Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Kedah Aya Frank Lampard


KOCAPKEUN sanggeus puteran liga Inggris taun 2006/2007 rengse, sakumaha nu geus diiburkeun samemehna, Jose Mourinho memang ahirna ninggalkeun kleupna, Chelsea, nu geus salila tilu taun dimenejeran ku manehna. Weuh, tangtuna ge loba pamilik kleup Eropa nu ngahiap-hiap. Rek teu kitu kumaha tuda, Jose Mourinho teh kawentar hiji palatih anu jenius tur boga leungeun anu tiis (bertangan dingin maksudna mah). 

Eta buktina, Chelsea anu samemehna can kungsi juara Liga Premiere, ti saprak dimenejeran ku manehna mah dadak sakala jadi hiji kleup anu dipikagimir sa-Eropa. Atuh Alex Ferguson palatih Manchester United (MU) jeung Arsene Wenger palatih Arsenal anu salila ieu piligenti ngarajaan Liga Inggris, dijieun teu bisa hojah. Dua taun tuluy-tuluyan Chelsea jadi jawara Liga Premiere kalayan poin anu anggang pisan jarakna. Ngan taun 2007 wungkul nu rada ragot teh, eta ge pedah loba pamaenna anu tatu. Nu matak, kleup-kleup nu baleunghar di Eropa kayaning ti Spanyol atawa Itali mah langsung wae paheula-heula ngajukeun tawaran paluhur-luhur.

Ngan nu matak helok nyaeta kleup nu dipilih Kai Mourinho pikeun jadi pangentreupanana dina musim taun 2008. Lain Real Madrid atawa Inter Milan anu ti samemehna ngudag-ngudag bari ngajangjikeun bayaran anu luhur, tapi estu kleup anu jauh tina panyangka balerea. Enya, Mourinho teh geuning kalah milih pindah ngalatih di Indonesia, tur kleup nu dipilihna teh taya lian ti: Persib, maung Bandung tea. Atuh geunjleung sakabeh ‘insan permengbalan sa-dunya.’ 

Loba nu manghanjakalkeun kaputusan Mourinho nu kalah pindah ngalatih ka hiji nagri anu prestasi mengbal tim nasionalna ge teu menyat-menyat. Aya nu nyangka yen Mourinho prustasi pedah salila di Chelsea dibaeudan bae ku Abramovich anu medit dina meuli pamaen. Aya oge nu nyebutkeun yen Mourinho geus koslet uteukna pedah salila tilu taun ngalatih di Liga Inggris tuluy-tuluyan meunang ‘tekanan’ anu kacida beuratna.

Tapi teu saeutik oge ketang, khususna jelema-jelema anu tara suudon, anu nyambut positip kana kaputusan Mourinho teh. Maranehna nganggap yen kaputusan Mourinho teh sanajan kawilang nekad tapi mangrupakeun hiji hal anu positip tur ngabuktikeun yen manehna teh jelema nu ‘haus tantangan’. Enya teu beda jeung basa Valentino Rossi mutuskeun pindah ti Honda ka Yamaha, apanan jiga kitu tah. Hayang neangan tangtangan anyar cenah, ceuk si Doktor. Ngan meureun pedah ieu mah ekstrim pisan. Ti hiji kleup beunghar di nagri nu kompetisina paling alus sadunya ka hiji kleup di hiji nagara berkembang anu prestasi mengbalna teu weleh matak ngaheruk. 

Tapi justru eta teh cenah bisa jadi ‘ajang pembuktian’ jang Mourinho. Mun pareng bisa mawa Persib muncul jadi hiji kakuatan di Asia atawa dunya tangtuna ge bakal nyababkeun ngaran Mourinho beuki seungit tur nunjukeun yen kamampuh dirina salaku palatih teh memang bener-bener ‘brilian’, lain pedah ngandelkeun pamaen bentang wungkul. Enya, jiga basa Guus Hidink bisa mawa kasebelan ...eh kasabelasan Korsel jadi juara opat di Piala Dunia 2002 apanan matak gehger jalma sadunya. Nu nyababkeun Guus Hidink dipuja-puja pisan di Korea mah. Naha mana nu bener? Duka tah. Can aya nu bisa mastikeun, sabab Mourinhona ge jiga nu teu puruneun ngabahas sual eta.

Hal nu matak panasaran oge nyaeta naha milihna teh ka Persib, lain ka... Persija, misalna, anu biasana wani mayar leuwih gede jaba salaku kleup ibukota. Apanan Chelsea ge, enya kleup manehna manten, markasna teh di London, ibu kota Inggris. Atawa naha teu milih Persik, anu jadi juara dina taun 2006, atawa kleup-kleup sejenna. Naha kudu Persib? Kateuing atuh. Apanan nu ngarang ge geus nyebutkeun yen kunaon pindah ngalatih ka Indonesia ge can bisa kajawab, komo pertanyaan nu ieu. Tapi ketang hayang-hayang teuing mah keun bae rek dibejakeun saeutik rusiahna. Cenah ieu ge, duka bener, duka henteu. Ngan pedah ieu inpo teh bejana meunang ti ‘orang dalam anu terpercaya’ nu nyaho pisan kana proses kumaha ngusahakeun Mourinho pindah ka Persib. Tapi ieu mah rusiah pisan. Omat teu menang diucah-aceh sambarangan, bisi kadengeeun ku jinisna sok komo kadengeeun ku The Jack mah. Kitu tah implik-implikna beja teh. Duka pedah naon.

Sabenerna, cenah, ieu kabeh teh alesanna mah aya hubunganna jeung kabeuki Mourinho anu rada mahiwal. Enya, bejana Mourinho teh mun dahar kudu wae make ... kurupuk. Salila ieu pihak kateringna Chelsea teh unggal bulan ngimpor kurupuk ti Indonesia husus yang Kai Jose teu kurang ti dua ton. Ngan kusabab dibawana jauh tea, bisa jadi loba teuing kaangin-angin di jalan, nepi ka London teh kurupukna sok loba nu geus laleuleus. Atuh teu kapuluk. Mun geus kitu Kai Jose sok tara ngeunah dahar. Tungtungna murang-maring, mindeng ambek-ambekan ka wartawan. Naha ti iraha Mourinho nu urang Portugal beukieun kana kurupuk? Duka tah perkara eta mah, nu ngarang ge can kapikiran. Ngan ameh tereh, percaya we yen bener Jose Mourinho teh kabeukina kurupuk. Bisi teu percaya, tanyakeun we langsung ka jinisna.

Tapi pan kurupuk mah dimana-mana ge aya, lain di Bandung wungkul? His, lain kurupuk sambarangan ieu mah. Cenah mah kurupuk kalandep Kai Jose teh ngan kurupuk ti Cikoneng. Enya Cikoneng Ciamis tea geuning. Cenah Gurihna matak Mourinho deudeuieun. Naha kudu kurupuk Cikoneng? Hih, ceuk nu ngarang ge tong loba teuing tatanya ke nu maca beuki lieur, komo nu ...ngarangna. Geus we anggap kitu. Moal matak nambahan hutang ieuh.

Tah, kusabab nu pangdeukeutna ka Ciamis teh iwal Bandung, nya ahirna Mourinho teh milih jadi palatih Persib. Jadi bisa ngagares kurupuk Cikoneng saseubeuhna jeung dijamin rarangu keneh deuih. Mokaha, hal ieu teh atuh teu wudu matak atoh pikeun para bobotoh jeung umumna urang bandung mah. Saha nu teu atoh atuh kasabelasan kareueusna ayeuna menangkeun palatih kelas dunya. Tangtu wae harepan bakal juara Ligina tur bisa ‘berbicara di tingkat Asia’ teh bakal jadi kanyataan ayeuna mah. Piraku sugan ari dilatih ku palatih kelas dunya mah.

Orokaya, sanajan manehna boga alesan pribadi pikeun pindah ka Bandung, Kai Jose teh geuningan angger menta bayaran anu lumayan gede. Manehna ngajukeun sarat nyeta gajihna kudu leuwih atawa minimal sarua jeung waktu di Chelsea. “Piraku wae atuh turun pa Wali,” cenah. “Apanan UMR ge unggal taun teh naek,” tambahna. Ku sabab kacintana ka Persib nu kacida gedena, tur mikir yen tawaran jiga kieu teh moal datang dua kali, tungtungna Pa Walikota nyanggupan kana kahayang si menir Parasman. Ngan basa diitung-itung ku biro keuangan manehna ngarenjag sorangan, sabab gajih Kai Jose teh geuningan sed saeutik jeung jumlah APDB kota Bandung ... satauneun. Beu!

Bingung ku hal eta tuluy Pa Wali ngayakeun konsultasi jeung anggota Dewan. Teu disangka-sangka para angota dewan anu tetela kabehna ge bobotoh panatik teh malah nyaluyuan tur ngarojong pisan kana usulan Pa Wali. Eta cenah APBD beak teu jadi masalah nu penting Persib nanjung. Para inohong jeung masarakat kota oge ngarojong pisan kana hal eta teh. Keun bae sual pangawangunan mah cenah, masarakat sapuk rek kerja bakti atawa swadaya. Para pagawe nagri, pemda, anggota dewan malah Pa Walina sorangan kabeh ihlas teu digajih. Maranehna kabeh ‘rela berkorban’ pikeun cita-cita Persib unggah ka ‘pentas dunia.’

Singget carita, Kai Jose Mourinho resmi jadi palatih Persib. Ngan kusabab waragadna geus beak jang mayar Kai Jose tea, para pamaen Persib anu dipilih teh pamaen lokal bae. Eta ge husus anu rido teu digajih atawa digajih sawilasana. Da anu butuheun keneh ku bayaran mah ngahaja disina pindah. Atuh pamaen asing nu samemenha maen di Persib kayaning si Barkowi, Cabanas, Bekamenga, Nyeck jeung si Jimenez betah-betah keneh ge milih balik ka nagrina sewang-sewangan. Teu puruneun maranehna ari kudu teu dibayar mah. Heu, da kaharti deuih, maenya cicing di lembur batur bari teu boga panghasilan, kateuteuari. Nya antukna nu nyesa teh ngan para pamaen lokal wae ditambah sababaraha hiji ti junior. Tapi hal eta teu jadi halangan jang Kai Jose. Kangaranan palatih propesional mah kudu bisa gawe dina sagala kondisi. Kai Mourinho jangji rek ngetrukkeun sakabeh kabisana pikeun mawa Persib kana kajayaan.

Ti poe ka poe menir Jose mere program-program pelatihan jang sakabeh pamaen. Pangalamanna nu kungsi ngalatih kleup-kleup gede kayaning Porto jeung Chelsea dipake dasar pikeun nangtukeun strategi nu diterapkeun di Persib. Ngan orokaya, tetela teu sagampang anu diharepkeun. Masing palatihna jenius ge ari bahanna sakitu-kituna mah geuning teu loba mawa perkembangan.

Atuh basa prung Liga Indonesia musim 2008 ge permaenan Persib tetela teu pati nyugemakeun. Nepi ka tujuh kali pertandingan mimiti, Persib ngan ukur bisa dua kali meunang, eta ge di kandang, tilu kali drow, sesana eleh. Atuh posisina ge ngan aya di papan tengah. Tangtuna ge ieu teh loba nimbulkeun protes ti masarakat nu kabeh ge ngarahna ka Pa Walikota. Eta meureun pedah dana APBD nepi ka koredasna apanan jang ngabiayaan Kai Jose teh. Sanajan mimitina sumanget pisan ngarojong, tapi ari geus prakna mah geuning loba oge nu ngarasula.

Mimitina mah Pa Walikota teu pati malire kana hal-hal eta. Anjeunna ngama’lum yen palatih anyar kudu adaptasi heula. “Sabar,” kitu papatahna ka rombongan panglima Viking nu datang unjuk rasa, “kabeh ge butuh waktu.” Tapi lila-lila mah Pa Walikota hareudang oge. Komo deui pada nyundutan ku pagawena nu reang pedah geus tilu bulan teu meunang gajih. Najan kitu, Pa Wali teu wani gagabah. Bubuhan urang Sunda nu handap asor, tur nyaho adat Kai Jose anu gede ambek, Pa Wali ati-ati pisan dina nunjukeun kateusugemaanana.

Dina hiji sore, bari merhatikeun para pamaen nu keur latihan, Pa Wali nanya ka Kai Mourinho.

“Cing Kang Mo, kumaha ieu teh kinten-kintenna Persib tiasa janten juara moal musim ieu?” ceuk Pa Wali ngolongan.

“Tiasa bae Pa Wali,” tembal Kai Jose kalem, “asal ... kedah aya Frank Lampard,” cenah teu riuk-riuk.

Pa Walikota ngan ukur bisa ngaheneng.
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook