Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Ajip Rosidi Jeung Perpustakaan

Foto: Dadan Sutisna
Ku Dadan Sutisna

Urang Indonésia nu pangréana ngoléksi buku téh Fadli Zon, kitu cék Museum Rékor Indonésia (MURI). Tapi aya sumber séjén nu nyebutkeun: Kang Ajip Rosidi nu pangréana buku mah. Boa kétang aya nu séjénna nu leuwih réa. Ngan nu puguh mah, teu pati réa jalma nu kokomoan meuli buku téh. Di Indonésia, Kang Ajip aya dina jajaran jalma-jalma nu koléksi bukuna "méh teu kawadahan". Di Pabélan, perpustakaan pribadi Ajip Rosidi ngajengléng leuwih gedé batan bumina. Ngan angger can bisa ngawadahan buku-bukuna, tur katingalna mah perlu dilegaan deui.

Lantaran Kang Ajip mah pangarang (kawas nu kaunggel dina KTP-na), tangtu nganggap penting pikeun nyayagikeun bahan bacaan. Ah, kétang, saréréa gé pasti sapuk yén buku jeung perpustakaan téh penting, najan teu bari prakna. Maca téh penting, tapi kakara semet wacana. Di kalangan urang Sunda komo deui: hayang ngajual buku 1.000 éksemplar téh nepi ka mulan-malén, padahal jumlah urang Sunda nepi ka 37 juta urang Sunda (cenah). Urang bandingkeun wé jeung saabad katukang—basa urang Sunda saeutik kénéh tur aya dina jajahan Walanda. Harita Balé Pustaka nyitak buku Sunda téh rata-rata 5.000 éks, sok béak waé.

Nya éta di antara "kaahéngan" Kang Ajip téh. Urang-urang mah apan, mun geus pangsiun téh nya tinggal ngahenang-ngahening wé. Unggal isuk maca korsi bari diuk dina koran. Selang-selang ti dinya, sukan-sukan néangan kabungah. Ari Kang Ajip, nincak 77 taun téh hayoh wé mikiran buku. 

Sabada pangsiun, Kang Ajip saparakanca ngadegkeun Pusat Studi Sunda, di antara udaganana nyieun perpustakaan keur urang Sunda. Tah, ayeuna di Jl. Garut No. 2, ngajengléng wangunan tilu lanté, maké tulisan "Perpustakaan Ajip Rosidi". Waragad keur ngawangun éta gedong, nya gegedéna mah tina pésak Kang Ajip. Mimiti meuli tanah jeung wangunan heubeul, pangajina 3 milyar—ladang ngalélang lukisan koléksi Kang Ajip. Can jadi wangunan perpustakaan. Nya meunang bantuan ti Ir. Arifin Panigoro 1,75 milyar. Teu cukup. Kang Ajip ngalélang deui lukisan. Tuluy meunang bantuan ti Pemda Jabar 1,5 milyar. Mun dijumlah-jamléh, nepi ka bérés téh, tanah jeung wangunanana wungkul ku taksiran aya 8 milyarna. Ari paparabotan di perpustakaan di antarana sumbangan ti Drs. Sutadi Sukarya, Prof. Dr. Ganjar Kurnia, DEA, Ir. Burhanuddin Abdullah, Abrory A. Djabbar S.H., Prof. Kasuya Toshiki, Sugihara Téijiro, Séishima Kénro spk.

Koléksi buku di Perpustakaan Ajip Rosidi, di antarana hibah ti kulawarga Ayatrohaédi jeung Édi Ékadjati. Lian ti éta, satengahna tina koléksi buku Ajip Rosidi di Pabélan, baris dipindahkeun ka ieu perpustakaan. Sabada diresmikeun pagéto (15 Agustus 2015), Perpustakaan Ajip Rosidi baris dibuka keur umum. Mangga, nu badé nalungtik kasundaan tiasa sumping ka dieu.

    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment