Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Sasakala Majalengka

DINA abad ka XVI, di wewengkon Majalengka ayeuna aya tilu Karajaan.  Cakra Ningrat ngaheuyeuk karajaan-karajaan Rajagaluh, Pucuk Umum di Talaga jeung Nyi Rambut Kasih ratu Sindangkasih.

Nyi Rambut Kasih lain bae geulis kawanti-wanti, tapi deuih kawentar sakti. Ratu anu gede wibawa jeung gede komara, sarta jadi panutan masyarakat.

Sabagian tina wewengkon Sindangkasih harita masih mangrupa leuweung geledegan. Di antara tutuwuhana aya anu disebut tangkal maja anu khasiatna pikeun nyageurkeun kasakit muriang. 

Teu jauh ti Sindangkasih, di Cirebon, nyakrawati Syeh Syarif Hidayatulloh. Jaman harita di Cirebon sumebar kasakit muriang. Loba anu kaserang.  Syarif Hidatulloh lajeng ngutus Pangeran Muhamad jeung Siti Armilah pikeun neangan buah maja sangkan urang Cirebon anu katerap panyakit muriang calageur deui. 

Nya terus bae utusan teh arindit.  Salian ti rek neangan buah maja teh, Pangeran Muhamad jeung Siti Armilah boga tujuan sejen nyaeta rek nyebarkeun Agama Islam.

Lantaran utusan ti Cirebon daratangna ka Sindangkasih heunteu permisi heula, Nyi Rambut Kasih bendu.  Anjeuna teu rido wewengkon kakawasaanna di tincak ku jalma lain.

Nya Nyi Rambut Kasih laju ngawatek kasaktianana. Leuweung nu asalna pinuh ku tangkal maja teh langsung ngaleungit. Nepi ka dua utusan teh teu manggih anu diteanganana, lantaran tangkal maja anu tadina loba teh jadi euweuh.

“Majane langka, majane langka,” ceuk utusan dina basa cirebon. Nu maksudna majana euweuh. Nya nelah bae jadi Majalangka terusna dirobah jadi Majalengka.

Sanajan anu diteanganana teu kapanggih, pangeran Muhamad jeung Siti Armilah henteu terus mulang deui ka Cirebon. Ceuk angkeuhanana, sugan wae dina hiji waktu mah bakal manggihan tangkal Maja. Jadi dua utusan teh tuluy neangan eta tangkal, bari sakalian nyebarkeun agama Islam.

Sabada ngawurukan bagbagan agama Islam kabalarea di sabaraha tempat, Pangeran Muhamad terus matuh di gunung Margatapa. Ari Siti Armilah upaya satekah polah pikeun ngaislamkeun Nyi Rambut Kasih. Ngan keukeuh teu hasil. Nyi Rambut Kasih tetep kana agamana, nepi ka ahirna mah ngahiang.

Sabada ditinggalkeun ku Nyi Rambut Kasih, karajaan Sindangkasih aya dina kakawasan Cirebon sarta saterusna jadi Majalengka. 

Pangeran Muhamad tilar dunya, dimakamkeun di Margatapa. Ari Siti Armilah mah dimakamkeun di tukangeun Pendopo Kabupaten Majalengka ayeuna anu katelahna makam “Ki Bedeng Badori”. 

Kitu cenah. Wallohualam.
 
Diropea ti Grup Salaka
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment