Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Binahong





BINAHONG nya éta ngaran tutuwuhan ti Tiongkok anu dipikawanoh minangka ubar, ngaran aslina nya éta Dheng San Chi.  Ieu tutuwuhan téh geus dipikawanoh miboga mangpaat pikeun ubar anu kacida alusna sarta geus rébuan taun dikonsumsi ku urang Tiongkok, Koréa, Taiwan jeung réa-réa deui. Di wewengkon Asia Tenggara, ieu tutuwuhan téh minangka bahan kadaharan anu wajib didahar ku masarakat Viétnam nalika ngalawan invansi Amérika, tapi hanjakalna pepelakan ieu dawam kénéh pikeun masarakat Indonésia .

Ciri-ciri
Binahong mangrupa tutuwuhan anu ngarambat, umurna panjang (perenial), panjangna bisa nepi ka 5 m. Watangna beyé, silindris, silih meulit, warnana beureum. Daun binahong mangrupa daun tunggal, pakangna kacida pondokna (subsessile), warnana héjo, wangunna siga jajantung (cordata), panjangna 5 nepi ka 10 cm, rubakna 3 nepi ka 7 cm, lambaran daunna ipis, leuleus, tur leueur, tungtungna seukeut, sarta sisina rata. Binahong miboga kembang anu ngawangun turuy, pakangna panjang, mecenghul dina kélék daun, makutana warna krém semu bodas, jumlahna lima lambar, panjang lambaran makutana 0,5 nepi ka 1 cm, kaangseuna seungit. Akarna mangrupa akar rimpang, dagingna beyé.

MangpaatBinahong mangpaat pikeun ngagancangan cageurna sabada operasi, ngajuru, sundatan, jeung sagala rupa tatu anu dijero, sarta radang usus .Ngalancarkan perédaran jeung tekanan getih. Nyingkahan stroke, maag, asam urat. Menambah daya tahan awak. Ngubaran ambeien Ngalancarkeun kahampangan, ngising, jeung ubar diabetes. Ceunah..

Kenging kang Moed Al Busyaeri
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook