Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Dina Pangaruh Morfin


KURING weléh teu ngarti, kumaha carana nepi ka Tom Hopkins bisa gagabah samodél kitu, sok padahal manéhna téh kungsi méakeun waktuna di fakultas kadokteran (saméméh manéhna meunang warisan ti bibina) tur tangtuna ngarti pisan kana sual obat-obatan.

Kuring jeung manéhna geus jangjian rék panggih dina éta soré, tuluy Tom datang ka tempat kuring rék ngadon ngopi jeung ngobrol ngalér-ngidul saméméh balik ka aparteménna nu méwah. Kuring keur ka ruangan séjén sakeudeung basa ngadéngé Tom ngagorowok:

"Euy, Billy, kuring rék ménta pél kina opat siki mah, teu kunanaon lin? asa tariris kieu yeuh. Asup angin jigana mah."

"Nya, sok wé mawa," ceuk kuring. "Botolna aya dina rak nu kadua. Nginumna campurkeun jeung minyak kayu putih saséndok. Améh paitna leungit."

Basa balik deui ka ruangan, kuring jeung manehna tuluy ngawangkong hareupeun parapian. Kira-kira népi dalapan menit, Tom ujug-ujug labuh ngalenggerek.

Kuring ngojéngkang kana kotak obat tur nangenan.

"Na ari manéh ku gagabah!" ceuk kuring keuheul. "Deuleu tah balukarna mun duit geus mangaruhan otak jelema!"

Aya botol morfin nu tutupna geus muka, jigana Tom teu kungsi nutupkeunna deui tadi.

Kuring tuluy ngagero saurang dokter ngora nu kamerna di lantéy luhur, tur tuluy duaan ngagotong Tom ka imah dokter Gales nu aya dua blok jauhna ti dinya. Tom Hopkins beunghar teuing mun kudu di sanghareupan ku saurang dokter bau cikur kénéh mah.

Basa dokter Gales ngurunyung, manéhna tuluy méré Tom pangrawat nu sabanding jeung ajén ka-profésian-na. Sanggeus ngaliwatan hiji usaha panyalametan nu méh-méhan, kuring jeung manéhna nginumkeun Tom kopi nu kadar kaféinna tinggi, tuluy tiluan mayang Tom naék turun tangga. Dokter Gales nyangkéh awak Tom bari nepakan beungeutna, tihothat mélaan lambaran cék nu jumlahna gedé nu bakal ditarimana engké. Si dokter ngora nu ti lantéy luhur téa nunjukkeun perhatianna nu leuwih ku hiji tajongan ngarah Tom sadar, bari tuluy ménta hampura ka kuring.

"Wah, teu ngaruh," cenah. "Kakarék ayeuna bisa najong saurang jutawan. Jigana hésé deui engké mah."

"Tah, ayeuna," ceuk dokter Gales, sanggeus sababaraha kedapan, "Manéhna bisa salamet. Ngan omat jagaan sangkan manéhna tetep hudang. Bisa ku diajak ngobrol atawa digeubig-geubig sakali-kali. Mun nadi jeung nafasna geus normal, kakara bisa sina saré. Kuring ayeuna rék mulang. Ieu pasén wayahna dipasrahkeun ka anjeun."

Kuring tinggal sorangan jeung si Tom, nu geus di sarandékeun dina sofa. Manéhna ngabebengkang bangun nu tenang naker bari panonna mélétét. Ayeuna kuring ngamimitian boga tugas ngajaga supaya manéhna angger hudang.

"Yeuh, aki-aki bedegong," ceuk kuring. "Didinya teh tadi ampir-ampiran cilaka, untung kuring kaburu kénéh bisa nulungan. Baheula basa kuliah, dosénna kungsi ngajarkeun teu, yén m-o-r-f-i-n téh dibacana lain 'kina', komo bari jeung opat siki? Tapi nya keun baé nu geus liwat mah, asal cageur deui wé. Ngan kuduna mah didinya téh geus jadi apotékér. Geus pantes nyieun resép obat."

Tom ngarérét semu tunduh ka kuring bari nyengir.

"B..ly," cenah teu pati jelas, "Kuring ngarasa jadi nyiruan jeung manuk nu ngapung ngurilingan kekembangan. Rarasaan téh bungah pisan. Geus tong ngaganggu waé. Geura saré kadituh."

Manéhna ngalenyap aya kana dua detik mah. Ku kuring digeubig-geubig.

"Déngékeun Tom," ceuk kuring rada tarik, "Didinya teu meunang waka saré. Ceuk dokter didinya kudu tetep hudang salila sajam mah. Beunta, didinya can aman pisan deuleu. Yeuh, hudang!"

Tom Hopkins téh beuratna aya kana 198 pon. Manéhna ukur nyengir bari tetep mélétét, teu lila geus saré deui. Euweuh deui cara, kuring kudu ngusahakeun manéhna tetep gerak, alusna mah malah sina jogéd dangsa irama waltz ngurilingan ruangan. Tom kadéngé mimiti kérék, éta hartina, ku sabab keur karacunan morfin téa, manéhna aya dina kaayaan nu bahaya pisan.

Tuluy kuring mikir. Rék ngangkat awakna kajudi moal kuat, ana kitu mah kuring kudu bisa narik perhatianna. Sakilat kapikir ideu brilian: "Sina ambek." Beu, tapi kumaha carana? Gusti, rarasaan euweuh cawadeun na diri manéhna mah. Tom teh sobat nu kacida bageurna. Manehna estu jalma anu amis budi, saurang lalaki sajati, bageur, jujur jeung bersih haté lir sumiratna panon poé. Manéhna téh urang pakidulan, nu masih ngahargaan kana adab kasopanan. Najan hirup di tengah gurilapna kahirupan New York, tapi teu nyababkeun manéhna unggah adat. Manéhna boga seléra nu kuno tur sopan pisan ka awéwé, tah..tah... awéwé, kapanggih! Kuring seuri kapengkek ngabayangkeun hal éta. Tuluy ku kuring awakna digeubig-geubig nepi ka ceulina disada aplék-aplékan. Bangun teu purun manehna beunta. Kuring api-api nunjukkeun panghina bari ngacungkeun curuk ka hareupeun irungna.

"Dengekeun yeuh, Hopkins!" ceuk kuring rada nyentak.

"Urang téh geus lila sosobatan, tapi ka hareup mah kuring teu hayang deui babarengan jeung jalma teu boga cedo jiga manéh."

Tom katempo rada mureleng.

"Aya naon, Billy?" cenah, malik nyentak. "Ku naon ari manéh, hah?"

"Mun kuring jadi manéh," ceuk kuring tuluy. "Tapi sukur henteu, kuring moal bisa saré, maksud téh ngeunaan awéwé nu ku manéh ditinggalkeun sorangan di lembur. Awéwé nu ku manéh dipopohokeun sanggeus manéh ayeuna loba duit. Kuring ge ngarti nu aya dina pikiran manéh. Baheula basa keur jadi mahasiwa kedokteran nu miskin, manéh ngarasa manéhna téh pantés jang manéh. Tapi ayeuna, sanggeus jadi jutawan, sagalana béda. Kuring héran, naon nu ditéangan ku jelema-jelema samodél manéh ti awéwé nu sakitu satiana. Manéh nganggap yén manéh saurang lalaki sajati? Hampura Hopkins, kuring kapaksa kudu ngomong ieu, sabab manéh salila ieu geus nyumputkeun hal éta sakitu bunina. Kuring teu resep ku sagala kalakuan manéh nu teu jujur éta."

Deudeuh Tom. Kuring ampir-ampiran ngabarakatak nempo manéhna kokoséhan hayang ngalawan pangaruh morfin. Manéhna kaciri bener-bener ambek, tur kuring ge teu nyalahkeun. Tom, sakumaha ilaharna urang pakidulan, ngabogaan sifat gedé ambek. Panonna buncelik tur semu hurung. Tapi pangaruh obat teu bisa dilawan, nyababkeun létahna lir nu kakonci.

"K..e..he..d ...si..a..h," cenah balélol, "di tampiling ku aing."

Manéhna rek hudang tina sofa. Tapi awakna éstu teu tanagaan. Ku kuring didedetkeun ku saleungeun. Manéhna ngabebengkang deui dina sofa bari ngagidir lir singa nu asup kana pitapak.

"Lumayan bisa nahan sakeudeung tah, aki-aki bedegong," ceuk kuring jero haté. Kuring ngarongkong pipah tur tuluy diseungeut, rarasaan téh hayang ngaroko heula. Kuring leuleumpangan sakeudeung, bari muji sorangan ku sabab ideu brilian tadi.

Kadéngé sora kerek. Ku kuring dilieuk. Tom geus saré deui. Ku kuring disampeurkeun bari tuluy pipina dicabok. Manéhna ukur neuteup teu suka. Kuring nyedot pipah bari tuluy nyodorkeun kana beungetna.

"Geuwat hudang siah, bari tuluy geura indit ti dieu," ceuk kuring ngahina manéhna. "Kuring geus ngedalkeun sakabéh nu aya di pikiran tentang manéh. Mun manéh masih boga harga diri jeung kajujuran, manéh bakal mikir dua kali saméméh nyebut diri lalaki sajati. Manéhna awéwé nu sangsara, lin?" cék kuring. "Nu kampungan jeung tinggaleun jaman ti saprak urang loba duit. Nu bakal ngérakeun mun dibawa jalan-jalan ka Fifth Avenue? Yeuh Hopkins, manéh téh opat puluh tujuh kali leuwih goréng batan jelema nu teu boga cedo. Saha nu rék nempo kana duit manéh, hah? Kuring mah teu paduli. Wani taruhan éta awéwé gé moal. Jigana mun manéh teu boga duit, kakara bakal bisa ngarasakeun. Manéh geus nipu diri sorangan, jeung...." rarasaan téh bet ku dramatis, "ngancurkeun haténa nu satia." (Si aki-aki bedegong Tom Hopkins geus ngancurkeun haténa nu satia)

"Kuring geus teu hayang deui nempo manéh."

Kuring nungguan Tom, bari ngiceupan sorangan hareupeun eunteung. Kadéngé manéhna hudang, kuring geuwat ngalieuk. Kuring teu hayang mun kudu katindihan ti tukang ku jelema beuratna 198 pon. Tapi Tom ngan bisa malik saeutik, awakna nyangsaya kana sofa bari sirahna ngaléhléh. Manéhna ngomong sababaraha kecap nu kadéngéna leuwih jéntré batan tadi.

"Aing sabenerna ...teu hayang ...ngomong ieu ka manéh, Billy, ...malahan sanajan mun aya jelema nu ngomong teu bener tentang manéh. Tapi déngékeun ku manéh. Mun aing bisa hudang .... moal asa-asa ku aing dipiteskeun beuheung manéh... mangkahadé siah."

Kuring jadi rada kapiasem ngadéngéna. Tapi éta kabéh ku kuring dilakukeun jang kasalametan manéhna sorangan. Isukan gé, mun kuring geus ngajelaskeun hal éta ka manéhna, tangtuna kuring jeung manéhna bakal saleuseurian deui.

Kira-kira dua puluh lima menit saterusna Tom beuki leuleus kadéngéna, tuluy saré. Ku kuring dipariksa nadi jeung nafasna, tuluy ngantepkeun manéhna tibra. Nadi katut nafasna geus normal deui jeung Tom geus salamet. Kuring indit ka kamer nu séjén bari tuluy ngaguher di kasur.

Basa hudang isuk-isukna, kuring nempo Tom geus diuk jeung salin. Katempona manehna geus sadar sapinuhna, ngan sarapna masih kénéh ngadarégdég tur létahna lir kulit jamuju nu maroléték.

"Aya ku belegug ari kuring," cenah. "Paingan asa aya nu anéh pél kina téh basa ku kuring rék diinum. Hésé teu nyadarkeun kuring peuting?"

Ku kuring dibéjakeun henteu. Katempona ingetanna teu pati alus kana kajadian peuting. Kuring nyindekkeun yén manéhna teu ingeteun kana naon nu geus dilakukan ku kuring pikeun ngajaga supaya manéhna tetep sadar, tur mutusken moal nyabit-nyabit deui éta perkara. Engké wé, meureun, mun manéhna geus cageur pisan, tangtuna kuring jeung manehna bakal resep nggalalakonkeunna deui.

Basa Tom rék indit, manéhna eureun heula sakedapan di hareupeun panto nu muka bari ngajak sasalaman.

"Maneh geus loba nulungan, euy," omongna tenang, "Hampura kuring geus loba ngaripuhkeun manéh, jeung bener nu ku manéh diomongkeun peuting. Sagancangna kuring bakal ngirim telegram ka si awéwé nu di kampung téa."

O Henry (1862-1910) ngaran aslina William Sydney Porter, hiji pangarang Amerika nu kaitung produktif. Dilahirkeun di Greenboro California Utara tanggal 11 September 1862. Tulisanna loba nyaritakeun kahirupan jelema-jelema basajan di kota New York. Kawentar ku alurna nu bulat beulit jeung nyaritakeun kajadian-kajadian nu ironis atawa kabeneran tur ditungtungan ku ahir nu teu disangka-sangka.

Disundakeun tina "Dalam Pengaruh Morfin" nu aya dina buku Cerita-cerita Pilihan O Henry, KATIA Desember 2004.
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook