Aya dua makam ngarendeng, dilingkung ku pager beusi jieunan beh dieu jeung tatangkalan galede nu rajeg mawa sima. Ku sabrehan ge katempo yen makam teh lain makam samanea. Salian ti babatuanna nu lukutan kandel, cirining umurna geus heubeul pisan, oge ku ukuran jeung bentuk eta makam nu beda jeung makam-makam biasa.
Makam nu hiji leuwih gede batan hijina deui. Nu gede tangtuna ge makam Kangjeng Dalem. Sedeng nu hiji deui duka nu saha. Bisa jadi garwana, matak direndengkeun oge. Hanjakal teu kungsi panggih jeung kuncen, jadi teu bisa tetelepek. Ukur bisa maca tutulisanna nu ditapelkeun dina saung nu aya gigireun makam handapeun batu nu ngajegir sagede mobil beus, nu wanti-wanti majar tong ngaganggu kana barang-barang nu aya sabudeureun eta. Nguriling ka belah katuhu, handapeun batu aya hiji deui saung teh. Nu ieu mah nyanghareupan hiji celah batu (guha), nu jigana sering dipake nyepi. Di dinya ge aya tutulisan nu sarua.
***
Ti saprak nyaho yen di wewengkon Gunung Babakan aya situs makam Dalem Prabu Singaperbangsa kuring memang jadi rada panasaran. Panasaran, kusabab tokoh Singaperbangsa teh hiji tokoh nu historis, dina harti kacatet resmi dina sajarah formal, lain ukur tina dongeng atawa legenda. Hanjakalna teu pareng bae. Karek minggu kamari bisa teh. Padahal da teu jauh. Keur mah lokasina memang asup ka wewengkon leuweung nu ayeuna jadi tanggungjawab kuring.
Nurutkeun situs resmi pemkab Karawang mah, Singaperbangsa teh jenengan bupati Karawang anu kahiji, nu jumeneng di abad XVII, jaman tatar Sunda kaereh ku Mataram. Anjeunna diistrenan bupati ku Sultan Agung dina taun 1633, tur pupus dina taun 1677. Makamna aya di Desa Manggung Jaya Kacamatan Cilamaya, kurang leuwih 40 km ti pusat kota Karawang, nu matak katelah oge Eyang Manggung. Kiwari, jenenganana diangge jadi ngaran universitas jeung stadion olahraga di Karawang
Naha geuningan di Banjar ge aya makam Dalem Singaperbangsa? Naha aya hubunganna?
Aya cenah mah. Nurutkeun sababaraha sumber nu ku kuring dikotektak, Kangjeng Adipati Singaperbangsa nu jadi bupati munggaran Karawang teh, bibit buitna mah memang ti Galuh. Persisna ti hiji tempat nu ngaranna Kertabumi. Nu matak basa dibenum jadi Bupati Karawang ku Sultan Agung ge gelarna teh Adipati Kertabumi IV.
Ari Kertabumi, asalna hiji karajaan leutik di tatar Galuh nu ngadeg di tungtung Abad 16. Nurutkeun Buku Sejarah Ciamis nu diterbitkeun ku Pemkab Ciamis bareng LPPM Universitas Galuh taun 2005 mah, sabada runtagna karajaan Sunda Pajajaran di taun 1579 ku serangan tentara Banten, karajaan Galuh, nu masih mertahankeun corak Hindu, ngadeg merdeka nepi ka taun 1595, tur rajana jenengan Prabu Maharaja Sanghiyang Cipta di Galuh. Puseur karajaanna aya di Cimaragas.
Dina taun 1595, pangaruh pulitik Mataram nepi ka Tatar Galuh. Tapi Panembahan Senapati, nu harita masih sibuk nalukkeun wilayah-wilayah Jawa basisir, can pati negeskeun kakawasaannana. Dina harti, karajaan-karajaan di tatar priangan, kaasup Galuh, masih diaku salaku hiji karajaan, can jadi bagean langsung pamarentahan Mataram. Hal ieu dicirikeun ku para pangawasana nu masih keneh make gelar prabu atawa maharaja.
Taun 1610 Maharaja Sanghiyang Cipta mangkat, tur diganti ku putrana, Prabu Galuh Cipta Permana, nu satuluyna mindahkeun puseur kakawasaan ka Gara Tengah (Cineam ayeuna). Beda jeung ramana nu masih ngagem agama karuhun, Prabu Galuh Cipta Permana mah tos ngagem Islam sabab nikah ka putri maharaja Kawali nu tos Islam samemehna.
Salian ti Gara Tengah, di wilayah tatar Galuh, aya oge sababaraha hiji puseur kakawasaan daerah (karajaan leutik), diantarana Kawasen (Banjarsari ayeuna) nu dirajaan ku, Sanghyang Permana, putra Prabu Maharaja Sanghiyang Cipta nu bungsu, jeung, Kertabumi tea, nu dirajaan ku Rangga Permana (putra Prabu Gesan Ulun ti Sumedang, minantu Prabu Maharaja Sanghiyang Permana) nu gelarna Prabu di Muntur. Situs patilasan karajaan Kertabumi aya di Dusun Bundar Desa Kertabumi kacamatan Cijeungjing Ciamis.
Basa Sultan Agung (1613 – 1645) naek tahta, karajaan Mataram mulai ngareorganisir wilayah kakawasaanna di Priangan. Karajaan-karajaan nu jadi vassalna turun darajat jadi ngan ukur satingkat kabupatian. Gelar para pangawasana ge lain prabu atawa maharaja deui, tapi cukup adipati. Harita nu jadi pangawasa di Galuh teh Adipati Panaekan (1618 – 1625), putra Prabu Galuh Cipta Permana, nu masih nyakrawati di Gara Tengah. Anjeunna diangkat salaku wadana Bupati Mataram di tatar Galuh. Sedengkeun nu jadi bupati di Kertabumi, nyeta Singaperbangsa (sebut we Singaperbangsa I), putra Prabu di Muntur, nu katelah Dipati Kertabumi III. Puseur kakawasaan Kertabumi di jaman Singaperbangsa I, cenah, geus pindah ka Bojonglopang, Banjar kolot ayeuna, nu matak disebut oge Kabupaten Bojonglopang.
Dina sababaraha sumber disebutkeun yen Singaperbangsa teh adi iparna Panaekan. Tapi mun ditengetan tina silsilahna mah, nu bener jigana Panaekan ka Singaperbangsa teh kapilanceuk. Sabab Singaperbangsa teh putra Tanduran di Ageung, lanceuk Prabu Cipta Permana, ramana Panaekan. Duka mun Singaperbangsa oge nikah ka adi Panaekan mah. Kuring can manggih sumberna.
Dina taun 1625, Sultan Agung mulai ngaluarkeun wacana rek ngagempur puseur kakuatan Kumpeni (VOC) di Batavia, nu tangtuna oge ngalibatkeun pasukan ti tatar Sunda. Hal ieu jadi sumber pacogregan antara Panaekan jeung Singaperbangsa. Panaekan, ceuk sababaraha sumber, sapamadegan jeung Dipati Ukur, nu hayang geuwat-geuwat nyerang samemeh VOC beuki kuat. Sedengkeun nurutkeun Singaperbangsa can waktuna. Anjeunna sapamadegan jeung Rangga Gempol I (Bupati Sumedang, nu oge pamanna), nu leuwih satuju ngawangun heula kakuatan pasukan samemeh mutuskeun perang.
Duka kumaha 'kostelasi' pulitik jaman harita. Nu jelas, eta pacogregan teh tetela ngagedean, tug nepi ka ngalantarankeun tiwasna Panaekan ku Singaperbangsa. Ceuk ujaring carita, sabada ditelasan, layon Panaekan dipalidkeun ka walungan Cimuntur, tur kapanggih di wewengkon Karang Kamuliyan, nu satuluyna dikurebkeun di dinya. Panaekan diganti ku putrana nu katelah Dipati Imbanagara (1625 – 1636).
Serangan wadyabalad Mataram ka Batavia jadi dilaksanakeun dina taun 1628 jeung 1629, nu dua-duana gagal.
Ngaran Singaperbangsa disebut-sebut deui dina taun 1632. Harita Sultan Agung nugaskeun anjeunna jeung 1000 urang rahayat ti Kertabumi pikeun ngamankeun daerah Karawang tina gangguan tentara Banten, sakaligus nyiapkeun logistik dina waktuna serangan ka Batavia nu satuluyna (nu teu pernah kalaksanakeun nepi ka pupusna Sultan Agung). Eta tugas tetela bisa dicumponan kalawan nyugemakeun. Dina taun 1633 Singaperbangsa diangkir ka Mataram pikeun meunang panghargaan ti Sultan Agung mangrupa keris nu ngaranna "karosinjang."
Tah, basa mulang ti Mataram sanggeus narima penghargaan tea, Singaperbangsa boga maksud nyimpang heula ka Galuh. Jigana anjeunna ngaraos sono ka lembur jeung dulur-dulurna di Kertabumi. Kersaning Pangeran, Dalem Singaperbangsa teu kantos mulih deui ka Karawang. Di perjalanan, anjeunna pupus tur dikurebkeun di Galuh. Kalungguhan di Karawang dituluykeun ku putrana nu katelah Singaperbangsa oge (Singaperbangsa II) nu gaduh gelar Adipati Kertabumi IV. Nya ieu nu dianggap Bupati Karawang kahiji dina sajarah resmi, nu makamna di desa Manggungjaya tea.
Jadi nu di Gunung Babakan? Lamun milu kana rundayan carita di luhur, kuat sangkaan yen eta teh makamna Kangjeng Dalem Singaperbangsa nu pupus di Galuh tea (Singaperbangsa I), ramana Singaperbangsa II nu dikurebkeun di Manggung Jaya. Dina sumber nu kakotektak memang teu disebutkeun dimana persisna anjeunna dikurebkeun, ngan ukur aya katerangan pupus tur dimakamkeun di Galuh. Bener henteuna, wallohu alam. Nu jelas, di daerah Banyumas oge (nu notabene baheulana masih kaasup tatar Galuh keneh) cenah aya hiji kompleks pamakaman kuno Panembahan Singaperbangsa. Duka Singaperbangsa nu mana deui, ngan cenah nu eta mah pupusna di jaman Amangkurat I (Sunan Tegal Arum), nu hartina di taun 1650-an.
***
Kiwari jalan Siliwangi dilegaan. Tapi lebah situs makam mah, pamarentah kota teu wani ngaganggu, sanajan ayana dina pengkolan pisan. Duka pedah ngahormat ka situs makam sang Dalem, duka pedah lokasina memang batu nu hese ditugarna. Tapi cenah, aya nu ngadongeng, basa rek nyoba ngagaru batu cadas handapeun makam, beko nu boga kontraktorna ngadak-ngadak macet jiga aya nu metot. Ki mandor nu nganteur kuring oge ngaku kungsi nempo belegedegan singa (singa bener ieu mah) di eta wewengkon peuting-peuting. Bener henteuna duka tah.
Cag!
Mairan ku Google
Mairan ku Facebook