Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Lalampahan Bujangga Manik Ka Jawa Tengah, Jawa Timur Jeung Bali (III)

Pamandangan Puncak Kiwari
(Tarjamah bebas, Drs. Asep Idjuddin tina, Bujanggamanics journeys through of jawa-topografical data from old an Sundaness source: Bijdragen tot de Taal Land-en Volkenkunde 138(1982) No.4, Leiden, 413-442)

Perjalanan kahiji ti Pakuan nyanghareupan Puncak Eronan

Basa Bujangga Manik miang ti Pakuan wetan dina lalampahan munggaran, ngaliwatan daerah Puncak (jalan antara Bogor Cianjur ayeuna). Ngan sababaraha ngaran tempat jeung walungan nu losinan, nu dipertahankeun nepika kiwari, saperti Tajur Mandiri jeung Suka Beurus, jadi Tajur jeung Sukabirus, tuluy meuntas di walungan Cihaliwung nu kadieunakeun jadi Ciliwung. Keur jalma nu indit jauh tangtu diperlukeun waktu keur reureuh:

Panjang ta (fi) jakan ditedak (Lebah dieu Noorduyn salah nafsirkeun/Ai) kuduna: Panjang ta(n)jakan ditedak, hartina nekeh mapay tanjakan nu panjang (puncak).
Ku ngaing dipeding-peding (dipapay sahambal-sahambal)
Sadatang aing ka Puncak
Deuuk dina mu(ng)kal datar (diuk dina batu demprak)
Teher ngahihidan awak
Teher siya ne(n)jo gunung
Itu ta na bukit Ageung (itu gunung Agung)
Eta hulu Cihaliwung
Kabuyutan ti Pakuan (tempat suci urang Pakuan)
Hulu wano na Pakuan (tempat pangluhurna di Pakuan)
Nu disebut gunung Agung nya eta gunung Gede(katembong ti puncak) atawa komplek gunung Pangrango-Gede. Basa Bujangga Manik balik deui jalan ka dinya,aya talaga gunung.
Sadatang ka bukit Ageung
Eta hulu Cihaliwung
Kabuyutan ti pakuan
Sanghyang Talaga Warna.

Ka wetan geus liwat puncak asup kasayangna (wilayah/leuweung) Eronan, nu teu mangmang deui sarua jeung Ukur tanah Aronan. Wanayasa. Wewengkon Wanayasa aya di wetaneun Citarum, di tungtung sejen tepung wates jeung Cilamaya, sedengkeun Bujangga Manik leumpang ka wetan meuntas Citarum. Bagean sesa tina ieu lalampahan, masih keneh di Jawa Barat. Nyusud tapak nu identik tina lalampahan ka dua. Najan diterangkeun lebah mangsa nu teu runut, tur teu perlu dibahas di dieu. Nu mimiti mulang ti Kalapa nyorang Cipakacilan, basa lalampahan mulang ti Pamalang kana kapal balayar sabulan satengah, nepi ka Kalapa. Hanjat ka darat di Kalapa (lain Sundakalapa), nya eta ngaran kota kuno di Sunda, nu ganti ngaran jadi Ja(ya)karta, eta teh palabuan dagang utama di karajaan Sunda.

Teu matak heran eta tempat nu mimiti disorang, pikeun neruskeun lampah mulang ka kidul, ka Pakuan. Memehna aya pabeyan (kantor bea cukai), nu kungsi disebut dina perjangjian Portugis jeung raja Sunda, taun 1522 (Prabu Sanghyang/Samiam?). Tur aya keneh basa VOC ngadegkeun Batavia nu pernahna kuloneun muara Ciliwung.

Matotoskeun wewengkon antara Jakarta-Bogor ayeuna mangsa Bujangga Manik ngalalana, lolobana ngaliwatan sisi kulon Ciliwung, kudu robah ti mimiti harita. Inyana ngaliwatan sawelas tempat, saperti Mandi Rancan(ng) jeung Ancol Tamiang, tur meuntasan opat walungan. Meh kabeh eta tempat teu kapanggih tina sumber sejen, kajaba hiji-hijina jadi walungan CiHaliwung jeung Ciluwer. Nu panungtung teu mang-mang deui sarua jeung walungan jeung Desa Ciluwar, duanana teu jauh ti Bogor kaler. Ahirna nepi ka Pakancilan, lebah dinya inyana muka panto gapura pikeun bisa asup ka palataran Karajaan Pakuan, nu pernahna aya di Bogor kaler kiwari, deukeut walungan leutik nu disebut Cipakancilan nu ngamalir ngaliwatan karaton, oge kanyahoan tina rekontruksi anyar (Saleh Danasasmita, 1979).

Lalampahan kadua ti Pakuan nepi ka wates Sunda. Basa ngamimitian perjalanan nu kadua kawasna Bujangga manik ka beulah Kaler. Bujangga manik ngaliwatan salapan tempat samemeh mengkol ka beulah Wetan, meuntas Cihaliwung. Sanggeus ngaliwatan tujuh tempat inyana meuntas walungan Cileungsi, nu ngarana masih keneh dipake nepi ka ayeuna, nu ngamalir ka kaler nepi ka Bekasi. Ti dinya ngidul, ka Gunung  Gajah jeung Gunung/pasir  Caru, tuluy ngetan ka Citeureup, ngaran desa nu aya nepi ka ayeuna wetaneun Cibinong, jeung Tandangan (ayeuna euweuh). Ti dinya meuntas Cicangkul jeung Ciwinten, nepi ka Cigentis wetaneun Cibit tapi teu kapanggih dina peta kiwari. Heulaanan tina ngaran-ngaran tempat ngarujuk ka walungan Cipamingkis, nu ngocor ka Cibit, nanjak ka Goha, duanana anak walungan Citarum, ti dinya ngarujuk ka walungan Ciela nu harita disebut Cimintan, wetaneun Cibit, sarua teu kapanggih dina Peta kiwari. Nu katilu, ngaran hiji desa deukeut ka muara Cibit jeung Cigentis,  Goha bisa wae ngaran pasir deukeut walungan Ciguha, sarua anak Citarum, teu jauh ti Kulon-kaler Purwakarta.

Sacara rincik eta tempat bisa diverifikasi. Informasi topografi nu kapanggih dina ieu bagian bisa ditangtukeun sacara pasti yen lalampahan Bujangga Manik kulon–wetan nguriling ka bagian handap suku pasir ti dataran kaler asup ka pagunungan nu luhurna 100 meter tina beungeut laut. Mungkin inyana neruskeun lalampahanana kurang leuwih ka jugjugan nu sarua, sabab inyana kudu mapay kondisi alami nu babari pikeun leumpang.

Sanggeus ngaliwatan 2 tempat deui inyana meuntas Citarum tuluy Cilamaya, antara dua walungan ieu anjog ka Ramanea (kiwari geus euweuh), jeung tilu gunung nu kawengku ku distrik Saung Agung. Najan dina teks teu nyebutkeun wates ieu wewengkon, bisa dipastikeun kamungkinan yen eta kaasup wewengkon Wanayasa, nu wates ti kulonna Citarum ti wetan Cilamaya ti kidulna Cisomang nu ngocor ka kidul ti gunung Burangrang, ieu gunung disebut minangka Tangeran (puncak) Saung Agung. 

Walungan saterusna nu dipeuntasan ku Bujangga Manik nya eta walungan Cipunagara. Dina sumber2 Walanda disebut Walungan Pamanukan. Dina peta Ciela, eta walungan teh disebut Cupunagara (cupu=pot leutik). Sanggeus ngaliwatan ieu walungan, Bujangga Manik asup ka wewengkon Medang Kahyangan (Surgawi) atawa tempat suci. Tur ngaliwatan gunung Tompo Omas (karanjang emas), nu kiwari jadi Tampomas deukeut kota Sumedang mertahankeun sebutan tina Medang Kahyangan, sakumaha daerah Medang di ieu kawasan nu dina abad 17 dibagi jadi Bandung jeung Parakanmuncang. Aya bagian tina eta wewengkon disebut Medang Sasigar (salahsahiji bagian ti Medang). Saterusna meuntas walungan Cimanuk, teu jauh wetaneun Sumedang. Ngaliwatan Padabeunghar, kalereun gunung Cereme meuntas Cijerukmanis (jeruk manis)  ayeuna disebut Cijeruk nu ngocor ka kaler ti gunung Cereme. Asup ka Coman (geus euweuh), tidinya ngaliwatan Timbang, Hujung Barang, Kuningan, jeung Darma Pakuan.

Ngan Kuningan jeung Darma nu aya keneh nepika ayeuna.  Anjog ka Luhur Agung (ayeuna jadi Luragung) tuluy meuntas Cisinggarung, ayeuna jadi Cisanggarung.

Samemeh meuntas Cipamali nya eta walungan Brebes, nu jadi ciri tungtung Sunda (wates Sunda) Bujangga Manik ngaliwatan dua tempat, nya eta Arega Jati (agra=gunung) jeung Jalatunda (Jala=cai, tunda=cungap) digunakeun di Jawa saharti jeung cai corot, corot=mancer/mancur-pancuran. Ekstensi sabage tempat mandi. Sohor nepi ka ayeuna pancuran tempat mandi, di Gunung Penanggungan Jawa Timur, ti mimiti taun saka 899 (977 M).  Toponimi nu sarua kapanggih di Brebes, nuduhkeun yen di dieu ge kudu aya tempat mandi-nu caina dikocorkeun ti Jalatunda. Jadi teu sakur pamandian jalatunda ngacu ka Jawa Timur. Ngeunaan teks jalatunda di dieu, mieling kana tapaklacak Siliwangi, nu dianggap pahlawan legendaris asal ti Jawa Barat, disebut Prabu Siliwangi, nuduhkeun salahsaurang raja ti Pajajaran.

(Lamun Siliwangi geus dianggap sejarah dina mangsa ieu carita ditulis, hartina Bujangga Manik hirup tur ngalalana sabada Siliwangi pupus (1521 M), jadi rada aneh mun lalampahan Bujangga Manik, ceuk Noorduyn ditulis dina taun 1511 M./Ai).

Sanggeus meuntas Walungan Cipamali, Bujangga Manik asup ka wewengkon Barebes nu ayeuna jadi Brebes, mengkol ka kenca, Gunung Agung (Gunung Slamet) aya kiduleunana. Didinya aya walungan nu disebut Kali Gung, ngocor ka kaler ngamuara ka laut Tegal, huluwotanna ti gunung Slamet.

Lajeng ka Bagean IV

Sumber: Salakanagara
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment