Asep Idjuddin
Anjeunna dibabarkeun di Kandangwesi (Bungbulang) – Garut, ping 3 Juni 1852, dilahirkeun di lingkungan kulawargi menak (bangsawan Sunda), ramana Mas Astramanggala, jeneng Camat Perkebunan, hirup sadidinten condong kana agama (Islam). Atuh tangtos we cita-citana benten sareng umumna menak jaman harita nu condong kana kalungguhan ambtenar. Mas Astramanggala, ngadidik putra kalawan disiplin , tur miharep putrana janten ulama. Numawi ti aalit putrana parantos dipiwarang masantren.
Aya kajantenan lucu, nuju ngaos di Kyai Hasan Basri di pasantren Kiarakoneng, dina yuswa 8 taun sateuacanna dicandak ka Mekah, Hasan Mustapa kantos dipilari ka kobong teu aya, di masjid teu aya, horeng nuju ngibingan ronggeng, ari Qur’an diselapkeun dina tanggakal cau. Ningal kitu, teu dibenduan, mung dinasehatan we. Lajeng ibuna seja saumn malar putra tiasa soleh. Saumna sanes saum kana katuangan, tapi saum teu nganggo kaway salami 7 taun. Alhamdullilah maksadna tinekanan.
Nincak yuswa 8 taun teh Hasan Mustapa, dicandak ka Mekah ku ramana, munggah haji, diajar basa Arab sareng Al-Qur’an. Samulihna ti Mekah, Haji Hasan Mustapa dilebetkeun deui ka pasantren di Garut sareng Sumedang. Diajar dasar-dasar elmu syaraf sareng nahwu mah ka Rd. Haji Yahya, pangsiunan panghulu Garut. Lajeng ngalih ka Kyai Abdul Hasan di pasantren Sawahdadap-Sumedang. Ti dinya ngalih ka Kyai Abdul Kahar di pasantren Bangkalan – Madura. Taun 1874, angkat deui ka Mekah, ayeuna mah ngamukimna salami 8 taun, kanggo neuleuman elmu-elmu kaIslaman. Waktos di Mekah anjeunna wawanohan sareng Christian Snouck Hurgronye, saurang orientalis bangsa Walanda nu nuju ngayakeun panalungtikan masarakat Islam Mekah. Ahirna, antawis anjeunna sareng Snouck Hurgronye janten sobat dalit dugi ka pupusna.
Numutkeun data ti P.S.Nan Koningsveld, ahli basa Arab & Islam urang Walanda, ngalangkungan naskah asli Abu Bakar Djayadiningrat (hiji ulama anu janten sumber utama, rujukan Snouck Hurgronye ngeunaan Mekah) , kanyahoan yen Haji Hasan Mustapa teh salah saurang ulama gentur (nyongcolong) ti Jawa, nu ngancik di Mekah, dianggap satingkat sareng Haji Ahmad Banten, putra Syeh Nawawi al Jawi (Nawawi al Bantantani). Dina untuyan ulama Jawa nu gentur, Haji Hasan Mustapa aya dina untuyan ka genep. Anjeunna ngajar di Masjidil Haram, tur kagungan 30 urang murid. Malih nyerat buku dina basa Arab Fath al Mu’in (Konci panulung) dipedalkeun di Mesir.
Haji Hasan Mustapa kawistara saursang ulama ulama nu ngawasa sawarnaning elmu nu dilungsurkeun ku guru-guruna di Mekah. Sajabi ka Syeh Nawawi al Bantani, anjeuna oge ngaguru ka Syeh Mustafa al Afifi, Syeh Abdullah az Zawawi, Syeh Bakar as Satha, sadayana ge urang Arab. Anjeunna mulih ti Mekah taun 1882, jalaran diangkir ku R.H.Muhammad Musa, panghulu Garut mangsa harita. Peryogina kanggo ngarengsekeun pabentar faham antawis para ulama di Garut. Nu ahirna tiasa direngsekeun, dugi ka ayem tentrem deui. Saterasna anjeunna ngawuruk ngaos siang wengi salami 7 taun, utamina di masjid agung Garut. Kumargi elmu pangaweruhna anu lega, kaleresan nyobat sareng Christian Snouck Hourgronye, waktos dijungjung lungguh janten panasehat pamarentah di Hindia Walanda, ngeunaan pasualan Bumiputra, taun 1889 ngajak Haji Hasan Mustapa ngarencangan anjeunna nguriling Jawa sareng Madura.
Anjeuna mantuan Snouck Hurgronye salami 7 taun. Ku Souck , Haji Hasan Mustapa diusulkeun ka pamarentah Walanda, nya dijungjung lungguh janten panghulu di Aceh dina ping 25 Agustus 1893. Kalungguhan Kapala Panghulu Aceh dicepeng saslami 2 taun ( 1893-1895), lajeng ngalih janten kapala Panghulu Bandung salami 23 taunkalayan kapalay nyalira. Haji Hasan Mustapa ngecagkeun kalungguhan nyuhunkeun pangsiun dina taun 1918.
Haji Hasan Mustapa teh hiji ulama anu sabar, wijaksana, teguh pamadegan tur wanton nembrakkeun pamendak sareng pamadegan. Anjeunna mekarkeun ajaran Islam, ngalangkungan pancenna sabage panghulu, tur dina kagiatan ngawuruk-ngawulang agama sareng tasawuf, dina unggal pajemuhan. Di antawis muridna aya nu jenengan Kyai Kurdi nu mingpin pasantren di Singapoarna – Tasikmalaya. Ajaran Islam dimekarkeun anu dilambangkeun dina wujud pantun sareng wayang nu nyampak dina tradisional Sunda. Media anu dipikawanoh urang Sunda, tur keuna kana mamaras, nyulusup kana kalbu. Metafora nu dianggo, sering karaos Sundana. Dugi ka ngadugikeun ajaran Islam teh karaos caket sareng budaya Sunda. Anjeunna nyuplik 104 ayat Al Qur’an, jumlah nu dianggap cekap tur saimbang sareng kaweruh urang Sunda dina mahamkeun ajaran Islam alam harita.
Aliran tasawuf nu diajarkeun ka murid-muridna teu katawis sacara pasti, mung aya wartos, cenah anjeunna ngagem aliran Sattariyah, hiji ajaran tarekat nu kawitna ti India (Pakistan ? ) nu diadegkeun ku Syeh Abdullah Asy Syattariyah. Dimekarkeun di Indonesia, ngawitan ku Syeh Abdul Rauf Singkel. Dina seratanana anjeunna sering nyebat jenengan Al Ghazali, saurang filsuf tur imam mazhab ani dipireueusna.
Haji Hasan Mustapa nyebarkeun ajaran Islam ngalangkungan karya-karya senina, nu dianggap mahiwal tina ajaran seni alam harita. Umumna nu diasongkeun teh masalah aqidah (tasawuf), waqngun formalna sarimbag sareng kitab-kitab suluk dina basa Jawa, mung eusina langkung caket kana tasawuf. Karya-karya nu mangrupi adumanis antawis tanggapan, pamendak, budaya Sunda, sareng kajantenan-kajantenan dina panmgalaman anjeunna. Meh sadaya karyana diserat ku aksara pegon (Arab-Sunda)
Dina sabudeureun taun 1900, anjenna nyerat langkung ti 10.000 nail dangding, nu ajenna dianggap teu kinten luhurna. Eusina ngabahas masalah suluk, utamina hubungan antawis abdi (kaula) sareng Gusti (Allah). Metafora nu sering dianggo dina ngagambarkeun eta hubungan, nya eta Iwung sareng Awi, caruluk sareng kawung. Numawi sabagean ulama nuding anjeunna ngagem mazhab wahdatul-wujud. Kana eta paniduh anjeunna ngabantah ngalangkuingan seratan dina kitab injaz al Wa’ad, fi ithfa alRa’ad (kontan males bari nungkup gelap saleser) dina basa Arab. Nu salahsawios salinan seratanana disimpen di pabukon Universitas Leiden.
Karya-karya sanesna nu kantos dicitak sareng disebarkeun ka umum, di antawisna ; Bab Adat-adat urang Sunda jeung Priangan Lian ti Eta (1913), Essey ngeunaan suku Sunda, ditarjamahkeun kana basa Indonesia sareng Walanda (1977), Leutik jadi Patelaan Adatna jalma-jalma di Pasundan (1916),Pakumpulan atawa Susuratanana juragan Haji Hasan Mustapa sareng Kyai Kurdi (1925), Buku Pangapungan (Hadits Mi’raj) taun 1928, sareng Syeh Nurjaman (1958). Disagedengeun eta aya nu dicitak tur dibagikeun ka kadang warga nyalira, nyaeta buku Pusaka Kanaga Wara, Pamalaten, Wawarisan sareng Kasauran Panungtungan. Sadayana teu kapaluruh iraha taun medalna.
Aya keneh karya sanesna nu teu dipublikasikeun, tur disimpen ku sekertarisna, M. Wangsaatmadja (1923-1930). Dina taun 1960 eta naskah diketik deui tur dijudulan Aji Wiwitan (17 jilid). Jabi ti eta, Haji Hasan Mustapa nyerat dina basa Malayu, Kasful Sarair fir Hakikati Aceh wa fidir ( Buku rahasiah sabenerna, Aceh jeung Fidi) nu ayeuna aya di pabukon Universitas Leiden.
Dina taun 1977, Hasa Mustapa sastrawan Sunda, dileler hadiah seni ku Presiden Republik Indonesia, sacara anumerta. Haji Hasan Mustapa pupus dina 1348 H sami sareng ping 3 Januari 1930, di Bandung (Salah sawios kalimah/prase tina seratan anjeuna, nu nyangkaruk dina ati, nyaeta Kinanti Panundung Wuyung ; Salila neangan Kaler, Kidul deui Kidul deui; Sareng , Imah Pangancikan raga, Basa Pangancikan rasa). Jenengan Haji Hasan Mustapa, dianggo name jalan antawis Terasan Jl.Surapati – Cicaheum.Cag.
Tina : Suplemen Ensklopedi Islam jilid I, Jakarta, PT.Ichtiar Baru van Hoeve, cet-9, 2003, Kaca 183-184. Tulisan dina jero kurung gede, panambah ti nu nulis (asep idjudin)
Copas ti Grup Salaka
0 comments:
Post a Comment