Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Ka Paris Usum Tiris



Ka ngaran kota Paris teh kaitung ”wawuh munding”, pan dijadikeun jujuluk kota Bandung, Parijs van Java tea. Jujuluk nu munggaran disebut di mangsa kolonial, sigana alatan Bandung jaman harita siga atawa dirancang nurutan kota Paris. Kiwari jujuluk eta masih keneh disarebut sanajan bari semu teu yakin jeung cangcaya.

Bisa ulin ka Paris teh sabenerna mah kabeneran. Batur saimah kos nu keur sakola tingkat master di Universiteit Leiden, taun kamari nganjang ka Paris. Manehna nyaritakeun cara miang ti Leiden Walanda ka Paris Perancis bari waragadna kaitung murah. Cenah make beus wisata Eurolines, jeung kudu pesen tiket ti anggangna mula. Nya pesen tiket pertengahan November 2009 pikeun indit tanggal 9 Januari, balik 12 Januari 2010, keur soranganeun. Harga tiket 39 Euro, meulina ngaliwatan internet, ti situs eurolines.com. Meuli tiket di internet mah mayarna ku cara ngasupkeun nomer rekening bank sangkan didebet tea atawa kartu kiridit. Tiketna dikirim liwat surelek (e-mail) terus dicitak ku urang pikeun diserahkeun ka supir beus pas indit. Kabeneran deuih, di Paris teu kudu nyewa kamer hotel, sabab aya babaturan, Ratna Agustina, dosen Planologi Itenas jeung carogena, Eko Budi Kurniawan, pagawe Departemen Pekerjaan Umum pusat, nu duanana keur neruskeun sakola program doktor di Université Paris. Kulawarga eta sadia nginjeumkeun kamer Nara, anakna nu karek SD kelas 2, pikeun kuring mihapekeun sare salila di Paris.

Poean indit, 9 Januari 2010, miang heula ka Den Haag, sabab beus ngajemput panumpang di terminal beus kota luhureun stasion kareta Den Haag CS. Jok beus teu pinuh. Salian bule, panumpang loba nu kulit berwarna- nu hideung jeung Asia. Beus kaluar ti kota, nyemprung di jalan raya antar-nagara. Dua jam leuwih, beus nepi jeung eureun di ’pool’ Brussel Belgia, naekeun jeung nurunkeun panumpang. Beus nyemprung deui ka wewengkon Perancis diselang ngeusi gas jeung istirahat sakeudeung di warung sisi jalan.

Jam tujuhan peuting, nepi ka terminal beus internasional Gallieni Paris Kaler. Saacan turun, pulisi Perancis mariksa paspor panumpang bari mawa anjing, mariksa bawaan panumpang. Eko geus nyampak rek ngajemput, terus nuturkeun manehna ka stasiun kareta metro handapeun terminal beus. Metro teh kareta kota Paris nu relna kalolobana dijero taneuh (torowongan). Tidinya naek metro tujuan stasion Fort d’Aubervilliers, terus leumpang ka apartemen. Cara umumna paimahan di kota Eropah, imah di Paris umumna apartemen atawa flat nu rata-rata jangkungna 4-6 lantey.

*****

Isukna, poe Minggu, piknik dimimitian bari hawa keukeuh tiis becis. Tujuan munggaran tangtuna tangara Paris, munara Eiffel tea. Indit teh make metro deui, dua kali ganti. Naek kareta handapeun taneuh, dipikir-pikir asa dina jero cacing beusi raksasa. Karunya mata, pamandangan sajajalan tembok torowongan wungkul.

Turun di stasion Trocadero, hanjat ka beungeut taneuh. Teu lila nepi ka lapangan tembok Palais de Chaillot nu sawareh katutup salju ipis sesa peuting. Loba jelema ngagimbung. Ti lapangan nu diapit dua gedong melengkung nu dijadikeun museum eta, breh munara Eiffel ngajega di kajauhan rada handap. Antara lapang tembok jeung Eiffel, ngampar taman nu katutup salju jeung balong gede nu caina beku. Langit ceudeum, ciri usum tiris. Deukeut taman aya nu daragang miniatur munara Eiffel tina beusi, diamparan plastik heureut. Leumpang muru Eiffel sisi taman nu katutup salju, bari ngilikan mobil-mobil antik sagala jaman nu keur dipamerkeun sisi jalan.

Sanggeus meuntas jalan, srog we nepi ka handapeun munara Eiffel. Ditawaran naek ku Ratna, tapi hate teu merean. Rumasa ka Monumen Nasional (Monas) di Jakarta oge acan. Alesan sejen, nenjo nu antri panjang ngaleor siga oray, beuki teu kabita naek teh.

Gigireun jalan deukeut munara Eiffel aya walungan Seine nu meulah kota Paris. Malah teu jauh ti Eiffel aya pangkalan parahu turis ‘vedettes de paris’ pikeun turis lalayaran di walungan eta. Parahu turis mah dingding sakuliringna kaca, di dek aya korsi ngaderet. Hanjakal keur usum tiris, rek diuk di dek asa hoream da hawa tiris katambah angin ngabring.

Dina parahu aya informasi ku basa Inggris ngeunaan tiap gedong penting model antik sisi walungan Seine jeung jambatan nu kaliwatan. Diantarana bae aya jambatan nu dilandih jambatan presiden. Cenah sabab jambatan eta nguhubungkeun kantor presiden jeung perdana menteri. Terus aya museum D’Orsay, wangunan urut stasion nu disulap pikeun ngoleksi seni lukis modern, terus gedong parlemen. Oge aya kasebut ’imah pangleutikna’ di Paris, mangrupa flat tilu lantey nu lebarna sigana ngan tilu meteran, diapit ku apartmen. Imah ieu kungsi dicicingan ku Albert Camus, pangarang Perancis kasohor tea. Sisi walungan ditembok batu nu jangkungna 3-4 meteran ti beunget cai. Parahu terus maju ngaliwatan pulo di tengah walungan Seine tempat gareja Notre Dame. Gareja ieu, bagean tukangna make konstruksi unik nyaeta pilar panyangga dingding ngajajar di luareun gedong. Teu lila, parahu muter, balik deui nepi ka pangkalan.

Lalampahan diteruskeun make beus kota ka Quartier Latin ngaliwatan Invalides, wangunan nu diluhurna make kubah warna emas, tempat lebu Napoleon Bonaparte di simpen sanggeus layona dipindahkeun ti pulo Sainte Héléne taun 1840. Quartier Latin atau Latin Quarter ieu wewengkon kasohor tempatna mahasiswa, sabab aya kampus Sorbonne tempatna Université Paris IV, École Normale Supérieure, École des Mines jeung kampus sejena. Disebut Latin Quartier sabab cek si cenah baheula di wewengkon ieu basa nu dipake teh Latin, malah dianggap basa resmi di dinya nepi ka taun 1793. Sigana sabab harita paelmuan di paguron luhur loba make basa Latin. Beres dahar beurang, sanajan geus sore da usum tiris mah beurang teh sakeudeung, neruskeun leumpang ka Pantheon terus ka Sorbonne nempo wangunan pabukon nu antik. Pantheon minangka basilika jeung makam para pahlawan Perancis jaman beh ditu salian ti Invalides. Di kenca peuntaseun Pantheon aya wangunan make tulisan Université de Paris Faculte de Droit.

****

Poe geus sareupna basa nepi ka lapangan hareupeun Notre Dame. Ratna jeung Nara balik ti heula. Lalampahan diteruskeun jeung Eko ka museum Louvre. Wangunan Museum Louvre asalna mah istana raja, dijadikeun museum taun 1793. Taun 1980-an, ku Presiden Mitterand ditambahan di tengah lapanganana ku tempat asup model piramid kaca nu jangkungna 21 meter. Piramid ieu jeung wangunan di handapna dirancang ku I.M Pei, arsitek Amerika wedalan Cina. Tah di museum ieu pisan disimpena lukisan karya Leonardo da Vinci nu kasohor, Monalisa.

Jalan-jalan peuting nepi ka Arch de Triomphe, ngaliwatan gedong Opera karya arsitek Charles Garnier. Gedong Opera ieu diadegkeun taun 1861-1876 jaman Napoleon III. Gedong Opera ini cenah bisa nampung 2.000 panonton. Ari Arch de Trimphe mangrupa wangunan tembok gerbang nu jangkungna sarua jeung wangunan 16 lantey, dirancang ku arsitek Jean-Francois Chalgrin, titahan Napoleon. Diwangun taun 1810-1836. Handapeun monumen eta aya ‘tombe du soldat inconnu’ alias ‘makam pahlawan teu dipikawanoh’ jeung obor luhureunana. Monumen pikeun mieling pahlawan perang ieu di kurililingan jalan place de l’Etoile nu memang buleud. Jalan ieu jadi panungtungan sabelas jalan sejen. Pikeun leumpang ka dinya, teu kudu meuntas jalan, lian ti hese da loba pisan mobil lalar liwat, disadiakeun torowongan ti trotoar jalan Champs-Elysees.

****

Poe kadua, jalan-jalan dianteur ku Ratna, da Eko na rek ka kampus, Nara sakola. Tujuan munggaran teh Le Grand Arche di La Defense, make metro deui. La Defense teh mangrupa wewengkon perkantoran nu pinuh ku gedong-gedong jangkung has perkantoran. Di tengahna lapangan beton nu disebut La Esplanade. Le Grand Arche mangrupa gedong perkantoran nu modelna niru Arch de Triomphe ngan dina wanda modern jeung leuwih jangkung. Gedong ieu hasil sayembara, nu meunangna Johan Otto Sprickelsen, arsitek urang Denmark.

Saterusna nuju ka Pompidou Center, wangunan siga pabrik nu sabenerna mah museum abad 20 nu ngampihan karya seni jeung desain modern jeung kontemporer. Ngaran wangunan ieu nginjem ngaran presiden Perancis Georges Pompidou. Di hareupeun wangunan aya escalator nu ngakut nu datang nepi ka lantey pangluhurna. Di lantey opat jeung lima aya museum seni kontemporer Perancis ti awal taun 1900an nepi ka kiwari. Diantara koleksina nyaeta karya seni modern, seni kontemporer, seni grafis, arsitektur jeung desain, fotografi, film jeung nu sejena. Aya deui karya seniman modernisme kawentar cara Joan Miro, Pablo Picasso jeung Henry Matisse.

Tujuan pamungkas teh katedral Sacre-Coeur atawa “Hate Suci” di pasir Montmarte. Saliwatan mah wangunan katedral teh siga masjid, sabab luhurna make kubah atawa belenong ngan dipuncakna lain bulan bentang, tapi tanda salib. Ku sabab ayana di pasir, nuju ka eta tempat salian bisa ku leumpang nanjak, disadiakeun kareta kabel nepi ka gigireun eta katedral. Ti Montmarte pamandangan kota Paris ngampar, sanajan teu cekas da langit ceudeum. Beres nenjo pamandangan kota, terus asup ka katedral. Patugas mere kodeu sangkan kupluk dibuka. Nya kupluk kameumeut teh dibuka, ngajenan nu boga tempat.

Isukna, rebun-rebun keneh ka stasion metro Fort d’Aubervilliers, naek metro ka terminal beus Galieni terus mulang ke Leiden Walanda. Sajajalan pikiran muter. Ngabanding-banding Parijs aseli jeung Parijs van Java.

Dimuat majalah basa Sunda Cupumanik April 2010
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment