Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Ngaran-ngaran Parabot Dapur Anu Dianyam Tina Awi

Boboko
AWI teh salah sahiji bahan anu loba dimangfaatkeun ku urang Sunda.  Ti nyieun imah, pager, parabot, pakarang, kaulinan, alat musik jeung sajabana.  Kiwari fungsina geus kadeseh ku bahan-bahan nu leuwih modern saperti plastik.  Di handap ieu aya ngaran-ngaran parabot dapur nu dianyam tina awi.  Bisa jadi geus loba nu teu apal.

Boboko = Paranti wawadahan (sangu, balanjaan oge sok dipake ngisikan)
Cecenting = boboko leutik kaulinan barudak
Said = boboko gede
Pasegan = said kapalang
Tolombong = Wadah bangsal,atawa hasil palawija
Totolonto = wangunna saperti tolombong (wadah timbel)
Dingkul = sagedeeun tolombong
Gebog = dingkul gede paranti wadah pare
Nyiru = paranti napikeun beas beunang nyosoh
Cecempeh = nyiru leutik paranti moekeun lauk asin
Tampir = nyiru gede paranti moekeun bangsal, sisikian
Besek = paranti wadah dahareun dina hajatan
Tingkem = paranti wawadahan upama nyanyabaan (kikiriman)
Sumbul = wadah sangu
Sumbul garitung = sumbul gede anu aya gantunganana (wadah kadaharan)
Tetenong = wadah kadaharan
Pangangen = paranti (tempat ngakeul)
Ayakan = paranti ngalo huut lemes
Ayakan gede = paranti nyieun opak
Aseupan = paranti nyangu
Hihid = paranti ngageberan waktu ngakeul
Rombong = wawadahan keur ngala buah
Piruruhan = wadah runtah
Carangka = paranti wadah jukut
Rinjing = paranti balanja ka pasar
Cireung = rinjing anu anyamanana carang dijieun tina hoe

Dicutat tina Grup Salaka
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment