Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Peucang jeung Maung


Dina hiji poe, wanci haneut moyan, peucang keur nyatuan bari moyan.

“Geunaheuuuun pisan! Awak seger kapoyanan, hakaneun raweuy sakuriling bungking, harejo ngemploh bangun nu aramis. Atuh lain ponyoeunana”, ceuk peucang teh. Sangges seubeuh, brek depa dinu poyan bari hantem guyam gayem.

Bakat ku genah, lila-lila lengguuut, lengguuut....nundutan! Hanjakal....gaur teh sora maung! Leuweung eundeur! Kabeh sato rarewaseun! Manuk rabeng. Monyet rajleng, marmot tipaparetot, kelinci tipaparatit, oray pating goloyor, sarerea lalumpatan neangan kasalametan. Ngan sakiceup kaayaan di dinyajadi jempling, da pangeusina bubar katawuran.

Peucang mah teu kaburu ngejat, kaberedeg! Keur nundutan atuda! Barang gok jeung maung teh, ukur bisa curinghak. Rek kabur teu kaburu, mun lumpat bakal kaudag. Ukur sagajlengun atuda anggangna teh. Tapi dasar peucang mah boga lalakon! Sok loba akal deuih. Sieunna ukur sakeudeung. Hatena gancang ditenang-tenangkeun. Utekna muter neangan akal, kumahaa....carana sangkan salamet?

Da enya, peucang teh kalah gogoleran! Atuh maung teh nepi ka gogodeg bakting ku heran. Les we poho rek ngarontok ge, da haben wae gogodeg! Ari peucang bari gogoleran teh, am ngahuapkeun daun jati tea, terus diweswes-dibeuweung. Apan daun jati mah mun direbus ge sok beureum, komo atuh dicapek mah. Sungut peucang mani burahay beureum kawas lamokot ku getih. Ongkoh da dihajakeun sina ngabulaeh. Malah sina lutah-luteh kana beungeutna. Geus kitu mah celegeneng peucang nangtung. “Tah geuning! Kabeneran yeuh datang maung sasiki deui! Yap kadieu urang hakan, malaur kuring can seubeuh....!” ceuk peucang bari nyentak.

Maung kalah pok nanya, “naon maneh teh, peucang? Dedengean teh urang hakan-urang hakan kitu...? can seubeuh-can seubeuh kitu....naon?”

“Bener! Bieu kuring tas ngahakan maung hiji.... yeuh tenjo beungeut kuring nepi ka beureum kieu, kaceretan ku getihna ieu teh....!” ceuk peucang bari ngalengkah ngadeukeutan sarta ngasrogkeun beungeutna, “Teu seubeuh geuning ukur hiji mah, sukur maneh datang, keur nyeubeuhkeun.....heug seug ka dieu!” maung mundur nenjo peucang ngeteyep ngadeukeutan teh. 

“Na ti iraha maneh beuki maung, Cang....?” maung ngadegdeg. “Heueuh! Boa alo maneh nu bieu dihakan ku kuring teh? Aya alusna, sasarap ku alona, nyeubeuhkeun ku emangna. Maneh teu percaya ka kuring? He maung goreng patut, mun maneh teu percaya kuring tas ngahakan maung, tuh tempo disumur aya keneh huluna! Teuas! Dikokos ge kuriak punglak huntu....lung weh dialungkeun...., jig tempo hulu alo maneh! Tuh dijero sumur!”  Nempo peucang siga nu napsu pisan, maung beuki sieun. Tapi hatena panasaran, hayang nempo hulu maung di jero sumur.

Pek enya we di jero sumur teh aya hulu maung, peresis sagede manehna deuih! “Boa-boa heueuh alo kuring?” ceuk pikirna. Sarta teu antaparah deui belenyeng weh maung kabur mani mangprung, gogorobasan sagala didupak. Mani asa sageup-geupeun awakna dikerekeb ku peucang. Dasar maung bodo, manehna teu sadareun, yen hulu maung nu katempo di jero sumur teh, lian ti kalangkang hulu manehna sorangan. Peucang ngagakgak ningali kabodoan maung. “Dasar sato bodo! Kalahkah we huntu ranggeteng!” ceuk peucang bari teu eureun-eureun seuseurian.
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

1 comments:

  1. unsur intrinsik tina dongeng Peucang jeung Maung?

    ReplyDelete