"Kulan?"
"Adè mah kamamana tèh sok sasarengan bae sareng Nadia, rerencangan Adè."
"Uhun atuh, Bageur. Apan Nadia tèh sobat Adè."
"Di kelas, nuju istirahat, jajan..."
"Uhun saè. Nadia tèh budakna bageur tur pikaresepeun."
"Tapi waktos pelajaran agama mah, Adè di kelas nu hiji, Nadia di kelas nu sanès."
Katempo indungna mèsem, bari sibuk nyulam seprè. Si Bapa nyarita deui bari jeung imut:
"Dina pelajaran agama wungkul."
"Naha kunaon, Pa?"
"Margi Adè gaduh agama nyalira, Nadia ogè gaduh agamana deui."
"Kumaha èta tèh, Pa?"
"Uhun, Adè Islam, Nadia mah Kristen"
"Naha?"
"Adèna alit kènèh, kè tos ageung bakal ngartos."
"Adè tos ageung bet."
"Alit kènèh, Bageur."
"Naha kunaon Adè tèh bet Islam?"
Manèhna kudu jembar tur ati-ati dina ngajawab. Teu meunang nepi ka nyalahkeun sistim pangajaran modèren nu anyar diterapkeun. Manèhna nyarita deui:
"Apa sareng Mamah urang Islam. Janten Adè ogè urang Islam."
"Pami Nadia?"
"Apana sareng mamahna Kristen. Janten Nadia ogè Kristen."
"Sanès ku margi apana nganggo kacasoca?"
"Sanès. Teu aya hubungannana sareng kacasoca èta mah. Sareng akina ogè Kristen."
Manèhna nyoba-nyoba mapay kana silsilah nini-akina ka luhur, teuing rèk nepi mana, magar anakna boseneun, heg mèngkolkeun omongan kana topik nu sèjèn. Tapi anakna kalah nanya deui:
"Saha nu leuwih saè?"
Manèhna ngahuleng sakeudeung, terus ngajawab:
"Urang Islam saè, urang Kristen ogè saè."
"Pasti kedah aya hiji nu leuwih saè."
"Nu ieu saè, itu ogè saè."
"Wios teu upami Adè ngiringan jiga urang Kristen, amèh tiasa sasarengan teras sareng Nadia?"
"His ulah, Bageur, teu kenging. Unggal jalmi kedah angger sami jiga apa jeung mamahna."
"Naha, kunaon?"
Memang enya, sistim pangajaran modèren tèh kejem! Manèhna nyarita deui:
"Teu tiasa ngantosan Adè ageung, engkè?"
"Henteu."
"Kieu atuh, Adè terang modeu, pan? Tah, aya jalmi nu tiasa resep kana modeu nu ieu, aya ogè anu resep kana mode nu sanès. Tah ayeuna Adè urang Islam, hartosna èta tèh modeu anu pangènggal-ènggalna. Margi kitu, Adè kedah tetep Islam."
"Janten, Nadia mah modeuna tos lami?"
Duh, boa-boa Gusti Alloh bakal ngajiwir manèhna bareng jeung Nadia dina èta poè. Katempona manèhna geus nyieun kasalahan, sangkilang geus nyoba ati-ati. Manèhna ngarasa lir didedetkeun euweuh ampun kana beuheung toplès. Cèk manèhna:
"Eta mah masalah karesep. Tiap jalmi kedah teras sami jiga apa jeung mamahna."
"Wios teu ku Adè diwartoskeun ka Nadia, pami Nadia modeuna tos lami, Adè mah modeuna nu ènggal?"
Gancang manèhna motong:
"Tiap agama ogè saè. Urang Islam nyembah ka Gusti Alloh, urang Kristen ogè nyembah ka Gusti Alloh."
"Naha Nadia nyembah ka Gusti Alloh di kelas nu ieu, ari Adè di kelas nu sanes?"
"Di dieu mah Gusti Alloh disembah nganggè cara anu kieu, di nu sanès mah nganggè cara nu sanès deui."
"Naon bèntenna, Pa?"
"Kè taun ènjing Adè bakal terang, atanapi taun ènjingna deui. Ayeuna mah asal terang wè, yèn urang Islam nyembahna ka Gusti Alloh, urang Kristen ogè nyembahna ka Gusti Alloh."
"Gusti Alloh tèh saha, Pa?"
Manèhna mikir rada lila oge. Tuluy malik nanya, jang saukur ngulur-ngulur waktu:
"Saur Ibu guru kumaha di sakola?"
"Ibu guru sok ngaos serat-serat Al Quran sareng ngajarkeun netepan. Tapi Adè teu terang saha Gusti Alloh tèh."
Manèhna mikir deui, maksa imut bari jeung rada muriding. Cenah:
"Gusti Alloh tèh anu nyiptakeun sadaya alam dunya."
"Sadayana?"
"Uhun, sadayana."
"Naon hartosna nyiptakeun teh?"
"Ngadamel sagala rupa."
"Kumaha carana?"
"Ku kakawasaannana anu kacida agungna."
"Di mana linggihna Gusti Alloh tèh?"
"Di sadaya alam dunya."
"Pami sateuacan aya alam dunya?"
"Di luhur."
"Di langit?"
"Uhun."
"Adè hoyong ningal Gusti Alloh."
"Teu tiasa, Bageur!"
"Dina TV ogè teu tiasa?"
"Moal, moal tiasa."
"Moal aya anu tiasa ningal, saurang gè?"
"Moal, saurang ogè."
"Naha Apa terang Gusti Alloh aya di luhur?"
"Nya da mèmang kitu."
"Saha nu ngawartosan Gusti Alloh aya di luhur?"
"Para nabi."
"Para nabi?"
"Uhun, sapertos nabi urang, Muhammad."
"Kumaha carana?"
"Ku katiasa anu ngan aya di aranjeunna."
"Socana awas pisan?"
"Uhun."
"Naha tiasa?"
"Gusti Alloh parantos nyiptakeunna kitu."
"Naha?"
Manèhna ngajawab bari nahan kasabaranna:
"Gusti Alloh tiasa ngadamel naon baè anu dipikahoyongna."
"Kumaha katingalna ku nabi?"
"Kacida kuatna, tiasa ngadamel sagala rupa."
"Jiga Apa?"
Manèhna ngajawab bari rada mengkek piseurieun:
"Gusti Alloh mah teu aya nu ngabandingan."
"Kunaon Gusti Alloh tèh linggihna di luhur?"
"Margi dunya handap mah moal tiasa ngawadahan. Tapi Mantenna tiasa ningal kana sagala rupa nu aya di handap."
Èta budak cicing sakeudeung, tuluy ngomong deui:
"Tapi saur Nadia mah, Gusti Alloh teh jumeneng di dunya."
"Ku margi Gusti Alloh tiasa terang jeung ningal kana sagala rupa, jantenna sapertos anu linggih di mana-mana."
"Nadia ogè ngobrol, saurna jalmi-jalmi jahat parantos ngarogahala Gusti Alloh dugi ka pupus."
"Tapi da Gusti Alloh mah jumeneng, teu pupus."
"Saur Nadia, aya nu parantos ngarogahala Gusti Alloh."
"Henteu, Bageur. Jalmi-jalmi èta nyangka parantos tiasa ngarogahala Mantenna. Padahal Gusti Alloh mah tetep jumeneng, teu pupus."
"Pami aki, jumeneng kènèh ogè?"
"Aki mah pan parantos pupus."
"Pupusna ku jalmi jahat ogè?"
"Henteu, aki mah pupus nyalira."
"Kumaha?"
"Aki udur, teras pupus."
"Pami Tètèh nu nuju udur bakal pupus ogè?"
Tarangna kerung sakeudeung, saliwat manèhna nempo isyarah kateupanujuan ti lebah pamajikannana.
"Henteu, insya Alloh Tètèh mah bakal damang."
"Tapi naha Aki mah pupus?"
"Margi udurna tos sepuh."
"Apa kantos udur, sareng tos sepuh. Naha teu pupus?"
Ujug-ujug indungna ngagebès. Eta budak jadi heraneun teu ngarti, sakeudeung panonna mencrong ka indungna, sakeudeung ka bapana. Ceuk si bapa:
"Urang sadaya bakal pupus, pami Gusti Alloh tos nangtoskeun."
"Naha Alloh nangtoskeun urang sadaya bakal pupus?"
"Alloh tiasa ngadamel sakahoyongna."
"Pami pupus tèh ènak teu, Pa?"
"Henteu, Bageur."
"Naha Gusti Alloh nangtoskeun anu teu ènak ka urang sadaya?"
"Emh, Apa lepat tadi."
"Naha Mamah bendu waktos Adè nyarios Apa bakal pupus?"
"Margi Gusti Alloh teu acan nangtoskeun kitu."
"Naha Gusti Alloh teu acan nangtoskeun?"
"Gusti Alloh anu nyandak urang ka dunya, Gusti Alloh ogè anu bakal nyandak urang angkat deui."
"Naha?"
"Supados urang ngadamel kasaèan heula di dunya, sateuacanna angkat deui."
"Naha urang henteu teras we cicing di dunya?"
"Engke dunyana heurin atuh pami sadaya jalmi teras cararicing mah."
"Urang bakal ngantunkeun sagala nu saè di dunya?"
"Ke urang bakal angkat ka nu leuwih saè deui di ditu."
"Di mana?"
"Di luhur."
"Caket Gusti Alloh?"
"Uhun."
"Urang bakal tiasa ningal Gusti Alloh?"
"Uhun."
"Saè atuh?"
"Uhun.”
"Pami kitu, hayu atuh urang angkat."
"Tapi pan urang teu acan seueur ngadamel kasaèan."
"Pami Aki atos?"
"Uhun."
"Ngadamel naon?"
"Aki parantos ngadamel bumi sareng melak tatangkalan di kebon."
"Pami Tutu, putra bibi, parantos ngadamel naon?"
Beungeutna merengut sakeudeung, tuluy panonna mencrong ka pamajikanna bangun anu menta tulung.
"Tutu oge parantos ngadamel bubumian sateuacanna angkat."
"Tapi Lulu, anu bumina di payun, parantos ngagebug Adè sareng tara ngadamel kasaèan."
"Lulu mah budak bangor."
"Tapi Lulu moal maot."
"Kajaba pami Alloh tos nangtoskeun."
"Wios tara ngadamel kasaèan ogè?"
"Sadayana bakal maot. Sing saha anu ngadamel kasaèan, manèhna bakal angkat ka sisi Gusti Alloh. Saha anu ngadamel kaawonan, bakal angkat ka naraka."
Èta budak leutik tèh ngarenghap bari tuluy ngahuleng. Si Bapa ngadadak ngarasa kacida capèna. Manèhna teu bisa ngitung, teuing aya sabaraha hiji omonganna tadi anu bener jeung sabaraha hiji nu salah. Eta pertanyaan-pertanyaan tèh geus ngahudangkeun tanda tanya, nu tuluy namper na jero hatèna. Tapi si budak ujug-ujug norowelang:
"Adè mah hoyong sareng Nadia teras."
Sirahna ngalieuk bangun nu hayang ècès. Eta budak norowelang deui:
"Sanaos dina pelajaran agama ogè!"
Manèhna ngadadak seuri nyakakak. Pamajikanna milu nyeuleukeuteuk. Bari heuay alatan tunduh, manèhna tuluy nyarita:
"Teu kabayang, èta pertanyaan-pertanyaan bisa dibadamikeun dina umur sakitu!"
Pamajikanna mairan:
"Isukan gè manehna bakal gedè, tangtu Kaka bakal bisa nerangkeun hal-hal èta kè ka manèhna."
Gancang manèhna ngalieuk ka si awèwè, hayang ngayakinkeun naha èta omonganna tèh mèmang bener-bener atawa ngan saukur ngabeberah. Tapi katempo pamajikanna geus tungkul, sibuk deui jeung sulamanna.
(Ditarjamah-bebaskeun tina Surganya Anak, karangan Nauib Mahfouz, dina Antologi Cerpen Nobel, Bentang 2004)
Mairan ku Google
Mairan ku Facebook