Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Peuting Munggaran


Saenggeus bobogohan sabaraha lila ahirna Si Ujang jeung Si Nyai ngabuktikeun jangji pasini na baheula  maranehna dihandapeun tangkal katusba ayeuna di jadikeun ka bale nyungcung,  maklum wae pasangan mojang jeung jajaka anu masih bujang jeung parawan can nyaho kudu kumaha nyinghareupan peuting munggaran... tapi duanan pada gengsi, embung ngaku lamun maranehna duanana oge nyorocod tuur bakat ku geumpeur.. daripada pahuleng2, terus si ujang inisiatif kaluar ti kamar terus nanya ka mitoha lalakina.

Ujang : "Pa, kedah kumaha atuh ujang di Jero teh?!" bari bingung campur era oge kapaksa betus oge akhirna bari jeun gngaluludeung maneh..

Mitoha Lalaki : "Euh buru2 taranjang kaitu, terus naek kana ranjang !" ceuk mitoha na anu rada preman jeung ngomongna sabeledugna

Terus Ujang gura giru ngalaan pakeanana, terus hanjat kana ranjang... ninggali kitu si Nyai bingung ku kalakuan salakina, terus kaluar ngadeukeutan indungna..

Nyai  : "Ema' ari Nyai kedah kumaha atuh ayeuna? da' si A Ujang mah karah taranjang gera itu?" ceuk Nyai bari bareureum beungeut aluman–alimen.

Ambu Nyai : "Harrr itu si nyai, turutan kaituh angguranan bisi kaburu beurang ieu teh..!" ceuk si ambu bari nysisig maturan si abah..

Koloyor weh nyai asup deui kakamar bari ucul–ucul pakean nurutan salakina. Ninggali kitu Ujang tambah beuki bingung jeung ngdegdeg.. lumpat deui ka mitoha lalaki deui. Ninggali kalakuan Ujang mitohana langsung negor, "aya naon deui sujang maneh teh?" ceuk mitohana bari ngalinting bako.

Ujang : "Abah, kedah kumaha deui atuh itu Nyai kalah nuutan taranjang geningan..?" ceuk Ujang bari bingung jeung geumpeur.

Mitoha Lalaki : "Naaaaaaaaa sia teh Sujang,ilikan awak si nyai terus lelepkeun tah sirah maneh nu heuras teh kana paranti kiihna..!!" ceuk si Abah bari becir deui si Ujang muru ka kamar...di silih ku si nyai ayeuna kaluar ti kamar bebeja deui ka indungna...  teu antaparah deui indungna Nyai langsung nanya:

Ambu Nyai  : "keur nanahaon ayeuna si Sujang?" bari ngageserkeun sisigna.

Nyai : "Nuju.....nuju ngalelepkeun mastakana kana closet!!" ceuk Nyai polos pisan.
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment