Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Hanjuang


TANGKAL hanjuang pikeun urang Sunda mah geus moal bireuk deui.  Tuwuhan ieu sok aya di ungal buruan atawa dina wates kebon atawa sawah.  Ngahaja dipelak pikeun jadi ciri (patok) wates tanah.

Hanjuang teh loba rupana. Aya nu hejo semu coklat, aya nu beureum. Dina basa sejen, hanjuang sok disebut daun andong, Lak-lak (Aceh), Si linjuang, Linjuang (Batak), Sawang (Dayak), Endong, Andong (Jawa), Handwang (Bali) jrrd saluyu jeung sebutan di wewengkon sejen. Basa Latena Cordyline fruticosa pikeun hanjuang beureum.

Sajaba pikeun wates, hanjuang tetela ngandung khasiat pikeun dijadikeun Obat Tradisional.  Khasiat Hanjuang diantarana:
  1. Batuk anu getihan
  2. Disentri
  3. Haid anu kaleuwihan
  4. Wasir/Ambeien getihan
Pikeun wasir:
Daun Hanjuang seger 3 lambar, daun Handeuleum 7 lambar digodog, diinum 2x sapoe isuk jeung sore sakali nginum saparapat cangkir.

Pikeun Batuk getih jeung Haid kaleuwihan:
Daun hanjuang seger 5 lambar,cai panas sacukupna terus di leobkeun di inum sapoe sakali saparapat cangkir.

Kandungan kimia anu aya dina Hanjunag nyeta Steroida, Saponin jeung polisakarida.

Hanjuang sok aya dina acara ngeuyeuk seureuh, ngaras, dibuat jsb.

Dicutat ti grup FB Pustaka SundaKintunan Kang Rohman Gumilar.
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook