Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Ceurik Rahwana



Banondari, anu lucu,
bojo kakang anu geulis, geuning, anu geulis

Kadieu sakeudeung heula, Akang rek méré pépéling,
aduh geulis, mere pépéling

Geura sambat indung bapa saméméh akang pinasti

Duh, engkang rungruman kalbu,
pupujan lahir jeung batin, Gusti, lahir jeung batin

Aya naon pangersa tara-tara ti sasari, aduh Gusti,
teu tisasari

Nyauran ragrag cisoca

Abdi mah saredih teuing

Aduh, Enung anu ayu,
nu geulis pupujan Ati, geuning pupujan ati

Akang tangtu ngababatang,
samémé akang pinasti, aduh geulis, akang pinasti

Arék ménta dihampura, lahir tumekaning batin

Pisanggem abdi kapungkur,
lilisan ka lenggah Gusti, geuning, ka lenggah gusti

Ka salira engkang pisan,
ngaturanan temah wadi, aduh Gusti, da temah wadi

Mung engkang kalalanjoan,
ngajur napsu teu dihiding

Kaduhung, akang kaduhung
kataji nu lain-lain, geulis, nu lain-lain

Kaiwat goda rancana
kagembang ku Sintawati, aduh geulis, ku Sintawati

Geuning kieu balukarna
malindes malik ka diri

Banondari akang ampun

Rumasa geus nganyenyeri… geuning

Salawasna dikakaya

Nyandung geus puluhan kali…aduh…

Manéh nu sabar tawekal

Doraka akang kabadi

Ayeuna tepung panungtung

Jeung akang moal panggih deui…geuning

Akang menta dihampura

Kaawak manéh nu geulis…aduh

Poma ulah rék gagabah

Mun boga salaki deui

Ulah milih anu weduk

Anu gagah rongkah sakti… geuning

Nu dugal sarta basangkal

Boga rasa ieu aing…aduh..

Lalanang dikolong jagat

Bakti manggulang mangguling

Nu weduk teu burung ajur

Nu sakti tanwandé mati…geuning…

Nu dugal teu burung ajal

Da taya anu linuwih…aduh…

Sakumna mahluk di dunya

Wekasanana mah sami


    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

1 comments:

  1. Hatur nuhun tos nyempetkeun waktuna kanggo postingan tentang ceurik rahwana. Bakal leuwih alus sakirana lamun di postingan iyeu aya penjelasan deui tentang lagu iyeu. Simkuring salaku warga sunda, Bandung oge jujur seeur kata-kata nu teu ngartos ti eta lirik teh. Hatur nuhun

    ReplyDelete