Aya sakadang peucang, keur luak-lieuk wé, néangan hakaneun di leuweung. Asa hésé hakaneun puguh, keur usum halodo kieu mah. Teu kanyahoan, tina sela-sela rungkun, aya sakadang macan nu titadi geus ngintip manéhna. Peucang mah teu nyahoeun aya nu ngintip.
“Lakadalah, kabeneran kula geus lapar! Aya sakadang peucang ka dieu,kabeneran!” Ceuk macan bari tuluy ngagaur. Puguh waé peucang reuwaseun, lantaran macan geus aya di hareupeunana.
“Kabeneran, kula geus langka manggih daging peucang, kacipta pungkilna. Hayoh ka dieu peucang!” Ceuk macan, bari tuluy ngagaur. Peucang nu tadina reuwas, nyoba nenangkeun manéh. Tuluy baé, manéhna némbal.
“Gampang, hayang daging kula mah, tapi aya saratna. Ké anjeun kudu bisa ngaluncatan heula,
balong leutik nu aya deukeut tempat kula.”
“Ha..ha...ha! nu kitu mah atuh pagawean énténg peucang! Iraha kula kudu ngaluncatan eta balong?” Tanya sakadang macan.
“Ayeuna, hayu we tuturkeun kula!”
Ti dinya, tuluy peucang indit, dituturkeun ku macan. Bener bae, deukeut kandang peucang,aya balong leutik.Di tengah balong téh bet rambang ku jukut.
“Tuh, itu balong nu kudu diluncatan téh!”
“Oh, énténg atuh balong leutik kitu mah.”
Basa éta macan geus taki-taki sisi balong, rék ngawahan, teu talangké, ku sakadang peucang disuntrungkeun ti tukang. Brus baé kana balong. Macan ngan ugal-ugil baé, hésé rék ka luar tina éta balong. Geuning éta téh lain balong, tapi embel. Macan roroésan ménta tulung. Tapi teu didéngé ku peucang. Léos baé, manéhna indit ka leuweung deui, rék nuluykeun nyiar hakaneun.
0 comments:
Post a Comment