Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Lalampahan Bujangga Manik Ka Jawa Tengah, Jawa Timur Jeung Bali (II)

Gunung Merbabu baheula ngarana Gunung Damalung
(Tarjamah bebas, Drs. Asep Idjuddin tina, Bujanggamanics journeys through of jawa-topografical data from old an Sundaness source: Bijdragen tot de Taal Land-en Volkenkunde 138(1982) No.4, Leiden,413-442)

Lalampahan mimiti di wewengkon Jawa

Lalampahan Bujangga Manik sabudeur Jawa ti panginditan awal ninggalkeun Sunda, diterangkeun sacara umum dina opat bagian nu beda. Kahiji dibejakeun yen:

Sadatang ka tungtung Sunda
meu(n)tasing Cipamali
datang ka sayangna Jawa (sayang=leuweung/daerah)
ku ngaing geus kaideran
lurah-lerih Majapahit
palataran sayangna Demak
sanepi ka Jatisari
datang aing ka Pamalang (baris 80-87)

Harita kawasna wilayah karajaan Majapahit dilegaan nepi ka wates wilayah Sunda (walungan Brebes disebut keneh Cipamali ) Kaasup sabudeur Jawa mangrupa bagian tina Pulo, kajaba Demak. Kacida ahengna yen Demak disebut beda ti kabupaten Majapahit. Kawasna Demak geus jadi nagara merdeka, sanggeus jadi karajaan Islam mimiti di Jawa. Hal ieu mawa pikiran kana kwartal ahir  tina abad ka 15 atawa awal abad ka 16, iwal mun Demak geus leuwih mandiri samemeh jadi karajaan Islam. 

Taya indikasi sakumaha legana wilayah Demak. Kecap sayangna=leuweung (dina naskah Sunda kuno liana), nuduhkeun  hiji ukuran unit teritorial. Yen sayangna Demak bagian tina sayangna Jawa. Dina sababaraha kasus dina ieu teks, lurah nu ayeuna dipake gelar keur kepala Desa, jadi lambang unit teritorial, sacara eklusif yen bawahan Majapahit diwangun ku sababaraha lurah. Ngan dua tempat nu disebutkeun di dieu nu kungsi didongdon ku Bujangga Manik dina lalampahan ngaliwatan distrik Majapahit.

Jatisari hiji toponim umum ciri kumaha wae kaayaanana. Mungkin wae pedah pernahna aya di jajalaneun antara Demak jeung Mataram. Pamalang palabuan leutik di basisir kaler Jawa Tengah, Ti dinya Bujangga Manik tumpak parahu/kapal nu ka  atawa ti Malaka, dina perjalanan mulang.

Nyebutkeun ngaran palabuan kasohor Malaka, nu diadegkeun taun 1400 tur mekar jadi imperium dina dekade sanggeus ieu. Jadi indikasi yen ieu carita geus ditulis leuwih awal (kira-kira kwartal kadua abad ka 15) mungkin elatna taun 1511 basa Malaka dikawasa Portugis. (Mun bener Noorduyn nangtukeun yen lalampahan Bujangga Manik ditulis dina taun 1511, sapuluh taun ti harita, 1521 Sri Baduga tilar dunya, jadi Bujangga Manik ngayakeun perjalanan teh Sri Baduga masih keneh jadi raja di Pakuan.  Tapi di bagian sejen Noordiyn nyebutkeun yen Siliwangi geus jadi tokoh sajarah nu kacida legendaris. Jadi mun kitu ditulisna ieu naskah jauh sanggeus di Pakuan ganti raja/Ai).  Di bagian sejen urang diajar leuwih loba ngeunaan Bujangga Manik nu nangtukeun jeung naon tujuan ngajugjug tempat-tempat, basa inyana balik ka Pakuan/imah inyana dibageankeun ku ibuna make kalimah:

“itu ta eungeun si utun” (itu si utun datang)
ayeuna cun(n)duk ti Timur
ayeuna datang ti wetan
datangna ti Rabut palah.

Palah geus diidentifikasi ngaran komplek candi Panataran di suku gunung Kelud beulah kidul, di Jawa Timur. Kudus, kawasna sacara umum dipiwanoh sabage rabut (dihormat, suci) palah, ieu ngaran, mindeng kajadian dina sastra jawa, saperti dina carita-carita panji.  Kajadian penting nu jadi puseur tina ibadah jeung diajar tembong ngancik dina ieu teks. Saterusna ucapan ibu Bujangga manik nuduhkeun yen lalampahan jugjugan ka Timur teh boga tujuan nu tangtu.

“kakara cu(n)duk ti gunung,
kakara datang ti wetan,
cu(n)duk ti gunung Damalung (ganti ngaran jadi gunung Merbabu)
datangna ti Pamrihan (ngaran gunung)
datang ti lurah Pajaran” (daerah tempat nyuprih elmu agama).

Damalung tadina ngaran gunung Merbabu di Jawa Tengah, dina jawa kuno disebut Tangtu Panggelaran, urang diajar yen Pamrihan eta ngaran keur gunung nu sarua (Merbabu).  Mungkin nujul kana tempat nyuprih elmu agama, hiji komunitas religius di wewengkon gunung Merbabu atawa di tempat sejen. Bujangga Manik datang rek diajar elmu agama. Eta jadi motif utama naon sababna indit ka wetan. Kaciri tina ucapanana basa inyana nerangkeun ka ibuna basa inyana geus mulang (asumsi: di jaman Sri baduga Islam geus mimiti nyebar jolna ti wetan, bari Hindu ge kuat keneh. mun kitu agama nu dianut ku Bujangga Manik sabage hiji tohaan/pangeran ti karaton Pakuan, lain Islam lain Hindu komo Buda, pasti agama inyana Agama Sanghyang, nu percaya ka Sang Rumuhun jeung Sunan Ambu, lain ka dewa, sabab dina Agama Sanghyang kalungguhan Dewa aya di sahandapeun Hyang (tingali dasaprebakti dina Siksa Kanda(ng)Karesian) naon perluna inyana ingkah neangan elmu agama sejen mun agama inyana Hindu/Ai).  

Asak beunang ngajar warah, (asak sanggeus meunang pangajaran)
asak beunang maca siksa, (asak sanggeus nyaho aturan/papagon hirup)
 tuhu beunang nu mitutur (nurut sanggeus aya nasehat)
asak beunang pangguruan (asak sanggeus guguru)
teher bisa carek jawa (Jaba ti eta Bujangga Manik bisa/ngarti basa Jawa.)
wruh dina eusi Tangtu (ngarti kana eusi buku-buku agama)

istilah nu digunakeun di dieu nuduhkeun yen elmu nu disuprihna tina sumber tinulis, mibanda orientasi kana etika, aturan laku nu dibaca tina basa Jawa. Unggal murid anyar kudu  ngarti kana kaweruh nu hade, salila diajar di padepokan di Jawa. Bujangga Manik nuduhkeun yen budaya jeung padepokan di Jawa ku urang Sunda dianggap puseur panyuprihan elmu agama. Jadi indit ka Timur hiji kalakuan wajar keur  generasi ngora Sunda, nu hayang nambahan elmu pangaweruh agamas. Basa Bujangga Manik mulang dina perjalanan munggaran, harita elmuna geus tingkat sarjana.

Lajeng ka Bagean II

Sumber: Salakanagara
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment