Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Manisan Cangkaleng

SALAH sahiji kulinér lebaran téh manisan cangkaléng. Amis jeung nyakrek. Seger mun dituang siang-siang :). 

Resép ngadamel manisan cangkaléng kira-kira kieu:
  1. Cangkaleng di keueuman ku cai béas salami dua dinten.
  2. Teras dikumbah. Dituuskeun.
  3. Banjur ku cai ngagolak. Tuuskeun deui.
  4. Kénging nuuskeun, lebetkeun kana baskom atanapi panci. Awuran gula bodas.
  5. Kucuran pewarna khusus tuangeun. Lebetkeun daun pandan kénging motongan. Tunda sadinten.
  6. Ènjingna kaluar cai. Cangkaléng disaring. Pisahkeun.
  7. Caina dipanaskeun sing nepi ka ngagolak.
  8. Tos tiis caina, campurkeun deui kana cangkaléng.
  9. Satungtung caian kenéh, teras panaskeun, tapi caina hungkul nu dipanaskeunna.
Warna kanggo tuangeun seueur diicalan dina bentuk pasta, essens berperisa. Warna héjo biasana essens pandan. Kapungkur mah warna héjo kanggo tuangeun téh tina daun pandan sareng daun suji, dibebek teras dipeureut diarah caina.

Tapi ayeuna mah aya resep nu leuwih gampil.  Nyeta nganggo Fanta.  Cangkaléng nang ngumbah digodogkeun sareng fanta strawbery tambihan gula sacukupna. Tos ngagolak ogé caina macak-macak, tiiskeun. Teras simpen na kulkas.

Manisan cangkaleng siap diopi :)
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook