Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Lalab: Daun Katuk

 
Saha nu teu apal kana daun katuk? Tutuwuhan nu osok diangeun hérang atawa dikulub, dipaké coél sambel.

Katuk (Sauropus androgynus) teh sayuran nu loba tumuwuh di Asia Tenggara. Miboga hasiat pikeun ngalacarkeun ci susu (ASI).  Mangfaat sejenna pikeun anu panas padaharan, keur ngagomplokkeun buuk. Baheula mah, lamun orok atawa budak leutik geus didugulan, sirahna téh osok dibaluran ku daun katuk anu meunang ngagélang.

Melak katuk kawilang gampang. Neukteuk tangkalna, terus tancebkeun dina taneuh. Jieun pager hirup, ngan lamun usum halodo, kudu getén nyéboran.
 
***

    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook