Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Sambel Gandaria


Gandaria (Bouea macrophylla Griffith) teh flora identitas propinsi Jawa Barat.  Biasa oge disebut jatake.

Gandaria dimangpaatkeun buah, daun, dan batangna. Buah gandaria ngora warnana hejo. Sering dikonsumsi jang rujak atawa campuran sambel. Buah gandaria nu asak warnana koneng bisa didahar langsung, rasana amis haseum. 

Daunna bisa dipake lalaban. Sedeng batangna sok dipake papan.

Kumaha rasana sambel Gandaria?

Kuring ge can nyobaan.   Tapi ieu aya resep kenging teh Ratna nu tiasa dicobian:

Bahan-bahanna:
  • Cengèk kirang langkung 10 siki
  • Cabè beureum kiriting 5 atanapi 6
  • Gula bodas
  • Tarasi kenging meuleum
  • Buah Gandaria nu hejo keneh 5 siki
Ngolahna: 
Rendos bahan-bahan dugi ka rada lembut.  Teras buah gandaria dibeulah opat, piceun sikina. Brus kana cowètkeun. Rèndos rèndos dugi ka pejèt.

Lalabna tiasa pucuk daun randamidang jeung pucuk daun jambu mede.

Hmmmm....

    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook