Purwakanti nyaéta padeukeutna sora kecap dina ungkara kalimah, bagian-bagian kalimah, atawa réndonan kecap-kecap; utamana dina puisi. Perenahna bisa ngaréndéng dina sakalimah atawa sapadalisan, bisa ogé ngaruntuy dina antar padalisan. Nilik kana perenahna, aya nu disebut purwakanti rantayan (ngajajar), purwakanti runtuyan (ngaruntuy antarpadalisan), sarta gabungan runtuyan jeung rantayan.
Nurutkeun papasingan M. A. Salmun, purwakanti téh aya 10 rupa, nyaeta:
1. Purwakanti pangluyu
Purwakanti pangluyu téh nyaéta purwakanti anu aya dina saungkara atawa sapadalisan, lain purwakanti antarungkara atawa antarpadalisan; jadi mangrupa purwakanti rantayan. Pangna disebut pangluyu, duméh nyaluyukeun sora atawa wianjana dina kecap-kecap. Contona:diteuteup ti hareup sieup (eu, eup) disawang ti tukang lenjang (a, ang) ditilik ti gigir lenggik
2. Purwakanti maduswara
Purwakanti maduswara nyaéta purwakanti anu murwakanti sora vokalna. Contona:Kokoro nyoso malarat rosa (o,o;a,a) ambek nyedek tanaga midek(e) kapipit galih, kadudut kalbu (i,i;u,u) lalaki langit lalanang jagat (a,i;a,a)
3. Purwakanti cakraswara
Purwakanti cakraswara nyaéta purwakanti anu timbul lantaran aya sora-sora vokal anu patukeur tempat dina kecap anu padeukeut atawa saungkara.Contona: hirup-hurip anjuk hutang ngumbar napsu
4. Purwakanti laraspurwa
Purwakanti laraspurwa téh nyaéta purwakanti anu murwakanti engang atawa wianjana awal kecap, boh rantayan boh runtuyan. Conto laraspurwa wianjana: Cing cangkeling manuk cingkleung cindeten (tina kakawihan) Laut kidul kabéh katingali (tina guguritan) Kembang bodas buah bunder (tina wawangsalan) Conto laraspurwa engang: palataran pasini patisakadar sabrang salayannu nyaksrak nyaliara ngaruksak ngaraksuk kaniaya kamamalana manjang ngabanding ngaranjing ngambah jagat duriat
5. Purwakanti larasmadya
Purwakanti larasmadya teh nyaeta purwakanti anu dumasar kana perenahna aya di tengah-tengah ungkara antarpadalisan. Jadi mangrupa purwakanti runtuyan. Contona: Sok hayang nyaba ka Bandung Sok hayang nyaho nanjakna Sok hayang nanya nu pundung Sok hayang nyaho nyentakna
6. Purwakanti laraswekas
Purwakanti laraswekas nyaéta purwakanti anu murwakanti engan tungtung, boh dina kecap-kecap anu saungkara (sapadalisan) boh dina kecap-kecap antarpadalisan (di tungtung padalisan). Jadi, anu jadi patokanana téh perenahna. Contona:Pecat sawed bati ewed tengah dalu ngan hanjelu mo humandeuar ku kadar teu rék lumpat ku nu ngupat
7. Purwakanti mindoan kawit
Purwakanti mindoan kawit nyaéta purwakanti anu muncul lantaran aya kecap anu dipindo (dibalikan) deui dina awal padalisan atawa awal ungkara. Anu jadi patokanana téh nyaéta perenahna éta purwakanti.Contona:Lain bangban lain pacing,lain kananga kuduna.Lain babad lain tanding,lain ka dinya aduna
8. Purwakanti mindoan wekas
Purwakanti mindowan wekas nyaéta purwakanti anu muncul lantaran aya kecap anu dipindo (dibalikan) deui dina tungtung padalisan atawa ungkara. Contona:Kaseuseueuran istrina sok hayang ginding teu diturut ka carogé maling-maling carogéna keur goréng ulaheun ginding samping goréng bajuna teu maké kancing.
9. Purwakanti Mindoan Kecap
Purwakanti mindoan kecap nyaéta purwakanti anu muncul lantaran malikan kecap dina kalimah, tapi hartina béda. Purwakanti mindo kecap sarua jeung diapora.Contona:Hujan ngaririncik, kawas méré kila-kila yén bakal hujan cisoca. Awakna nu ngalangkang katojo cahaya bulan purnama, teu weléh ngalangkang dina kongkolak panon.
10. Purwakanti margaluyu
Purwakanti margaluyu téh nyaéta purwakanti anu timbul lantaran aya kecap dina tungtung padalisan, dina puisi anu dibalikan deui dina awal padalisan sapandeurieunana. Contona: Sukingki haté sukingki sukingki paselup bungah Bungah kagiridig simpé Simpé awak talipurna talipurna manjing sirnasirna ringkang nu sakujur sakujur kadua rasa
Ku: Drs. Budi Rahayu Tamsyah, Spk., Kamus Istilah Tata Basa jeung Sastra Sunda, Pustaka Setia, Bandung, 1999. Sumber: Nyarios Sunda
Cateten: Gambarna teu nyambung :)
0 comments:
Post a Comment