Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Sambel Godog


Sambel Godog biasa dijieun urang lembur lamun rék aya nu digawé (kuriak, nyawah jsb).  Ieu aya resep kenging teh Yuyun Yulistiani.

Bahanna:
 
*Nu diréndos.
Céngék, bawang beureum, uyah, gula beureum/kawung, tarasi jeung témpé atah. Takeranana diluyukeun. Témpé téh minangka pangentel, siga boléd/kentang dina karédok.

*Nu disiksik
Cabé héjo (siksik kira satengah séntian), tomat, daun bawang. Takeran diluyukeun.
Lengkepan ku salam, séréh jeung laja. Nu resep bisa ditambah pécin.

Carana:

Tumis kabéh bahan, minyakna dikira-kira wé. Teu kurang tapi teu nepi ngaminyak pisan. Brus cai kira-kira sagelas balingbing. Godogkeun. Sing remen dikulah-koléh bisi tutung handapna. Saat. Jait.

Sambel godog cocok kanggo sagala lalab. Atah atawa asak.
 

Katél urut nyambel godog bisa diabrusan sangu sacéntong dua céntong. Koléhkeun, itung-itung ngabersihan katél. Ngaranna lolongge. Sedap pisan.

Mangga wilujeng nyobian.
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook