Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Gatrik

GATRIK teh salah sahiji kaulinan barudak di lembur.  Duka ketang, ayeuna masih keneh aya teu, nu sok maenkeun? Mudah-mudahan aya.

Biasana dimaenkeun ku duaan atau dua grup. Maenna giliran. Nu saurang atawa sa grup maen, nu saurang atawa grup hiji deui jaga.

Maenna ngagunakeun alat mangrupa potongan awi.  Nu hiji leuwih panjang, kurang leuwih ukuran 30 senti, nu hiji deui leuwih pondok, kira-kira 10 sentian.

Inti permaenanna mah ngarahkeun awi pondok ku awi panjang ku jalan ditakol bari nukangan, sajauh-jauhna tug nepi ka teu keuna.     

Nu maen mimiti masangkeun awi pondok dina sapasang batu.  Bisa oge dina bata atawa naon wae.  Intina anu bisa dipake neundeun awi pondok sangkan aya lolongkrang keur noker, ngapungkeun awi pondok ku gagang awi nu panjang.

Awi pondok terus ditoker ku awi nu panjang.  Diapungkeun ti handap nepi ka saluruheun sirah.  Tuluy diteunggeul ku deui ku awi panjang sangkan ngabelewer jauh.

Nu saurang ngajaga rada anggang tinu maen tadi, terus nyanggap awi leutik nu diapungkeun tadi.  Mun kasanggap di luhur keneh terus dibaledogkeun kana awi panjang nu geus diteundeun dina bata. Mun beunang, nya wayahna gantian maenna. Hartina nu tadi maen eleh.

Tapi mun teu beunang, dituluykeun jaga deui nungguan deui pamaen nu mimiti neruskeun lalampahan.  Awi pondok ditangtungkeun, dicekelan ku leungeun anu kenca terus ditakol sina ngabelewer jauh.

Nu ngajaga nyanggap awi leutik nu ngabelewer tadi. Mun beunang, cukup ti dinya nu ngajaga kudu ngakod pamaen mimiti nepi ka tempat asal.

Tapi lamun teu beunang, pamaen mimiti nuluykeun nakolan awi pondok ku awi panjang bari mundur.  Tug nepi ka teu katakol. Mun geus teu katakol, diganti ku baturna sa gurp.  Terus nepi ka beak.

Hukumanna nu jaga kudu ngakod pamaen mimiti ti tempat terakhir nepi ka tempat asal. Tuluy mun geus ngakod, karek giliran bagean nu ngaajaga jadi pamaen.  Kitu we gantian.
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook