Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Kang Entus Guru Bimbel

Kang Entus Guru Bimbel


Ceu Eha geus ringrang. Si Entod, anu umurna geus nincak 7 taun rek asup SD. Kang Omid anu jadi bapana geus kukumpul, babakuna naon anu bisa dijual dikaluarkeun, keur biaya sakola anu jadi budak ceunah. 

“Entod….!” Ceuk Ceu Eha. Padahal ngaran sabenerna eta budak teh Todi Alamsyah Rukmana. Ngan ti mimiti bisa ngomong budak teh sok nunjuk kana dirina bari ngomong. “ Mamah… Entod… Mamah Entod!” Meureun maksudna mah “ Mamah ieu Todi… Mamah ieu Todi. “ Nepika ayeuna nelahna Entod. 

Jang Entod anteng ngoprek momobilan. Tap deui leungeunna kana rorobotan. 

“Entoddd…. Beresin ituh cocooannya. Malam ini Entod akan diajarin maca dan nulis oleh Kang Entus.!” Kang Entus teh hiji guru privat di eta Kampung. 

Jang Entod ngan ukur ngalieuk bari pok ngomong. “ Muhun, antosan mamah, Entod masih mau maen dulu sama si Robot sareng si Wahon.” 

Ceu Eha garo-garo teu ateul.  Ringrang, budak can bisa maca jeung nulis, mangkaning isukan rek test asup ka SD. 

“Duh, aing mah…. Moal piluluseun ieu mah. Mangkaning budak teh kudu sakola ka sakolaan anu kualitas alussss!” Gerentes manehna. 

Teu lila kurunyung Kang Entus datang, mawa buku bacaan keur budak. Raraban A-Z  dina ukuran poster oge dipanggul, da pamenta Ceu Eha, dina sapeuting eta budakna kudu geus bisa maca jeung nulis, minimal bisa nulis jeung ngejah ngaranna sorangan. 

Kang Entus hah heh hoh, cape meureun, da mawa buku jeung raraban nepika sapanggulan. 

“Aeh kang guru tos sumping geuning… mangga calik..calik…. bade eueut naon, jus kalapa, atanapi enteh haneut.” 

“Ah wios teu kedah ngarepotkeun, ceu!” 

“Entodd ayo sinih….!” Ceuk Eha gugupay. Bari luwa – lewe satengah hate Jang Entod nyampeurkeun indungna. 

“Nah, malam ini acarana sangat padat, tidak ada mobil-mobilan, wawahonan, nonton TV, pokoknya Entod harus belajar sampai bisa membaca dan menulis. Khan mamah kepengen Entod jadi anak pintar dan cerdas. Sinihin itu remotnya Mama bade lalajo Sinetron!” Ceuk Ceu Eha nyumangetan anu jadi budakna. “Mangga atuh Kang Guru dikawitan bae belajarna.” Pokna bari mindahkeun galura TV Kana Acara Sinetron. Anu jadi salaki anteng keur gawe hareupeun computer. 

Kang Entus beak dengkak, sok sanajan waktu geus nunjukeun wanci sareureuh kolot, awak boborot ku kesang, Jang Entod masih acan bisa keneh ngejah jeung nulis ngaranna sorangan. Waktu diwurukan Jang Entod kalah ngadon curat-coret, buku gambar beak salima-lima. Ngan tong disebut Kang Entus ceunah, lamun teu bisa ngelehkeun jeung naklukkeun budak samodel Jang Entod. Pangamalan geus jero, sapuluh taun lilana incikibung dina dunia les jeung bimbel.Ke heula anan ari kudu nyerah kitu bae mah. 

“Entod, ayo atuh baca lagih. Ini apa?” Ceuk Kang Entus bari nunjuk kana huruf T. 

“S…” Jeung Jang Entod. 

“Ini adiknya S, Entod… namanya T!” Ceuk Kang Entus ngarenghap. Rada meueusan ceunah ayeuna mah geus deukeut, teu siga tadi nunjuk huruf Z dijawab M. “ Kalau yang ini… masih ingat kan, ini seperti mulut lagih manyun, apa coba, Entod.?” 

Jang Entod teu malire, anteng curat-curet dina buku gambar. 

“Ayo Entod, apa ini ayohh…?” Kang Entus angger acung-acungan curukna kana raraban. 

“Adiknya T…!” Ceuk Jang Entod. 

“Iya apa?” 

“Beeeeeeeeeeeeeeeeeee…..!” 

Ceplak, Kang Entus nepak tarang sorangan. 

“Entoddddddd, belajarnya yang benar. Awasss besok kalau tidak lulus ujian masuk SD. Sekolahnya dike PAUDkeun deui ku mamah!” 

Kira-kira jam satengah dua welas, Kang Entus beres ngajar Jang Entod. 

“Bu, mangga… permios, tuh jang Entod teh parantos kulem, capeeun rupina.” 

“Aeh, muhun… mangga… mangga… ieu, Kang Entus candak cau ambon, kue kaleng, sareng buah apel kanggo pun bojo. Upami enjing Entod lulus, insya Allah, aya lah kaemutan kanggo Kang Entus.” 

“Mudah-mudahan…!” “ Aminnn…” Regeyeng buku anu sapanggulan dipanggul ku Kang Entus, leungeun ngajingjing cau ambon, kueh kaleng, jeung apel. 

**** 

ISUKNA, SD Negeri PERCONTOHAN geus heurin usik. Anu jaradi indung naruntun budakna, daraftar. Euyeub pisan, aya jigana kana sarebu budak anu daftar teh. 

“Sok masing-masing murangkalih lalebet, ka kelas anu tos ditangtoskeun kanggo ujian lebet sakola. Atuh para ibuna ngarantosan bae di luar. Teu kenging gandeng nya..!” Bapa Kapala Sakola ngomong. 

“Entod…  kamu pasti bisa. Ingat-ingat sajah apa yang malam tadi diajarin sama Kang Entus ya?” 

Ujian rengse. Harita keneh oge diumumkeun. Anu jadi kolot budak dicalukan hiji-hiji ku Panitia Penerimaan Siswa Baru SD Negeri PERCONTOHAN. 

“Alhamdulillaaaahhhhhhhhhhhhhhh…..!” Ceuk Ceu Eha bari nyiuman kertas. Dina eta kertas diserat. Jang Entod LULUS. “Aih nuhun bapa Guru, dupi artos anu kedah disayogikeun kinten-kinten sabaraha.?” 

“Nya eta mah kin we, upami daftar ulang. Enjing sumping deui ka dieu, bade aya anu didugikeun ku sakola, khususna perkawis waragad kanggo siswa enggal.” 

**** 

Kang Entus dibere duit Ceu Eha. 

“Beu… lima ratus rebu?” Ceuk Kang Entus. Gagaro teu ateul. “Ngajar sapeuting lima ratus rebu???” Manehna masih teu percaya, da sasarina mah ngajar Les di kampung, ngajar les barudak di imahna paling banter saminggu teh saurang budak mere lima rebu. “Ngeunah… atuh.. lamun sapeuting lima ratus rebu, sabulan lima belas juta??? Bisa kabeuli motor.” Kang Entus gogodeg. “ Ah, tapi da ieu duit teh bagikeuneun deuih…” 

Wanci haneut moyan aya semah ka Kang Entus. 

“Aeh, geuning maneh.!” 

“Mere sabaraha?” 

“Lima ratus rebu…” 

“Sok kadieukeun we satengahna.!” 

“Hehe… !” 

“Tah taun hareup mah tong saurang atuh. Dua puluh urang lamun bisa mah. Pokona, murid anyar anu daftar ngaliwatan kuring mah pasti katarima!” 

***** 

Ear pabeja-beja, da diomongkeun ku ceu Eha ka para tatangga, lamun hayang boga budak pinter, calakan, jeung bisa maca, leskeun bae ka Kang Entus. Antukna, kang Entus  loba ngajar di luar ayeuna mah, barudak kampung anu biasa les di imahna diwurukan ku pamajikanna. Geus langka manehna ngajar barudak di kampung ayeuna mah. Malah, tariff LES oge dipasang dina papan hareupeun imahna ayeuna mah. 

“BIMBEL ENTUS SIAP MENGANTARKAN ANAK ANDA KE MASA DEPAN. HANYA DENGAN UANG RP.55.000 PERMINGGU ANAK ANDA SUDAH ADA DI MASA DEPAN. “ Kitu ceunah. 

Genep taun ti harita, Sakola beuki aragreng, ti SD Nepika SMA wangunan geus hurung-herang. Sok sanajan di wewengkon sejen mah masih keneh aya sakolaan anu butut, barudak diajar aya dina ancaman rugrugna wangunan. Tapi di kota mah sakola estuning geus wareweg. 

“Kang Entus, punten pang jeujeuhkeun ieu jang Entod, sangkan lebet ka SMP Negeri  Standar Internasional.” Ceuk Ceu Eha. 

“Muhun mangga dibantos….!” Geus kagambar ku Kang Entus, laum genep taun ka tukang manehna dibere lima ratus rebu, komo taun ieu… lamun sapuluh kalina oge lima juta ti saurang. Mangkaning anu menta dijeujeuhkeun sangkan abus ka SMP teh aya kana sapuluh urangna. 

Mang Entus blus ka Kamar. Gek diuk dina luhureun ranjang, sora bangkong reang mapaesan peuting. 

“Geus huisan geuning uing teh….? Ah, kumaha isukan we brehna.” Pokna bari medol simut. 

Sukabumi, Juni 2011

Sumber: Kompasiana 
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment