Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Pucuk Daun Salam


Salam (Syzygium polyanthum), salah sahiji ngaran tatangkalan nu hirup di bangsa urang hususna di tatar Sunda.

Tangkalna sarua jeung tangkal tutuwuhan séjén nu teuas, jangkungna aya nu nepi ka 30 méterna. Kulit tangkalna warnana abu-abu semu coklat jeung sok mareulah. Daunna lalonjong tur aruratan, pahareup-hareup dua daun dina régangnana. Buahna raranggeuyan laleutik. Lamun geus asak warnana beureum, rasana amis semu kesed.  Melakna bisa tina sikina dikongkoakkeun atawa kucara dicangkok.

Daunna, ilahar dipaké pikeun bungbu asakan tumis, pais atawa semur ku ibu-ibu. Keur mangsa usum hujan, pucuk-pucuk daunna ngémploh héjo.

Di sababaraha wewengkon, pucukna sok dijadikeun lalab, coél sambel. Kulantaran rasana nu kesed, pucuk daun salam nu dikonsumsi pikeun lalab, biasana dihijikeun jeung pucuk daun gedang atah diémbohan ku daun surawung. Dua lambar pucuk daun salam, sacuir pucuk daun gedang jeung sagagang pucuk surawung, tilepkeun ngajadi hiji, coel kana sambel tarasi atawa sambel oncom, pasti nikmat.

Rasa kesed tina daun salam jeung pait tina daun gedang sirna, kalandih ku sensasi rasa lalab nu nikmat tur seungit.

Salian keur lalab jeung bungbu dapur, daun salam ogé sok dipaké tamba pikeun nu boga panyakit kolesterol, darah tinggi (hipertensi), jeung nyeuri lambut.
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook