Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Lalampahan Bujangga Manik Ka Jawa Tengah, Jawa Timur Jeung Bali (IX)


(Tarjamah bebas, Drs. Asep Idjuddin tina, Bujanggamanics journeys through of jawa-topografical data from old an Sundaness source: Bijdragen tot de Taal Land-en Volkenkunde 138(1982) No.4, Leiden, 413-442)

Kacindekan

Urang geus difokuskan kana rincikan topografi dina lalampahan Bujangga Manik ka Jawa, umumna dina sajarah mibanda topografi  nu dina mangsa nu sarua dibawa kana katerangan sababaraha fakta nu sifatna leuwih umum. Kanyataan data topografi teu disuguhkeun sacara misah dina naskah tapi rambatkamale pakuat-kait sacara maju mangrupa untuyan jadwal. Geus bisa mere dimensi tambahan nu dipibutuh keur identifikasi dina peta Jawa. Engkena ieu identifikasi teh mangtukeun jalur liliwatan, yen aya ngaran kitu ti abad 15 keneh, kawas jalan  raya anatar daerah di Jawa abad 17 atawa 18, dumasar sumber kontemporer.

Bedana ngan Bujangga Manik indit ngalalana nyorangan ngudag tujuan khusus sorangan.  Bisa wae inyana make jalan umum antar daerah, atawa jalan khusus nu nuju ka komunitas agama jeung masrakat nu memang niat didatangan, nepika data topografi disuguhkeun ku nulisna teu ngagambarkeun system jalan utama nu harita aya.

Tujuan khusus lalampahanana ge bisa jadi bagian tina jawaban panalek ngeunaan daftar nu saliwat pikaboseneun. Ngaran-ngaran nu dianggap penting nu diasupkeun kana  karyasastra wangun puisi keur bacaeun jeung salineun. Tegesna loba jeung rincikna ngaran dina daftar, bakal jadi saksi yen eta teh ngawujud elemen penting dina carita. Atawa eta ngaran the maksudna keur padoman jalma nu milu nyonto hiji pahlawan dina lalakon ngajugjug puseur-puseur agama di Jawa Timur, kawas Kudus Palah. Kurangna informasi tambahan ngeunaan tempat jeung wewengkon, nuduhkeun yen aspek koncina teh jalur atawa rute nu jadi sarana pikeun nepi ka ahir jugjugan. Tapi mun nempo yen umat agama teu dijelaskeun sacara ekplisit, hartina icikibung langsung.

Bujangga Manik, patapa, pelajar, nu geus ngecagkeun perkara kadunyaan, disuguhkeun dina carita minangka jalma ngalalana sajujah Jawa ngaliwatan unggal nagara najan taya padumukna. Sabenerna mun loba tempat nu disebutkeun nembongkeun aya padumuk, dina eusi carita inyana kawas teu kungsi panggih jeung teu ngobrol ka jalma sejen. Hiji gambaran pasipatan. Ngadatangan tempat sakumaha indit munggaran, ngaitna ukur:

Seokna jalma nu narek, loba jalma nu nanya:
“Tohaan nu dek ka mana?”, Rek ka mana, pangeran?
Mana sinarieun teuing, sisinarieun.
Teka leu(m)pang sosorangan, bet indit nyorangan.
Ditana ha(n)teu dek naur, nu nanya teu ditembalan.

Devosi kana asketisme hartina nolak kalungguhan luhur di dunya. Carana kaasup nyelongkeun diri, malah (nyorangan) najan indit-inditan ngaliwatan karamean.

Hal ieu kawasna mangrupa amanat nu nyamuni tina deskripsi lalampahan Bujangga Manik. Eta jadi amanat khusus keur nu maca, nu dimaksud ku nu nulisna, utamana jalma-jalma nu simpati jeung hayang nuturkeun pahlawanna –anggota masrakat Sunda nu kukuh agamana, patapa, jeung para catrik. Dina harti, ieu carita teh asup kategori sastra agama, jeung asalna kudu ti komunitas relijius, najan katembongna lir taya ajaran langsung tina hiji agama, beda pisan jeung carita jawa nu ngalalana mistikus. Titik umum sejenna, ngait kana kanyataan budaya jeung politik Jawa abad ka 15. Upamana informasi ngeunaan karajaan Majapahit henteu ngan sa-Jawa Timur, tapi ngawengku Jawa Tengah, nepi ka wates Sunda (teu kaasup wilayah Majapahit). Sajujah pulo kawasna bisa disorang bari teu matak hese diprediksi  kahirupan kaagamaan terus lumangsung sakuliah pulo, diadegkeun sacara praktis ngadegna puseur-puseur agama paranti diajar, di Jawa Tengah jeung Jawa Timur, nepi ka narik ati  matak panasaran jalma nu jauh cicing di Sunda. Cag.

Catetan:
1.Kuring loba kahutangan budi ku Dr.Berd Nothofer, ngeunaan pitulungna dina ngaidentifikasi sababarah tempat di kaler jeung kidul Jawa Tengah basa didatangan.

2.Mun Sunda kuno ngagambarkeun basa Jawa sakali, kawas Dihyang robah jadi Diheng, jadi Dieng.Eta bukti robahan relative tina robahan sora dina sajarah Jawa sabab nuduhkeun yen robahan tina   ya kana  e jadi leungitna h.

3.Ngaran gunung dijelaskeun ku Gonda (1973:345) asalna tina sanskerta Sundara = endah. Lain tina pamadegan samemehna, Susundara nu dijelaskeun ku Kern (1889:289), tina susu-n-rara “maidenbrest”.

4.Umalung, ceuk  Cohen Stuart, jadi bacaan alternative keur Damalung (1872:279), disanggah ku De  Casparis (1975:96) dijelaskeun robahan  da tina hadi) mimiti kabaca dina prasasti Kuti sanggeus “Marapi”

Catetan deui : Referensi nu dipake ku Noorduyn dina desertasi Lalampahan Bujangga  Manik ka Jawa, aya 50, moal ditulis, sabab panjang teuing (Asep Idjuddin )

Rengse

Sumber: Salakanagara
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment