Ku H.Usĕp Romli HM
Opak mangrupa kadaharan has Sunda, di sagigireun rangginang, ulĕn, wajit, jalabria, ali agrem, jeung rĕa-rĕa deui. Dijieun tina bĕas ketan. Sanajan ayeuna geus rĕa rupa-rupa kadaharan nu jolna ti deungeun, kayaning donat, burger, jsb., tapi opak spk. tacan kadĕsĕh-dĕsĕh teuing. Masih kĕnĕh pada mikaresep. Komo mun bahanna, bĕas ketan, tetep rĕa mah. Tangtu bakal wani ngalawan saingan kadaharan kosta.
Di antara rupa-rupa opak ti rupa-rupa wewengkon Tatar Sunda, aya nu kawilang sohor. Nyaĕta “opak Cipeujeuh”, kaluaran Dĕsa Cipeujeuh, Kec. Balubur Limbangan, Garut. Mĕmang ĕléh pamor ku dodol Garut nu geus “go-internasional”. Éléh rea ku “Opak Bungbulang” ti Kec. Bungbulang, jeung sabudeureunana, nu diproduksi unggal poé. Nu sok dijadikeun salah sahiji oléh-oléh istiméwa“pakidulan Garut”.
Tapi “opak Cipeujeuh” pinunjul lantaram boga ngaran. Sanajan tara diproduksi unggal poé. Kitu wé ari aya pesenan dina usum hahajatan, boh nikah, boh hitanan. Atawa nyanghareupan lebaran Idul Fitri jeung Idul Adha. Nu nyarieun opak Cipeujeuh, karéréanana ibu-ibu rumah tangga. Sawaréh mangrupa turunan ti tukang nyarieun “opak Cipeujeuh” , abad 16-19, mangsa kajayaan “Kadaleman” Limbangan.Jaman Limbangan kabupatén sajajar jeung Sumedang, samĕmĕh puseur pamaréntahan dpindahkeun ka Garut taun 1813.
Dumasar kana floklore (carita rayat) nu dikumpulkeun dina raraga Taun Buku Internasoinal 1972 Indonésia, nu disponsoran ku UNESCO, “opak Cipeujeuh” mimiti dijieun taun 1700-an, mangsa “Dalem” (Bupati) Limbangan dicangking ku Radén Wangsadita I (1726-1740), nu katelah “Kangjeng Rangga Limbangan”.
Salah saurang narasumber nerangkeunn, “opak Cipeujeuh” dijieun ku salah saurang tukang olah-olah urang Cipeujeuh. Disérénkeun ka Juragan Kuwu (Kepala Désa), sangkan disanggakeun ka Juragan “Sitén” (Asistén, sarua jeung camat ayeuna), pikeun bahan bahan “séba” (kikiriman), ka Kangjeng Dalem, sakumaha nu geus jadi kabiasaan harita.
Tétéla, tina rupa-rupa “séba” winangun kadaharan, “opak Cipeujeuh” pangkalandepna ku Kangjeng Dalem katut sakabéh pangeusi kadaleman, lantaran pelem, jeung rangu.
Minangka tanda tumarima, Kangjeng Dalem méré duit “satalén”. Dua puluh lima sén atawa saparapat rupia (Rp 0,25). Ku Juragan Sitén, éta duit dipasrahkeun ka Kuwu ,sangkan disérénkeun ka tukang nyieun opak.
Ti harita, “opak Cipeujeuh” mimiti kasohor. Dianggap boga “komara” lantaran geus meunang hadiah ti Kangjeng Dalem. Kapaké pikeun capék rahém urang kadaleman. Duit satalén, sajaba badag nurutkeun ajen nominal --- harga béas katut keperluan pangan séjénna harita, masih kénéh “pĕsĕr” (Rp 0,010) atawa “ketip” (Rp 0,10). Bari jeung tara meuli, sabab kacumponan kénéh ku hasil tatanén di sawah jeung kebon sorangan. Duit satalén leuwih ti cukup keur meuli lawon “kamhar” atawa “balacu”. Mahi keur nyieun baju “rebig” pakéeun gawé sapopoé di sawah atawa di kebon.
Bisa baé lantaran “aura” Kangjeng Dalem, “opak Cipeujeuh” tara dijieun sagawayah. Tara didagang dipajang diengkleung. Nepi ka teu jadi kadaharan “cacah kuricakan”. Ngan dijieun pikeun kaperluan istiméwa wungkul. Kitu ge ari aya nu pesen.
Tapi tétéla mampuh nagen nepi ka kiwari. Incu buyut katurunan nu nyieun opak “Si Talén” – tetelahan keur “opak Cipeujeuh” nu dipikasedep ku Kangjeng Dalem – masih kénéh satia nuluykeun garapan karuhun. Bari tetep pageuh nyekel tarali paranti. Nyieun opak wungkul keur nyumponan kaperluan-kaperluan husus.
Bahan opak, béas ketan, gula beureum keur opak amis, kalapa keur opak asin, kawilang geus langka. Tapi diusahakeun aya sacukupna dina waktu diperlukeun.

Ngan naha “opak Cipeujeuh” nu ngandung “berkah Kangjeng Dalem”, baris mampuh ngayonan parobahan jaman? Utamana ancaman kondisi pangan katut tatanén nu beuki pikahariwangeun akibat alih guna lahan. Réa sawah jeung kebon subur robah jadi aréal properti. Tangkal kawung kurang regenerasi. Hésé ngira-ngira. Ngan nu tétéla, kampung Cipeujeuh di léngkob Gn.Batara Guru, jeung Gn.Pabéasan, nu ngawates ka wewengkon Sumedang, geus caang raang ku listrik, ramé ku gerung motor jeung mobil. Jauh tangéh jeung kaayaan béh ditu nu sepi jempling, héjo lémbok.
Kantos dimuat di Majalah Sunda Midang No.126, 25 April -25 Mei 2015. Seratan & foto dicutat tina postingan Kang Haji Usep di Grup FB Pustaka Sunda.
0 comments:
Post a Comment