Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Mohamad Toha, Pahlawan Bandung Lautan Api (III)

Balik ti Garut, Toha ka asrama deui. Paromanna katémbong marahmay. Indung jeung adina saralamet, sarta henteu matak pikahariwangeun, lantaran indungna geus boga pangasilan. Najan pangasilanana henteu gedé, tapi cukup wé keur hirup duaan mah.

Lain éta baé anu matak manéhna bungah téh. Datang-datang ka markasna, Mohamad Toha meunang pancén ti komandanna, kudu nyusup jeung nalungtik daérah musuh. Puguh baé asa mobok manggih gorowong. Keur mah hayang ti baréto ka daérah musuh téh, ari ayeuna diparéntah pisan ku atasanana. Mohamad Toha meunang pijalaneun pikeun ngancurkeun pertahanan musuh.

Ka salasaurang anak buahna mah pok pisan, manéhna meunang kasempetan anu hadé pikeun nyerbu gudang mesiu musuh. “Peuting ieu, Bapa rék jibaku,” pokna téh. Ka anak buahna anu séjén ngomong kieu, “Leuwih hadé paéh batan jadi tawanan musuh. Tapi, saméméh paéh kudu ngancurkeun heula gudang mesiu musuh.”


Tékad Mohamad Toha geus buleud. Peuting éta, Mohamad Toha, sasatna mah pileuleuyan jeung anak buahna. Malah arlojina ogé dibikeun ka babaturanana di komando pos tilu, bari dimplik-implikan, “Pék baé paké ieu arloji téh, ulah nepi ka ruksak! Saha nu nyaho kuring mah teu balik deui.”

Réngsé éta, kakara Mohamad Toha indit ka médan perang mingpin anak buahna. Harita téh tanggal 9 Juli, peuting. Pasukan Toha nyulusup ka daerah musuh babarengan jeung Pasukan Hizbullah sarta Pasukan Pangéran Papak, meuntas Walungan Citarum.

Kakara gé nepi ka daérah musuh, anak buahna aya nu nincak ranjow, anu dipasang di sabudeureun gudang mesiu. Jelegur ranjow ngabeledug! Kanyahoan ku musuh. Der bad silitémbak. Sawatara prajurit urang tatu. Aya nu parna, aya nu énténg tatuna téh.

Harita Toha téh aya di tengah-tengah barisan. Teu maliré kana tingbelesatna pélor, Toha maju ngadeukeutan gedong pertahanan musuh. Niatna geus panceg, rék ngabeledugkeun gudang mesiu téa. Sanajan ku cara kitu téh, sarua baé jeung narohkeun pati.

Tapi, can gé maksudna laksana, Toha katangkep mantén ku musuh. Duaan jeung Mohamad Ramdan ti Pasukan Hiz¬bullah katangkepna téh. Mohamad Toha jeung Mohamad Ramdan ditawan di Dayeuhkolot, di Gedong Listrik. Tempatna teu jauh ti gudang mesiu, anu geus lila jadi inceran Mohamad Toha.

Sakumaha ka tawanan baé, Mohamad Toha jeung Mohamad Ramdan, nandangan rupa-rupa panyiksa. Maksudna sangkan ngabocorkeun rusiah anu aya patalina jeung pasukan urang. Tapi duanana tetep tabah. Tibatan betus, leuwih suka diala nyawa.

Dina hiji kasempetan, prajurit-prajurit musuh anu ngajagana, diserang ku Mohamad Toha. Najan bisa leupas tina genggeman musuh, angger baé moal bisa kaluar ti éta tempat, lantaran dijaga ku tentara Walanda, anu samakta pakarangna di unggal titik. Jeung deui mémang maksudna ogé lain rék kabur.

Mohamad Toha lumpat ka gudang mesiu téa. Manéhna nyokot garanat, terus dibalédogkeun ka gudang mesiu. Jelegur wé, gudang mesiu teh ngabeledug. Nya henteu sakaligus ngabeledugna téh. Pokona mah sakabéh bahan peledak, garanat, katut senjatana, anu gedéna anu leutikna, patingjelegur jeung patingbeledug.

Ku rosa-rosana anu patingbeledug, sorana nepi ka kadéngé ka tempat anu jauhna leuwih ti 70 kilométer ti Dayeuhkolot. Gedong Listrik anu dipaké pertahanan musuh ancur: Imah-imah, tatangkalan, jeung sajabana anu aya di sabudeureunana ancur deuih. Haseup mulek minuhan langit Bandung Kidul.

Korban ti pihak musuh loba pisan, geus teu kaitung jumlahna. Mohamad Toha ogé gugur di dinya, babarengan jeung Mohamad Ramdan. Kitu tah perjoangan Mohamad Toha téh. Toh pati lali jiwa téh bener-bener, pikeun ngabélaan lemah cai.

Kajadian dibeledugkeunana gudang mesiu di Dayeuhkolot téh matak ngageunjleungkeun. Lain baé sa-Indonésia, aweuhanana nepi ka sakuliah dunya. Temahna pikeun tentara urang harita, jadi leuwih ngagedurkeun sumanget pikeun bajoang mertahankeun kamerdékaan.

Rengse

Kenging Kang Budi Rahayu Tamsyah
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook