Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Istilah Wangunan Imah Sunda



A.  Ngaran Rohangan di Imah/Wangunan
 -  Buruan, tanah hareupeun imah.
 -  Dapur, tempat mirun seuneu, masak, nyangu jsb.
 -  Garasi, tempat (kandang) mobil.
 -  Goah, pangkéng (kamar) pabéasan jeung tempat neundeun kadaharan nu séjénna, biasana di jero imah bagian tukang.
 -  Jamban, pamandian, tempat mandi.
 -  Madé, rohangan lega di tengah karaton paranti nu ngadareuheusan.
 -  Mihrab, rohangan leutik di masigit, paranti imam jeung mimbar.
 -  Pakarangan, tanah sakurilingeun imah.
 -  Pamengkang, bagian karaton atawa kabupatén (baheula) tempat nampa nu ngadeuheusan atawa masamoan.
 -  Pancaniti, tempat ngabadamikeun urusan pamaréntahan di karaton atawa kabupatén (baheula).
 -  Pangkéng, kamar, rohangan imah paranti saré atawa barangteundeun.
 -  Panyepén, tempat nyepi.
 -  Patengahan, rohangan imah nu di tengah.
 -  Pipir,  tanah tukangeun imah.
 -  Sepén, kamar leutik tempat neundeun bahan dahareun.
 -  Sitinggil, babancong, wawangunan nu lanténa rada luhur di alun-alun (baheula), paranti raja (bupati jsb.), ningali karaméan sok aya ogé nu nyebut istinggil.
 -  Srimanganti, gedong atawa tempat abdi-abdi nu rék ngadeuheus ka raja (baheula).
 -  Tepas, émpér, bagian imah panghareupna atawa pangtukangna, anu biasana heunteu ditutup kabéh ku bilik, atawa maké kaca.

B.  Babagian Imah/Adegan
 -  Abig (ampig), bilik juru tilu dina pongpok leuit atawa pongpok imah.
 -  Adeg-adeg, pananggeuy nok dina suhunan.
 -  Ambén, tepas imah panggung nu lanténa tina palupuh.
 -  Babancik, golodog, papanggé.
 -  Balandar, sarupa balok nu wangunna pasagi opat dipasang di luhur kuda-kuda pikeun nahan usuk dina rangka hateup.
 -  Bangbarung, kai atawa awi antara tihang panto di handap.
 -  Cempéd, lakop, papan heureut atawa awi sabébék anu dipaké nutupan sarta mageuhan sisi-sisi atawa sambungan bilik.
 -  Dalurung (darurung), awi guluntungan atawa kai antara pananggeuy jeung palupuh dina imah panggung.
 -  Damit, iga-iga leuit, palang dada luareun bilik.
 -  Deudeul, tihang pondok panahan dalurung (di kolong imah panggung).
 -  Érang-érang, awi atawa kai nu aya di antara dua tihang panto atawa jandéla belah luhur.
 -  Eréng, awi bébékan atawa kai paranjang nu dipaku kana usuk pikeun ngaitkeun ceuli kenténg, numpangkeun séng jsb. nu dipaké tutup suhunan (hateup).
 -  Gagalur, kai atawa beusi panahan tataban.
 -  Galar, palang dada, kai malang antara dua tihang wates sadada (harigu) luhurna, sok dipaké barangteundeun.
 -  Golodog, tangga paranti unggah-unggah di imah panggung.
 -  Hateup, tutup imah di luhurna, supaya iuh, ulah kapanasan, asup cihujan jsb.
 -  Heuay badak, liang haseup,  bangunan pasagi dina suhunan dapur, maké hateup deui sina calangap.
 -  Iga-iga, pamageuh bilik jeung bilik deui, awi golondongan, jaman bilik rangkep dianggangkeun.
 -  Jandéla, lawang cahaya jeung hawa dina bilik atawa dingding témbok nu biasana bisa dibuka jeung ditutup cara panto, aya ogé nu make sarigsig.
 -  Jungjang, kai atawa awi anu dipalingpangkeun antara dua tihang supaya ulah réyod, pamageuh saung atawa raraga imah nu rék di adegkeun.
 -  Juré, kai suhunan antara pucukna jeung juru imah nu opat.
 -  Kolong, rohangan dihandapeun imah panggung.
 -  Kuda-kuda, balok kai nu dipasang déngdék anu nyambungkeun tihang adeg jeung pamikul.
 -  Kusén, kai rangkay panto atawa jandela.
 -  Lincar, cempéd (papan) rubak pikeun nutup bilik ti belah luar, lebah darurung, atawa pikeun nutup tungtung darurung nu di hareup (dina imah panggung).
 -  Mundu, golodog panto.
 -  Palang dada, galar.
 -  Palipid, palisir, papan nu dipaké nutup tungtung usuk supaya ulah katénjo rogokna.
 -  Palisir, palipid.
 -  Palupuh, lanté imah panggung nu di cacag ka panjangna tuluy dibébérkeun sarta diamparkeun dina dalurung.
 -  Pamikul, panahan suhunan ka panjangna imah.
 -  Pangérét (panghérét), pamikul rubakna atawa heureutna imah.
 -  Panto, panutup lawang imah nu bisa dibuka jeung dipeundeutkeun (ditutup).
 -  Papanggé, golodog atawa babancik.
 -  Para, bagian imah antara suhunan jeung lalangit.
 -  Pondasi, dasar atawa tatapakan adegan témbok (gedong), pasangan batu jeung adukan dina rorakan anu jerona nepi kana lapisan taneuh nu teuas.
 -  Pongpok, rohangan di sisi (handapeun suhunan) anu sok ditutup ku abig (ampig).
 -  Ranki, sabagian tina suhunan imah baheula anu dijieun tina sasag paranti hateup balubur.
 -  Sarang, awi beunang meulahan saperti eréng nu dipasang dina dalurung handapeun palupuh.
 -  Sarigsig, ruji, sarup, pager sap, dina jandéla, liang hawa jsté. tina kai atawa beusi supaya ulah beunang diponcoran.
 -  Siku-siku (sisiku), kai atawa awi sateukteuk pikeun ngawewegan raraga imah jsb.
 -  Sorondoy, hateup panambah gigireun atawa tukangeun adegan nu geus aya.
 -  Sosompang, wawangunan panambah mangrupa kamar, biasana keur saheulaanan.
 -  Suhunan, bagian imah nu pangluhurna, ngujur manjang nurutkeun wangun imah.
 -  Tataban, papan kandel nu dipaké lanté imah panggung jsté.
 -  Tatapakan, batu atawa témbok tempat napakna tihang imah.
 -  Teer, kai atawa awi guluntungan nu nyambungkeun antara dua tatapakan.
 -  Tihang, kai atawa awi panjang nu ditangtungkeun pikeun nahan pamikul imah jsté.
 -  Usuk, kaso-kaso.
 -  Wuwung, tutup hateup sapanjang sambungan suhunan, tempat patepungna dina puncak suhunan (témbok atawa séng).
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook