Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Pasir-Pasir nu Ngeplak Lir Gajah Putih



PASIR-pasir cadas peuntaseun tegal Ebro manjang tur ngeplak bodas. Di peuntaseun nu beh dieu, taya pisan tempat linduh atawa tatangkalan, tur eta stasion aya di antara dua garis erel nu kapentrang ku panonpoe. Teu jauh ti stasiun katembong kalangkang haneut hiji wangunan gedong, jeung kere nu dijieun tina untunan manik-manik awi ngagantung meuntasan lawang panto nu ngabalungbang nuju ka bar, malar nyieuhkeun laleur. Si urang Amerika jeung wanoja nu ngabarenganana diuk dina hiji meja di tempat nu iuh luareun gedong. Poe mungguh moreret, tur kareta ekspres ti Barcelona baris datang opat menit deui. Kareta teh bakal eureun di eta stasiun salila dua menit samemeh neruskan deui lalampahanna ka Madrid.

”Ngaleueut naon nya enakna?” si wanoja nanya. Manehna muka topina tuluy diteundeun luhureun meja.

”Panas pisan poe teh,” ceuk si lalaki.

”Bir we.”

”Dos cervezas,” si lalaki nyarita ka tukangeun kere.

”Gelas ageung?” saurang awewe nanya ti lawang panto.

”Sumuhun. Dua gelas ageung.”

Si awewe mawa dua gelas bir jeung dua tilam. Manehna neundeun tilam jeung gelas bir di luhur meja bari merhatikeun nu duaan. Si wanoja mindahkeun teuteup ka pasir-pasir cadas. Pasir-pasir teh ngeplak bodas katojo panonpoe tur taneuhna katempo coklat gersang.

”Tingal tuh pasir cadas, ngeplak tur manjang, siga gajah bodas,” manehna ngomong.

”Akang mah can kungsi nempo aya gajah warna bodas,” si lalaki nginum birna.

”Moal akang mah.”

”Mungkin wae,” si lalaki nyarita. ”Yen ceuk Nyai akang can pernah nempo, lain hartina akang moal pernah nempo.”

Si wanoja neuteup kana kere manik-manik.

”Tingal, kere teh ditulisan,” ceuk manehna. ”Naon hartosna nya?”

”Anis de Toro. Eta teh sabangsa minuman.”

“Nyobian tiasa teu?”

Si lalaki ngagero ”hey” ka beh tukangen kere. Si awewe kaluar ti bar.

”Sadayana opat real”

”Nyungkeun Anis del Toro, dua”

“Dicampur ku cai?”

“Bade dicampur ku cai?”

“Duka atuh,” si wanoja nyarita. “Enak kitu pami dicampur cai?”

“Sumuhun.”

“Dupi bapa minumanna bade dicampur ku cai?” tanya si awewe.

”Enya, dicampur cai.”

“Rasana siga licorice,” ceuk si wanoja bari neundeun gelasna.

“Memang siga kitu sadayana ge.”

“Uhun,” ceuk si wanoja. “Sadayana siga licoricie. Komo nu tos lami diantosan ku akang mah, siga absinthe, anggur Perancis.”

”Enggeus atuh.”

”Akang nu ngamimitian,” ceuk si wanoja. “Padahal tadi abdi nuju ngaraos bungah. Abdi teh nuju ngararaoskeun waktu-waktu nu pinuh kabungahan.”

”Enya... enya. Akang can rengse tadi. Maksud akang teh itu pasir nyaan katingalina jiga sakumpulan gajah bodas. Waas nya?”

“Uhun waas.”

“Akang hayang nyobaan inuman nu enggal tea. Pan tadi teh kitu sanes? Urang teh keur ningalikeun itu pasir jeung nyobaan inuman enggal.”

”Uhun asana mah.”

Si wanoja neuteup ceuleuyeu ka lebah pasir.

”Pasir nu waas,” omongna. ”Teu patos siga gajah bodas sih. Maksadna warnana di antara tatangkalan.”

“Bade nambih minumanna?”

“Uhun.”

Angin haneut niup kere ka beh meja.

“Birna enak jeung tiis,” ceuk si lalaki.

“Uhun seger pisan,” ceuk si wanoja.

“Sakadar operasi anu leutik tur aman, Jig.” Si lalaki nyarita. ”Sanes dioperasi enyaan.”

Si wanoja mindahkeun teuteup ka handap, kana tatapakan suku meja.

”Akang nyaho, nyai moal nolak. Ieu mah sanes nanaon. Ukur mukakeun sina asup hawa.”

Si wanoja teu lemek.

”Akang rek nyarengan kaditu jeung bakal nungguan nepi ka rengse. Ukur mukakeun lolongkrang hawa, satuluyna mah biasa deui saperti bihari.”

”Teras pami tos kitu urang bade naon?”

”Saterusna nya urang bakal biasa wae. Saperti samemehna.”

”Naha akang gaduh pikiran kitu?”

”Ngan eta nu ngaganggu urang. Ngan eta nu ngajadikeun urang teu bagja.”
Si wanoja neuteup kana kere manik-manik, leungeunna ngopepang, ngarawel dua tungtung tali manik-manik.

”Janten urang moal kunanaon tur bakal bagja?”

”Tangtu wae. Teu kedah sieun. Akang seueur kenal jeung jalmi-jalmi nu pernah ngalaman hal eta.”

”Abdi ge,” ceuk si wanoja. ”Satuluyna maranehna sadaya ngaraos bagja.”

”Nya entos atuh,” ceuk si lalaki, ”mun nyai alim mah ulah. Akang moal nitah mun nyaho nyai alim. Tapi da ieu mah gampil pisan.”

”Akang leres hoyong abdi ngalakukeun eta?”

”Ceuk akang mah eta nu pang alusna keur urang. Tapi akang teu hayang mun nyaina ngaraos kapaksa.”

”Teras, pami abdi ngalakukeun eta, akang bakal ngarasa bagja, sareng sadayana bakal jiga bihari tur akang bakal tetep nyaah ka abdi?”

”Akang nyaah ka nyai danget ieu. Akang nyaah pisan, nyai terang eta pan?”

”Abdi terang. Namung pami abdi ngalakukeun hal eta, naha Akang baris ngaraos waas pami ku abdi disebatkeun yen itu pasir lir gajah bodas tur bakal resep ningalina?”

”Akang bakal resep ningalina. Akang bakal resep, tapi ayeuna mah akang teu kapikiran hal nu kararitu. Nyai pan apal lamun akang keur tagiwur.”

”Pami abdi ngalakukeun hal eta, naha akang moal tagiwur?”

”Akang moal tagiwur, sabab operasina ge leutik pisan.”

”Nya atuh, abdi bade ngalakukeun hal eta. Kumargi abdi mah tos teu mikiran diri sorangan.”

”Naon maksud nyai?”

”Abdi mah tos teu mikiran diri sorangan.”

”Tapi akang mikiran nyai.”

”Sumuhun. Tapi abdi tos teu mikirkeun kana diri sorangan. Abdi pasti bade ngalakukeun hal eta tur sadayana bakal balik deui siga bihari.”

”Akang teu hayang nyai ngalakukeun eta lamun nyai ngarasa saperti kitu.”

Si wanoja nangtung tuluy leumpang muru tungtung stasion. Di peuntas, di tukangeunana, katembong ngampar kebon gandum jeung tatangkalan sapanjang tegalan Ebro. Di kajauhan beh ditu, di peuntaseun walungan, kaciri pasir-pasir rarentul. Kalangkang awan leumpang meuntasan kebon gandum tur manehna mencrong ka walungan nu bulat-beulit ngaliwatan tatangkalan.

”Urang bakal ngengingkeun sadayana,” cenah. ”Urang bakal ngengingkeun sadayana tapi beuki dieu bet asa beuki pamohalan.”

”Nyai nyarios naon?”

”Uhun, saur abdi teh urang bakal tiasa ngengingkeun sadayana.”

”Ayeuna urang tos gaduh sadayana.”

”Ayeuna mah henteu.”

”Urang tiasa ngengingkeun sakabeh nu aya di dunya.”

”Teu.”

”Urang bisa angkat kamana wae.”

”Teu, teu tiasa. Sadayana sanes nu urang deui.”

”Nu urang.”

”Sanes. Sakali ku maranehna dicandak, urang moal tiasa ngengingkeunana deui.”

“Tapi apanan maranehna can nyarandak.”

”Antosan we, engke ge katingali.”

”Hayu ah, ka palih ditu, nu iuh,” ceuk si lalaki. ”Nyai teu menang ngarasa kitu.”

”Abdi teu ngaraos nanaon,” si wanoja nyarita. ”Abdi mung terang wungkul.”

”Akang teu hayang nyai ngalakukeun nu ku nyai teu hayang dilakukeun.”

”Sareng ngalakukeun nu teu sae jang diri abdi, ” ceuk si wanoja. ”Abdi ngartos. Tiasa nyungkeun birna deui?”

”Mangga. Tapi nyai kudu bisa ngarasakeun ...”

”Abdi ngaraoskeun,” ceuk si wanoja. ”Tiasa tong ngobrolkeun deui hal ieu?”
Maranehna diuk dina meja nu tadi, si wanoja mencrong ka pasir di lebah nu datar tur garing di tegal eta, si lalaki neuteup ka si wanoja jeung meja tea. ”Nyai kudu ngarasakeun,” si lalaki nyarita, ”yen akang teu hayang nyai ngalakukeun hal eta mun nyai teu purun. Akang bener-bener niat rek narimakeun saayana lamun eta kahayang nyai.”

”Sanes eta kahoyong akang teh? Urang tiasa sasarengan salamina.”

”Tangtu bae. Tapi akang teu hayang nu sejen, iwal nyai. Akang teu hayang nu sejen. Jeung akang apal yen ieu teh bener-bener hal nu biasa.”

”Uhun, abdi terang ieu teh leres-leres biasa.”

”Teu kunanaon nyai nyarita kitu, tapi akang bener-bener apal kana hal eta.”

”Akang kersa ngalakukeun hiji hal kanggo abdi ayeuna?”

”Naon wae ku akang bakal dilakukeun jang nyai.”

”Abdi nyungkeun Akang tong nyarioskeun hal eta deui!”
Si lalaki teu ngomong nanaon deui, tapi manehna mencrong ka tas-tas maranehanana nu nyangsaya di tembok stasion. Katempo stiker sababaraha hiji hotel nu pernah disareaan ku maranehanana narapel di dinya.

”Tapi akang teu hayang nyai ngalakukeun hal eta,” si lalaki nyarita, ”akang moal .. nanaon tentang eta.”

”Abdi bade ngajerit.”

Si awewe kaluar tina tukangen kere bari mawa dua gelas bir tur diteundeun dina luhur tilam. ”Kareta bakal dugi lima menit deui,” omongna.

”Nyarios naon cenah?” si wanoja nanya.

“Saurna kareta bade dugi lima menit deui.”

Si wanoja imut ka si awewe, nganuhunkeun.

”Mending cuang candakan ieu tas-tas teh ka sisi stasiun palih ditu,” ceuk si lalaki. Si wanoja imut ka manehna.

”Uhun mangga, enggal kadieu deui, cuang seepkeun bir teh.”
Manehna ngangkat dua tas gede tuluy dibawa nguriling ka sisi jalur erel beh peuntas. Manehna mencrong ka eta jalur, tapi teu bisa nempo karetana. Manehna leumpang deui ngaliwatan ruangan bar, paragi jalma-jalma nungguan kareta bari ngaropi. Manehna nginum sagelas Anis di bar eta bari neuteup ka para panumpang. Kabeh keur narungguan kareta. Manehna kaluar deui ngaliwatan kere manik-manik. Si wanoja keur diuk di mejana tur imut ka manehna.

”Teu kunanaon?” manehna nanya.

”Henteu,” ceuk si wanoja. ”Teu kunanaon. Abdi teu kirang nanaon.”

Ernest Miller Hemingway (21 Juli 1899 – 2 July 1961) saurang panulis novel, carpon jeung wartawan urang Amerika nu kawentar. Di leler hadiah Pulitzer dina taun 1953 keur novel The Old Man and the Sea. Manehna oge dileler Hadiah dina taun 1954. Gaya nu mandiri Hemingway dicirikeun ku kalimat-kalimat nu parondok tur sederhana, nu mangaruhan perkembangan dunya panulisan fiksi di abad 20-an.

Disundakeun ku kang Avid tina "Bukit-bukit Bagai Gajah Putih" nu aya dina Buku Antologi Cerpen Nobel, Bentang Mei 2004
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook