Teuing bakat ti saha, kuring babari niru tulisan jeung tanda tangan batur. Matak kapaké ku babaturan téh. Lamun aya anu horéam sakola alatan teu ngerjakeun PR atawa sieun ditagih duit bangunan sok nitah mangnuliskeun surat.
Tara pikir panjang, gutrut wé. Tulisanana kumaha nu ménta, rék nangtung rék déngdék.
Tarif hiji surat téa saratus pérak. Lumayan. Ongkos mobil gé ngan lima puluh pérak. Ngeunah mah upama aya nu pesen surat cinta, lima ratus sasurat!
Hiji poé Si Olin nyampeurkeun.
"Aya proyék," cénah.
"Naon?" Kuring tonggoy.
"Si Pépén ménta pangnyieunkeun surat. Keur Si Wida!"
Kuring ngajenghok. Si Wida béntang SMA. Ceuk nu rahul téa mah angin gé eureun mun manéhna ngaliwat.
"Heueuh da tara nalipak manéh Si Eta mah. Maenya Sukasrana hayang ka Supraba geura!"
Kuring nyikikik teu ngarti.
"Terus?" Kuring panasaran.
"Urang sakalian édankeun. Manéh nyieun suratna dua. Ti Si Pépén jeung Si Wida."
Kuring kerung.
"Manéh api-api jadi Si Wida deuleu! Haduh aing mah béak ku sorangan belegug téh!" cénah.
"Embung ah! Karunya atuh....," kuring kéképéhan.
"Yeuh hirup mah sakali-sakali rada teu balég ambéh ramé. Leuwih watir lamun Si Pépén diantep. Da pasti ditolak atuh. Si Wida téa... Kepala Sekolah gé naksir!" Teu euleum-euleum.
Kuring lééh da Si Olin ngaluarkeun duit sarébu.
"Urang mah ngan ménta dua ratus!"
Kuring nginjeum catetan Si Wida.
"Dina laci," ceuk manéhna ngarérét ku juru panon. Kélétna siga nu nitah kuring buru-buru nyingkah.
Sakeudeung gé tulisan Si Wida geus kacangkem.
Ti harita kuring susuratan. Nulis surat ti Si Pépén jeung balesanana ti Si Wida. Si Olin anu ngonsépna. Si Pépén meuni jigrah lamun meunang balesan téh. Amplop surat ngan henteu disembah wungkul. Teu téga sabenerna mah.
"Proyék-proyék!" Ceuk Si Olin.
Eusi surat téh disaluyukeun. Kumaha wé nu bobogohan. Aya galowna, timburu, kangen. Dina surat mufakat, salila di sakola kudu api-api taya hubungan nanaon hihi. Ngan lamun Si Pépén hayang ketemuan, Si Wida mamalihan téh sok ngelés.
"Raos kénéh kieu. Romantis bari nyamuni mung kanggé urang duaan," cénah liwat surat.
Si Pépén langsung ngalempréh.
Taya nu apaleun kalakuan kuring jeung Si Olin.
Deukeut kana perpisahan, Si Wida kajajadén mutuskeun. Alesanana biasa wé hayang fokus kana diajar. Jodo mah moal ka mana.
Si Pépén ampir-ampiran luluasan. Untung Si Olin bisa ngupahanana.
"Kuduna mah bangga Manéh, Pén! Sok wé batur mah ngan sakéak-sakéak ditampik sapajodogan ku Si Wida. Ari Manéh ampir sataun ngajalin hubungan! Préstasi lain joré-joré eta mah! Déwék ngeféns ka Manéh, euy!"
Si Pépén rebéh. Getihan deui.
Si Wida ngaliwat. Si Pépén mencrong. Panonna carinakdak. Si Olin ngabalieur.
***
0 comments:
Post a Comment