Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Sambel Hejo Dadakan


Beurang-beurang kieu mah ngeunahna nu seger-seger.  Coba sambel hejo dadakan.  Cara nyieunna gampang, kieu geura:

Bahan-bahanna:
  • Cèngèk hèjo lima mata
  • Tomat hèjo hiji ukuran sedeng
  • Surawung tilu gagang (1/2 beungkeut)
  • Cikur sabuku
  • Bawang bodas sasihung nu alit
  • Tarasi udang asak(dibeuleum atanapi digoreng) sapotong alit
  • Uyah sasendok entèh
  • Gula bodas satengah sendok entèh

Takeran bisa dirobah kuma karesep. Mun resep lada kari tambahan cèngèkna atawa sabalikna, kitu deui bungbu sejenna.

Cara ngolahna:

Rèndos sadaya bahan, entong lembut teuing.


Sambel hèjo dadakan tos siap disajikeun.  Kaambung seungit sareng rasana seger.

Sambel hèjo dadakan mah pasna jeung lalab atah, kayaning bontèng, tèrong, jeung sajabana. Hadèna nyieun sambel hèjo dadakan mah sabrakeun, sakali bèak. Sabab mun dililakeun sok jadi katempo hideung.

Kenging Teh Aini
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook