Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Lalampahan Bujangga Manik Ka Jawa Tengah, Jawa Timur Jeung Bali (IV)

Semarang Kiwari
(Tarjamah bebas, Drs. Asep Idjuddin tina, Bujanggamanics journeys through of jawa-topografical data from old an Sundaness source: Bijdragen tot de Taal Land-en Volkenkunde 138(1982) No.4, Leiden,413-442)

Gunung Larang jeung Lalampahan ka kiduleun Pekalongan

Dina baris saterusna disebutkeun Bujangga Manik ngaliwatan Medang Agung, meuntas walungan Cibula(ng?), lempeng nempuh Gunung Larang pernahna di pasisian dusun kacamatan Gem, aya hiji desa nu disebut Gununglarang pernahna 50 Km kiduleun Brebes, kira-kira 5 Km wetaneun Salem, kiduleun gunung Kumbang.  Aya walungan anak Cipamali nya eta Cibulangrang nu ganti ngaran jadi Cigunung. Gununglarang nu dimaksud dina ieu teks, najan kumaha wae kronologis carita mengpar di dieu, kuduna Bujangga Manik nepi ka dinya samemeh meuntas Cipamali lain sanggeus meuntas Cipamali.  Cara kitu kawasna neruskeun lalampahan ka beulah kidul jeung balik deui, mungkin aya sangkaan bahaya, dumasar ngaran desa (larang=dilarang) “milik” inyana indit mibanda maksud khusus, tumali kaagamaan, babandingan jeung sanctuary pra-Islam nu aya deukeut Gunungsagara, di geger kidul Gunung Kumbang (numutkeun basa Sunda kuno, larang = rata, suci : padalarang=pada rata, boehlarang=boeh suci/Ai.).

Bagian satuluyna, ti beulah wetan perjalananana nempuh ambahan Tangtu. Ti basisir kaler, salahsahji tempat nu kaliwatan ku Bujangga Manik, tuluy meuntas Cicomal, ayeuna kali Comal, anjog ka Moga pernahna 30 Km ti basisir. Sanggeus meuntas Comal jeung Cipakujati, ngaliwatan Balingbing di wewengkon Aregasela, arega tina arga=gunung. Ayeuna jadi Rogoselo, kiduleun Pekalongan, Kupang, Tinep ayeuna jadi Tinap, Tumerep ayeuna jadi Tumbrep, kidul-wetan ti Batang, hartina inyana teu mapay basisir, najan Pekalongan aya kencaeunana.

Padanarang jeung pagunungan Jawa Tengah

Sanggeus ngaliwatan 8 tempat jeung kabupaten nepi ka tempat nu disebut Padanara atawa Danara, nu pernahna bisa dipake ngabedakeun pagunungan di Jawa Tengah kidul. Eta lokasi kawasna sarua jeung Semarang, sabab ngaran tempat sarimbag jeung tokoh legendaris Semarang nya eta Pangeran Pandanarang, nu ceuk tradisi lokal, meunang ijin ti raja Demak pikeun neangan pamukiman anyar nu ku inyana disebut Semarang, inyana mangrupa anak ti salahurang Kyai Muslim. Kyai Pandarang atawa Sultan Tembayat, nu lengser tina ngawasa Semarang taun 1512, saterusna ngabdikeun hirupna pikeun neuleuman agama. Teu mustahil Semarang diadegkeun dina abad ka 15 katompernakeun. (basa Tom Pires ngadongdon Jawa taun 1513 Pandarang samemehna geus aya di ieu kawasan, mangrupa tempat asal nu ngawasa Semarang. Yen Padanara nu dijugjug ku Bujangga Manik, pasti Padanara nu eta, eta sababna dina teks dibaca Pa(n)danara(ng). Lamun Semarang singgetan tina Asem Arang (tangkal asem nu jarang/langka) aya kasarimbagan semantis mun Pandanarang tina tangkal pandan nu jarang/langka. Danara(ng) jadi singetan sarua jeung pa(n)danara(ng).

Salila nganjrek di Semarang, Bujangga Manik nyebutkeun pagunungan badag Jawa Tengah umumna dina untuyan kulon-wetan; Gn. Rahung (mungkin salah nyebut keur Gn.Prahu), di beulah kulon Gn. Diheng, jawa kuno Dihyang, ayeuna  jadi Dieng. Gn. Sundara, Sunda=endah, ayeuna jadi Sundoro, jadi Sindoro. Gn. Kedu, ngaran sejen keur Gn. Sumbing, desa Kedu teu jauh ti gunung eta. Gn. Damalung, ngaran sejen keur gunung Merbabu, di kabupaten Pantaran. Gn. Karungrungan ngaran sejen keur Gn. Ungaran, di kidul Gn. Marapi ayeuna jadi Merapi di distrik Karangian. 

Damalung diidentifikasi keur Gn. Merbabu, dasarna di dinya aya wukir hadi Damalung dina batu prasasti kapanggih taun 1449, di desa Ngadoman, lebah geger kaler Gn. Merbabu. Dina teks disebut Rabut gunung Damalung, pandeurieun rabut gunung Marapi dina itungan jawa pagunungan. Kajadian wukir gunung Damalung di Agstyaparwa, binarung lagu Markandea mangrupa praktek asketisme. Ngaran Karungrungan bisa dicindekkeun dumasar fakta, yen eta salahsahiji puncak Ungaran, disebut oge Ngrungrungan, dina prasasti Kuti disebut Karundungan, kawas gunung Karungrungan atawa Karungrangan, kapanggih dina teks Jawa, serat kanda, jeung Ajisaka.

Lajeng ka Bagean V

Sumber: Salakanagara
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment