Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Ngaran-ngaran Parabot Dapur Dijieun tina Garabah, Kai jeung Sejenna

Cowet & Mutu

Pariuk = paranti ngangeun
Jajambaran = tempat kukumbah
Anglo = hawu leutik paranti ngaliwet, naheur cai.
Keren = panti nyieun surabi (anglo leutik)
Kekeb = paranti nutupan sagu dinaaseupan
Cowet = paranti nyambel, ngarujak, ngalotek .
Pependil = parandi ngaliwet
Gentong = wadah cai
Paso = saleutikeun jajambaran
Mutu/gegerus = paranti ngarendos bumbu
Seeng = panti nyangu make aseupan
Anglo = paranti ngayak tipung
Gerengseng = paranti nyieun dodol/wajit (tina tambaga)
Halu = paranti nutu
Kele = paranti ngala cai
Siwur = paranti nyiuk cai
Canting = siwur leutik tina awi
Sinduk = paranti nyiuk angeun (tina batok kalapa)
Koja = wawadahan tina jarring
Kaneron = kantong tina hoe anu bias dicangklek
Jojodog = paranti diuk bari nagog
Dingklik = jojodog jangkung keur diuk waktu gogoreng
Talenan = Paranti ngahiris bawang atawa bumbu liana
Cakil/cangklek = paranti ngagantungkeun siwur, ngaitkeun boboko
Teko = paranti wadah cai pikeun nginum
Poci = teko leutik
Meno = cangkir leutik taya gagangan
Paraseuneu = tempat nyimpen bibinihan luhureun hawu
Kawali = paranti gogoreng
Dongdang = wadah kadaharan (digotong) anu geus asakkeur ondangan
Bokor = tempat bubuahan tina tambaga
Tampolong = tempat ngaluah (anu nyeupah)
Paidon =Tampolong
Padaringan = tempat nyimpen beas
Goah = ruangan leutik paranti nyimpen beas atawa tempat ngukus
Kati = paranti nyiuk beas tina batok kalapa
Kacip = pameulahan jambe (saperti gunting)
Cewo = Wadah apu pikeun ngalemar
Loloco = paranti ngaloco lemareun (biasa tina tambaga/kuningan sari)
Ulakan = pikeun ngageleng jenggel keur nyieun opak
Songsong = paranti niup seuneu di hawu
Cempor = dammar leutik (make minyak tanah)
Damar = pikeun nyaangan di dapur (make minyak tanah)
Delepak = paranti nyaangan make minyak suuk
Peso = paranti keukeureut olahan di dapur
Abir = peso gede paranti motongan daging
Dulang = paranti ngarih atawa ngakeul tina kayu
Keda = paranti nyimpen sangu tina kayu nari aya tutupna
Giribig = sabangsa bilik tapi dianyam rarekep keur moe bangsal (pare)
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment