsi diucapkeun yen Bawerno di Bojonegoro kadangkala disebut Ngurawan. Geus jadi realitas geografis, ayeuna jadi daerah leutik pernahna kulon-kaler Madiun. Hal ieu disebut dina deskripsi lalampahan mulang Bujangga Manik, jolna ti wetan ngaliwatan Gn. Lawu beulah kidul, nu ayana di daerah Urawan. Jadi sidik padeukeut jeung Gegelang. Ti Gegelang kawasna Bujangga Manik balik deui ka jalur liliwatan kalereun Gn.Wilis. Sabab sanggeus ngaliwatan dua tempat deui, inyana meuntas walungan/bengawan Cangku, nu teu mustahil walungan Madiun-taya deui walungan gede liana di ieu daerah. Najan ieu tempat teh teu kanyahoan di daerah sejen. Tapi teu nyebutkeun daerah sejen nepi ka inyana meuntas walungan Brantas.

Daha jeung Brantas

Sanggeus meuntas walungan Cangku Bujangga Manik nepi ka daerah Daha sanggeus Kediri, nu pernahna rada jauh ka kidul tina jalur perjalanan Bujangga Manik, nu indit ka wetan langsung ka Pujut di lebah dinya inyana meuntas walungan Brantas. Di Pujut teh aya rakit nu sok dipake meuntas. Samemehna Mireng, kira-kira 15 Km hilireun Kertosono. Walungan Brantas teh nu disebut dina naskah sejen, Cironabaya. Sababaraha kali disebut yen Bujangga Manik meuntas Cironabaya, walungan nu aya di sabudeureun Balitar jeung Kertosono.

Majapahit jeung Gn. Penanggungan

Jalur perjalanan Bujangga Manik, asup ka Ibukota Majapahit, nu kahontal sanggeus ngaliwatan opat tempat, nu panungtung Bubat. Bubat disebut dina naskah Nagarakrtagama, jeung naskah Kidung Sunda, mangrupa dataran nu pernahna kalereun karaton, nu  unggal taun sok dipake acara olahraga. Sanggeus Bubat, anjog ka Manguntur nu digambarkeun minangka buruan Majapahit, Manguntur teh alun-alun karaton, nu dina Nagarakrtagama disebut wanguntur. 

Tempat-tempat sejen nu disebutkeun samemehna, nya eta Darma Aflar, Karang Kajramanaan, Karang Jaka, jeung Palintahan. Najan can kanyahoan, kajaba nu kiwari disebut Plintahan, nu pernahna kidul-kulon Gn. Penanggungan, rada jauh ti lokasi urut karaton Majapahit di Trowulan. Najan kitu inyana geus deukeut ka Gn. Penanggungan, sabab di Palintahan inyana naek ka Gn. Pawitra, rabut Gn. Gajahmungkur. Pawitra, tina Skt, Pavitra=suci,murni. Di acala Pawitra, Raja Hayam Wuruk ngadatangan Patapan, samulangna ngontrol kamajuan di wetan. Gn.Pawitra teh deukeut Gn.Walirang di Tantu Panggelaran, puncak tengah gunung, dikuriling opat puncak sejenna nu leuwih handap. Hiji di wetan disebut Gajahmungkur. Di lokasi ieu kapanggih sawelas situs arkeologi, sababara hiji urut tempat suci jeung dua patapan, mangrupa bagian Gn.Penanggungan, ieu gunung dina abad ka 15 dijieun komplek kaagamaan. Jadi saha wae kaasup Bujangga Manik boga alesan, datang ka ieu gunung.

Inyana aya di dinya, di wilayah Geresik ayeuna jadi Gresik, di kencaeun jeung Gn.Rajuna, ayeuna Arjuna, aya di kidulna luyu jeung situasi aktual.

Lajeng ka Bagean VI

Sumber: Salakanagara
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment