Kenging Kang Darmawan Toh
Arang nu wanoh kana kacang dadap mah sigana. Sabab can aya nu pirajeunan ngahagalkeun melak keur tatanén utama. Ngan saukur dipelak di sisi kebon atawa atawa dina galengan sawah.
Hasil utama tina tangkal kacang dadap, salian ti kacangna nu pelem digoréng atawa diangeun, daun anu kolotna alus keur parab ingon-ingon, ogé pucukna sok dipaké lalab. Buahna nu ngora, bisa diurab atawa bahan campuran angeun lodéh jeung angeun hérang. Pucukna nu dilalab atah, biasa dicampurkeun jeung daun surawung, pucuk leunca atawa lalab lianna, karasana bakal leuwih nikmat. Aya ogé nu sok diurab atawa campuran lalab loték.
Di Banjaran, Bandung Kidul disebut kacang dadap atawa kacang heuras, di sawatara wewengkon aya nu nyebut kacang koro, kacang tunggak, kacang otok jeung kacang tolo.

Kacang dadap nu ngaran ilmiahna Vigna unguiculata subsp. unguiculata, bisa tumuwuh dina taneuh anu kumaha waé. Biasana dipelak tumpangsari di kebon jagong, suuk, hui atawa digalengan sawah.
Kacang dadap hadé dipelak keur ngagemburkeun taneuh, sabab bisa tumuwuh dina taneuh nu angar jeung waktu tumuwuhna nu hawara. Daun, tangkal jeung gagangna nu geus baruruk, bisa dipaké rabuk anu miboga kandungan nitrogén nu hadé.
Jenisna sarua jeung kacang panjang (Vigna unguiculata ssp. sesquipedalis), ngan béda tina subspesiesna, kaasup tuwuhan sausum sakali. Tumuwuh ngarekahan ka gigir jeung ka luhur teu ngareuy, jangkungna nepi ka 80 séntiméter. Buahna panjang kira-kira 10 nepi ka 30 séntiméter, ngagantung regas tur heras. Kembangna warnana bodas ngabentuk kukupu, jumlah daunna dina sagagang aya tilu lambar jeung rada raregas.
Salian ti keur bahan pangan kacang dadap bisa keur ngubaran panyakit lambut, ogé bisa pikeun ngancurkeun kolesterol, nyaimbangkeun tekanan darah, ngurangan resiko panyakit jantung sabab ngandung kalium. Kadar minyak jeung kalori nu saeutik, kacang dadap alus keur nu ngajalankeun program diét, nyegah tina panyakit diabétes. Oge ceuk informasi séjénna, kacang dadap miboga kandungan protein jeung zat besi nu undak, hadé pisan keur ngajaga sangkan jauh tina panyakit anemia, jeung sumber energi pikeun awak urang, gaganti daging.

Mairan ku Google
Mairan ku Facebook