Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Monyet Hawek


Dina hiji poe, sawatara sasatoan keur ngariung handapeun tangkal kiara nu iuh. Nu aya teh Hayam, Kelenci, Marmot, Beurit, Manuk Cangkurileung, jeung Embe. Maranehna keur ngawarangkong nyaritakeun kalakuan sakadang monyet. Sarerea ngarasa keuheul ka sakadang Monyet teh, tina kalakuanna nu sok ngarugikeun batur.

“Hawek pisan sakadang monyet teh! sok rerebut ka bangsa kuring mah da pedah leutik meureun. Nyaho moal wanieun ngalawan!” ceuk sakadang Marmot. “Kuring ge kungsi direbut hui! Rek am pisan dihuapkeun harita teh, na kerewek teh direbut...terus mangpret dibawa lumpat!” sakadang Kelenci nyaritakeun pangalamanana. “Kitu puguh ge nu jahat ma, sok pinter pisan ngabongohan” ceuk sakadang Cangkurileung.

“Watir mah sakadang Kuya, hese cape melak cau sakadang Kuya teh. Diurus saban poe. Diceboran, digemuk, dikored, mani tulaten naker. Na ari ek diala. Beak dipaling tah ku si Monyet hawek teh! Mangkaning geus jangji harita tah, cangkang rek keur kuring....!” ceuk sakadang Embe siga nu keuheuleun pisan.

“Heup, heup, heup....moal aya gunana ari ukur kurukulutus mah! Anggursi urang pikiran kumaha carana ngawarah si eta sangkan ulah ngarugikeun bae batur...tuman diantep mah!” sarerea jarempe, sarerea unggut-unggutan tanda panuju, sarerea kerung malikir. Beurit nu pinter jeung rea akal nyelangkeung. “Gampang lah...! urang sina ditapuk ku sakadang Engang! Sina disareureud!”ceuk sakadang Beurit bari ngeprokkeun dampal leungeunna tanda atoh nimu akal.

“Nya tangtu bakal barareuh di seureud Engang mah....ngan kumaha carana sangkan sakadang Engang daek ngoroyok sakadang Monyet?” ceuk Cangkurileung. “Tuh, ditonggoh lebah rungkun salira aya sayang Engang. Tah, di dinya urang eupanan ku kabeuki Monyet. Engke pasti ku si Monyet hawek pasti dicokot, da si eta mah sok sologoto pisan apan kana dahareun teh....! tangtu sakadang Engang ambekeun mun sayangna aya nu ngadeukeutan teh, da samarukna rek diganggu. Pasti ngabreng ngoroyok ka si Monyet hawek! Keun sina disareureudan!” ceuk beurit nerangkeun panjang lebar.

Sangges sarerea nyatujuan, bring weh bubar muru ka imahna masing-masing. Maksud rek nyarokot bungbuahan saboga-bogana. Teu kungsi lila jul-jol deui daratang. Bring atuh sarerea muru ka palebah rungkun nu dipake nyayang ku Engang. Mani keketeyepan nareundeunna ge da sieun kanyahoan ku sakadang Engang. Mangkaning Engang mah kacida garalakna. Mun sayangna kaganggu teh sok rabeng ngoroyok. Sorana barangeongan matak geumpeur!

Sakadang Monyet nu harita aya di imahna, barang nenjo ringkang-ringkang nu daratang. Buru-buru manehna turun ti imahna. “Rek kamarana yeuh? Mani ngabring!”pokna. “Rek ngabejaan, tuh di ditu deukeut rungkun, rea dahareun kabeuki maneh wungkul! Jig buru-buru, bisi aya nu nyokot manten!” ceuk sakadang Hayam. “Tapi naha atuh kalah dituduhkeun ka kuring? Naha teu didahar bae ku maraneh?” ceuk sakadang Monyet rada heraneun.

“Apan geus seubeuh! Sarerea teh bieu teh tas ngadalahar, ngan teu beak da rea teuing dahareunana!”ceuk sakadang Kelenci. “Heueuh atuh!” ceuk sakadang Monyet bari tibuburanjat lumpat muru kana rungkun panuduhan Embe tea. Barang sakadang Monyet nepi ka deukeut rungkun, atuh atoh sarta teu antaparah deui ngan kedewek weh bungbuahan nu aya di dinya teh diweswes bangun nu ni’mateun pisan. Lung, lung, cangkangna teh dipiceunan, ka mana wae ngalungkeunana teh sadaekna. Atuh cacangkangan teh rea patinggalepruk ninggang kana sayang Engang. Mani utey bakat ku rea. Sarta barang kacirieun nu ngaganggu sayangna teh Monyet, breng haliber, terus weh ngoroyok, nyareureud jeung nyarocoan!

Atuh puguh we sakadang Monyet teh mani nepi ka guguliungan bakat ku hayang lesot tina koroyokan engang nu kacida garalakna! Lantaran lulumpatan bari teu tolih kana nanaon, brus teh sakadang Monyet tigebrus ka walungan. Kerelep ti teuleum. Hadena leungeunna kaburu muntang kana jukut nu jadi di sisi cai. Sakadang Engang teu waranieun alancrub ka walungan mah, sabab jangjangna bakal baraseuh. Atuh bring weh baralik deui kana sayangna.

Sangges engang arindit, kakara Monyet hanjat. Mani kakarayapan bakat ku leuleus sarta nyareri. “Kieu geuning rasana nu hawek teh. Batur nyarerieun hate, ngarewaeun, nepi ka padangakalakeun,” ceuk pikirna Monyet bari ku rasa kaduhung. Ti harita mah Monyet teh kapok. Jadi bageur jeung tara hawek, kana dahareun tara makmak-mekmek teuing, jeung batur sok daek silih agehan.
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment