Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Lekoh Teuing

Anton Chekhov

BARANG nepi ka Stasiun Deadville, Gleb Smirnov, saurang juru ukur tanah, kakara nyaho yén wewengkon perkebunan nu nyaluk manehna gawé téh jauhna masih kira-kira tilu puluh atawa opat puluh mil deui. Lamun kusirna kuat tur kudana jagjag, jarakna bisa kurang ti tilu puluh mil, tapi lamun kusirna ripuh tur kudana geus rempo, bisa jadi nepi ka lima puluhan.

"Punten, pami penyewaan kuda palih mana nya?" si juru ukur nanya ka patugas stasiun.

"Kulan? Panyéwaan kuda? lah boro-boro, Kang, di palih dieu ajag gé moal ngulampreng, komo panyéwaan kuda! Badé kamana kitu?"

"Ka Devkino, kebonna jéndral Hohotov."

"Euh," ceuk kepala stasiun, "ka pengker stasiun wé; biasana sok aya patani nu badé ka ditu, maranéhna sok nyandak panumpang ogé."

Si tukang ukur ngarénghap lungsé, tuluy leumpang bangun nu teu purun muru tukangeun stasiun. Sanggeus rada lila nénéangan bari jeung nguat-nguat manéh, manéhna ahirna manggih saurang patani, awakna gedé tur dedeg. Beungetna sangar, pinuh ku tapak baréd. Maké jeket kulawu nu geus rangsak jeung sapatu tina jarami.

"Meuni alus kieu boga roda téh euy!" ceuk si juru ukur bari kalacat unggah kana roda. "Nepi ka kuring teu bisa ngabédakeun mana hareup mana tukang."

"Ah ma enya? Nu deukeut ka buntut kuda éta hareup, mun nu didiukan ku Bapa éta tukang."

Kuda téh ngora kénéh tapi begang, sukuna leutik tur ceulina sopak. Basa kusirna nangtung bari nyeprétkeun pecutna, si kuda ukur gideug; basa si kusir kekecrék tarik bari nyeprétkeun pecutna kadua kali, roda téh ngarekét tur oyag jiga nu nirisan; dina ceprétan katilu, roda ngadangheuak, dina nu kaopat, maju lalalunan.

"Biasana kieu ieu teh?" ceuk si juru ukur, reuwas campur heran némpo kabisa si kusir Rusia ngadumaniskeun karayap laon kuya si kuda jeung sora ceprétan pecutna nu matak nyentug kana haté.

"Pokona mah nepi, Pa" si kusir ngareugreugkeun. "Kuda teh ngora kénéh jeung rada kebluk. Tapi da mun geus leumpang mah sok hésé eureun geura. Hudang jurig!"

Maranéhna ninggalkeun stasiun basa méh reup-reupan. Di béh katuhu katémbong ngemplang padataran nu poék tur sepi jempling. Legana satungtung deuleu nepi ka jigana mun pareng los-los ka lebah dinya moal salah bakal anjog ka tungtung nagri Ajrak. Panon poé usum murag daun nu tarariis téh lalaunan surup basa sisina saeutik-saeutik leyur ka langit. Di béh kénca, dina sésa-sésa cahaya, katémbong pasir-pasir nu raréntul, bisa jadi leuweung geledegan atawa kebon nu geus dihumaan. Si juru ukur teu bisa nempo ka béh hareup lantaran pamandanganna kahalangan ku tonggong kusir nu rubak tur dedeg. Hawa karasa beuki nyecep, méh-méhan beku.

"Ku sepi-sepi teuing," gerentes si juru ukur bari sabisa-bisa nutupan kadua ceulina ku kerah jékétna; "meuni taya pisan imah atawa saung! Beu, mun pareng cilaka atawa aya nu ngarampog, pantesna moal aya jalma nu nangenan, moal, lamun teu nembakkeun mariem mah. Jeung si kusir jiga-jiga nu nyurigakeun deuih. Teuing aya jurig naon nu nyumput satukangeunna! Sungutna teu mantes, lir sato galak. Mang, mang," si juru ukur nanya,"saha ngaran téh?"

"Ngaran kuring? Klim"

"Cing Klim, kumaha kira-kirana di dieu? Tara aya nanaon? Tara aya bégal?"

"Oh, Pangéran nangtayungan kénéh, tara aya! Saha nu rek ngabégal di tempat kieu?"

"Enya sih. Tapi mun éta kajadian, kuring boga tilu péstol di dieu" – si juru ukur ngabohong – "jeung, sing apal, tong sakali-kali nyoba-nyoba heureuy jeung péstol. Hiji péstol cukup jang sapuluh rampogeun mah."

Peuting mimiti turun. Ujug-ujug roda teh ngarekét, sada nu humaregung, tuluy ngagoloprak méngkol ka kénca, jiga nu rék balik deui.

"Rék dibawa kamana aing teh cenah?" gerentes si tukang ukur. "Tadi manéhna lempeng ka hareup, ayeuna ujug-ujug méngkol ka kénca. Moal boa si kéhéd téh rék mawa aing ka tegal nu sepi –- tuluy -– tuluy -– geus kabayang nu bakal kajadian. Mang," manéhna nyarita ka si kusir, "tadi ceuk emang tara aya nanaon di dieu? Hanjakal. Padahal kuring resep mun kudu gelut jeung bégal. Kuring katempona leutik tur palaya-péléyé, tapi tanaga mah wani ngadu jeung munding ge. Pernah kuring diserang ku tiluan, kuma cing? Ku kuring dipeupeuh saurang nepi ka – paéh. Nu duaan deui dikirim ka panjara Sibéria. Kuring gé teu apal timana boga kakuatan sakitu bedasna. Kuring bisa ngangkat jelema nu sagedé akang ukur ku saleungeun – tuluy – tuluy - dibalangkeun!"

Klim ngalieuk ka si juru ukur, ngadéngdékeun beungeutna bari tuluy mecut si kuda begang.

"Nyaan Mang" sambung si juru ukur. "Pangéran geus méré pitulung ku nyanghareupken para rampog téh ka kuring! Lain ngan ukur dipites-piteskeun leungeunna, tapi maranéhna gé kudu mértanggungjawabkeun kajahatannana di hareupeun pangadilan, dimana hakim jeung pangacarana téh babaturan kuring kabéh. Kuring téh aparat pamaréntah nu kacida pentingna. Lamun keur jalan-jalan jiga kieu, pamaréntah pasti nyahoeun jeung nempatkeun mata-mata jang nalingakeun kasalametan kuring. Aya sababaraha hiji pulisi jeung kapténna nu nyumput di rungkun sapanjang jalan. Heup! Heup!" si juru ukur ujug-ujug ngagorowok. "Rék kamana ieu téh? dibawa kamana kuring?"

"Pan ka ditu? Asup ka jero leuweung?"

"Jadi kitu," gerentes si juru ukur. "Aing mimiti sebér, tapi aing sabisa-bisa teu meunang nunjukkeun rasa. Jigana manéhna geus nyahoeun yén aing sieun ku manéhna. Kunaon ti tatadi manéhna ngan ngalieukan baé ka aing? Manéhna pasti keur ngarencanakeun hiji maksud jahat. Tadi pas mimiti indit roda téh ngarayap, tapi ayeuna meuni asa ngapung. Déngékeun yeuh Klim, kunaon di dinya ngajalankeun kuda téh meuni jiga nu rurusuhan?"

"Kuring teu rurusuhan, kudana nu lumpat sakahayangna. Ceuk kuring gé mun geus lumpat, si ieu mah tara aya nu bisa ngahalangan. Mémang geus kitu ti dituna"

"Ekol wungkul siah, kuring nyaho di dinya ngabohong. Tong gancang-gancang teuing ngajalankeunnana. Tahan kudana ku di dinya, ngarti?"

"Naha?"

"Sabab – sabab – aya opat babaturan kuring nu keur nuturkeun ti stasiun. Maranéhna ameh bisa nyusul. Maranéhna geus jangji rék panggih di ieu leuweung. Bakal reugreug mun araya maranéhna mah. Awakna baradag jeung tanagana baredas, bari mawa péstol hiji séwang. Kunaon siah di dinya culang-cileung baé jeung teu daék cicing? Hah? Tempo kadieu, kuring – kuring – euweuh barang berharga di kuring, kuring teu mawa harta nanaon – salian ti péstol nu tilu téa! Yeuh lamun teu percaya ku kuring rék ditémbongkeun – dagoan sakeudeung cuang buka."

Si juru ukur api-api ngodok kana kantongna, nya harita pisan timbul kajadian nu jauh pisan tina panyangkana. Si Klim ujug-ujug ngajleng tina roda tuluy lumpat bari notog notog manéh ka jero leuweung.

"Ampun!" cenah. "Ampun! Sok bawa kuda jeung roda, tong disésaken, ngan kuring tong dikukumaha! Ampun!"

Sada nu lumpat gogorobasan ngan sakeudeung kadéngéna. Jep jempling deui. Basa éta hal nu jauh tina panyangka téh kajadian, nu dipetakeun ku si juru ukur pangheulanan nyaéta ngeureunkeun kuda, tuluy merenahkeun tempat diukna dina roda bari mimiti mikir nya pilampaheun.

"Jadi manéhna téh sieuneun jeung percayaeun kana caritaan aing, dasar belegug! Aduh, kudu kumaha pilakueun aing ayeuna? Aing teu nyaho jalan, jadi moal bisa indit sosoranganan, jeung deuih lamun kitu téh ké aing disangka nu maling kuda. Aduh, kudu kumaha aing, Klim! Klim!"

"Klim," kadéngé aweuhan sorana sorangan.

Boga pikiran kudu meuting di eta leuweung geledegan sosoranganan, ngadéngé sora ajag di kajahuan, aweuhan sorana sorangan jeung haroshosna sora napas kuda begangna, bulu punduk si juru ukur mimiti muringkak, manéhna tuluy diuk.

"Klim," manéhna ngagorowok. "Mang Klim! Mang! Dimana anjeun?"

Aya kana dua jam manéhna gogorowokan nepi ka peura, manéhna geus lah-lahan rék meuting baé di éta leuweung basa dina hiliwir angin kadéngé sora haroshos.

"Klim, didinya éta? Kadieu geuwat, hayu cuang indit!"

"Anjeun – anjeun rék maéhan kuring!"

"Jang naon? kuring mah ukur heureuy, Klim; caritaan kuring ukur bohong. Kuring teu mawa péstol! Kuring ngabohong sabab ku sieun. Hayu ah, kuring katirisan yeuh!"

Si Klim mikir, lamun enya-enya bégal tangtu ti tatadi geus kabur mawa kuda jeung rodana, lalaunan manehna kaluar tina rungkun, nyampeurkeun roda bari masih taki-taki.

"Kunaon didinya bet jadi sieun, bedul? Kuring mah bobodoan, jeung didinya deuih pikasieuneun! Hayu asup!"

"Euh, juragan," Klim kukulutus, bari tuluy naék kana roda, "mun nyaho rék kieu mah tadi téh ku kuring moal dibawa sanajan mayar saratus Rubel génan. Meni asa rék paéh."

Klim mecut kuda begangna –- roda gideug; Klim mecut sakali deui roda téh oyag; dina pecutan anu ka opat roda mimiti ngarayap lalaunan, si juru ukur narik kerah jakétna jang nutupan kadua ceulina bari tuluy nyarandékeun sirahna nu beurat.

Si Klim jeung jalan téh teu pikakeueungen deui ayeuna mah.

(Ditarjamah-bebaskeun tina Overseasoned karangan Anton Chekhov nu aya dina buku Selected Stories, Wordsworth Classic, 1996)
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook