Bu Wening téh guru Kimia. Rancunit manis. Lungguh timpuh andalemi. Lamun pelajaran Anjeunna, barudak lalaki siga nu kanceuh: cari perhatian! Anu sok nundutan buru-buru ka jamban, sibeungeut bari maseuhan buuk tuluy nyedot nyisiran dungdak-déngdék. Si Iwan nu biasa diuk pangtukangna pindah ka hareup. Nu kuuleun carang takol ngadak-ngadak jadi lincah, ngomongna cowong hayang katangar.
Kuring mah tara pipilueun. Lain pédah minder tapi asa teu sopan. Najan yuswa Bu Wening teu pati ganjor jeung barudak angger wé guru pikiran téh.
Kabiasan Anjeunna lamun tas nerangkeun téh sok méré latihan soal. Terus nguriling. Tah éta kasempetan kuring mah. Padeukeut pagigir-gigir. Teuing enya teuing rarasaan sorangan baé, Bu Wening sok panglilana ngajanteng niténan kuring ngerjakeun soal. Hiliwirna parfum siga nu adu manis jeung ratugna jajantung. Parfum Senin Pagi kuring nyebutna. Puguh teu apal mérkna. Kungsi pagilisir taktak basa kuring bakat ku geugeumeueun salah nulis. Kuduna angka 8 kalah ditulis 3. Bu Wening nunjuk bari imut. Kuring teu sirikna késang badag késang lembut. Anjeunna nuluykeun muter, kuring nahan ambekan ambéh Si Senin Pagi namper dina angen-angen.
Giliran ulangan sok rada jongjon neuteup téh. Henteu togmol. Kuring sok api-api nutupan beungeut ku lembar jawab. Pura-pura maca soal atawa mikir padahal maling rérét.
Kadieunakeun boga akal. Sok mawa rautan patlot nu aya kacaan. Ngintip tina eunteung leutik nu ngajanteng gigireun téa. Galura laut kidul asa pindah kana dada.
"Teras ka pengker, A!" ceuk kénék. Kuring sésélékét bari punten-puntenan. Bapa-bapa nu diukna néngtérégéng kadupak.
"Kuliah di mana?" Wanoja nu diuk sorangan dina jok tukang nanya.
Kuring tanggah. Gusti! Si Senin Pagi minuhan irung.
"Di Bandung, Ibu," kuring asa-asa ngajak sasalaman.
Tilu taun jadi muridna kakara harita kuring apal lemesna dampal panangan Anjeunna.
Ka dituna Bu Wening galécok. Nanya kuliah, betah-henteuna, tempat kost sagala rupa. Kuring ukur némbalan bari unggeuk-unggeukan. Teu wani tatanya. Bakat ku atoh.
"Pami ulangan sok ngintip kénéh tina sesela lembar jawab?" cénah.
Kuring colohok.
"Dupi mencrongkeun tina kaca alit rautan patlot masih?" Anjeunna imut meuni amis.
Kuring rampang-reumpeung
"Bongan Ibu atuda," kuring ngawani-wani manéh.
"Ibu ku naon kitu?" Anjeunna ngeureuceum.
Kuring ngélémés bari ngagerendeng jero haté. (Bonganna Ibu manis ....)
"Ibu mah lungsur di dieu," cénah.
Kuring ceuleumeut siga budak leutik dipegat karesep. Hayang ngulahkeun. Asa can parat ngobrol. Asa aya nu can kedal.
"Itu rorompok Ibu, anu aya tangkal sarikaya sapasang. Pami angkat atanapi mulih ti Bandung badé ngersakeun sindang...." Aya rindat nu teu kebat.
Anjeunna katingal ngajengjen semu nyérangkeun mobil. Haté kuring asa milu turun.
Unggal ngaliwat ka lebah dinya, sok asa kekejotan hayang turun. Kacipta daréhdéhna. Kabayang rindatna nu bangun asa-asa. Pipina anu bareubeu basa paadu teuteup asa napel na kongkolak.
Nepi ka diwisuda kawani téh teu baé ngandelan. Inggis pangajakna ukur basa-basi nu amis budi.
Sakali kungsi panggih jeung Si Iwan di terminal. Manéhna hariweusweus bébéja tas kondangan nikahan Bu Wening
"Déwék curiga euy. Naha Bu Wening bet nanyakeun manéh?" Si Iwan nyidik-nyidik.
Kuring éléngéh. Lambak laut kidul ngahanjelu hésé diupah-apéh.
***
0 comments:
Post a Comment