Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Lalampahan Bujangga Manik Ka Jawa Tengah, Jawa Timur Jeung Bali (I)


(Tarjamah bebas, Drs. Asep Idjuddin tina, Bujanggamanics journeys through of jawa-topografical data from old an Sundaness source : Bijdragen tot de Taal Land-en Volkenkunde 138(1982)
No.4, Leiden, 413-442)

Panganteur:   Bujangga Manik teh salasaurang tohaan (rakean/pangeran/pahlawan) ti karaton Pakuan Pajajaran, nu ngayakeun perjalanan ka Jawa Tengah, Jawa Timur, jeung Bali. Naskah nu kapanggih ku Prof.Dr. J.Nuoorduyn, dijieun patokan keur nangtukeun/konfirmasi ngaran-ngaran tempat (kota, gunung, walungan) nu robah ngaran, nu aya keneh nepika ayeuna jeung nu geus euweuh.

Salahsahiji warisan sastra Sunda kuno nu mibanda ajen luhur, nya eta carita Bujangga Manik nu ditulis dina 8 bagian dina wangun puisi Sunda kuno, ditulis dina daun lontar disimpen di  Pabukon Bodleilan ti taun 1627, di Oxford taun 1629, Pahlawan dina carita Patapa-Hindu-Sunda, sanajan inyana saurang pangeran/rakean/tohaan ti Karaton Pakuan (jelasna ti Pakuan Sri Bhima, sabab Pakuan-Sskt.=karaton/Ai), di Daerah Batutulis, Bogor kiwari-Jawa Barat. Milih ngambah jalan kahirupan jadi pria-agama, sabage patapa, inyana ngambah dua perjalanan, nu ka hiji ti Pakuan ka Jawa Tengah, Jawa Timur, balik deui. Nu ka dua nepi ka Bali.  Samulangna, matuh di sababaraha tempat di Sunda, nepika lastari. 

Sabagean gede dina ieu naskah, dipake keur ngajelaskeun perjalanan mimiti ti Pakuan ka Brebes, jeung ti Kalapa (Jakarta ayeuna) ka Pakuan, lobana ngan 125 baris tina total 1641 baris jeung perjalanan kadua ngan 550 baris. Deskripsina diwatesanan ngan nyaritakeun sabudeureun ngaran tempat, walungan, wewengkon, pagunungan,nu aya di atawa deukeut kana nu disorangna leumpang/rute. Lobana ngaran2 teh aya 450, lolobana nu aya di Pulo Jawa. Dina ieu tulisan, kuring ngawatesana bahasan, ngan ngeunaan topografi, data lalampahan Bujangga Manik dina dua perjalanan. Perkara nu narik ati kawas kajadian di karaton Pakuan, jeung lalampahanana ka daerah Surgawi sangggeus lastari, teu disebutkeun.

Tina ieu naskah J Noorduyn nepi ka meunang titel Ph.D, sabab kataji ku sastra, sajarah Sulawesi jeung Jawa. Ieu tulisan mangrupa karya fiksi, lain sajarah atawa biografi. Leupas tina kanyataan yen pahlawan diwakilan ku saurang patapa, sabage jalma kahiji tunggal, jadi narator sagemblengna naskah (ngan di sababaraha tempat nu teu disangka, aya jalma katilu nu digunakeun). Najan kitu kasangtukang naskah dumasar kana realitas kontemporer, saperti dibuktikeun kumaha ecesna rincian topografi perjalanan. Tangtuna ieu hal mibanda ajen sajarah nu luhur, komo mun seug dina nulisna aya tanggal, sahenteuna mangsa na bisa ditangtukeun.

Hal ieu ngeceskeun yen naskahna sorangan, asalna tina jaman pra-Islam. Skript nu digunakeun dicokot ti sababaraha naskah Sunda kuno, asalna ti kulawarga Sunda, nu kabeneran teu dipake deui sabada penetrasi Islam di Jawa Barat. Bahasa nu dipake kawilang basa Sunda kuno. Kasulitan keur panarjamah sabab teu timu kana elemen-elemen jalma baheula, tapi taya hiji ge kecap atawa kalimah nu digunakeun asalna tina basa Arab, basa Islam. Dina ieu naskah, islam enyaan absen. Katangen dina nuliskeun Majapahit, Malaka, jeung Demak, kawasna ieu naskah ditulis dina ahir abad ka 15, atawa copelna awal abad ka 16.

Keur ngagampilkeun maca jeung ngirit rohang, moal ngareproduksi deui kabeh ngaran-ngaran tempat nu aya dina teks, tapi dipilih nu sakira narik ati tur masih keneh diparake nepi ka mangsa kiwari. Keur ieu tujuan aya tilu kategori ngaran nu bisa dibedakeun; kahiji aya nu masih keneh dipake/disebut nepi ka kiwari.  Dipibutuh keur ngaidentifikasi lebah-lebah nu umum nu deukeut kana tempat nu dijugjug ku Bujangga manik, nuduhkeun yen eta tempat geus aya ti baheula mula, ti abad ka 15. Kadua, aya ngaran tempat nu memang dipikanyaho tapi mun diteuleuman kaayaanana, horeng urutna (ganti ngaran), nu eta loba nu ku kuring diliwat, nepi ka aya edisi teks sejen. Katilu aya tempat nu dipiwanoh jalma -ieu nu pangnarikna- tapi ngan geus ganti ngaran tempat atawa daerah nu nyampak dina sumber sejen, atawa ngaran spesifik daerah, walungan, gunung, ngaran-ngaran ieu mere kontribusi nu kacida lobana kana pangaweruh urang, utamana ngeunaan sajarah topografi jawa.

Ngan bagian kadua tina lalampahan mimiti teu dibejerbeaskeun, tapi deskripsina ngeunaan informasi nu bisa digunakeun tur nambah wawasan jeung sabab naon pangna milampah jugjugan, eta sababna bagian ieu rek dibahas tiheula memeh nu sejen.

Lajeng ka Bagean II

Sumber: Salakanagara
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment