Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Sababaraha Hiji Talari/Tradisi/Adat Istiadat Urang Sunda Baheula


Talari/Adat istiadat tèh nya èta tata-cara atawa kabiasaan sapopoè hiji masarakat. Di handap aya sababaraha adat nu sok dilaksanakeun ku kolot-kolot urang Sunda baheula.  Kiwari mah jigana arang langka nu sok keneh ngalaksanakeun.

Babarit

Nya èta hajat nyalametkeun (salametan) lebur. Carana, salembur nyangu kawasrèk lebaran. Diantarana nyieun tumpeng jeung rupa-rupa bubur ketan. Dipingpin ku kokolot lembur, ngariung di hiji tempat, atawa ngajajar sisi jalan dèsa. Sanggeus kokolot lembur nyeungeut menyan, terus mènta-mènta ka karuhun, supaya lembur reujeung pangeusina dijaga tina rupa-rupa musibat. Cara saterusna dahar balakècrakan.

Ngaliwon Orok

Waktuna saban Juma'ah kaliwon. Orok umur bubulanan atawa mimingguan tèh,isuk-isuk dibawa ku paraji atawa dukun lembur. Tuluy dimandian cai kembang tujuh rupa. Biasana sakalian dicekok, diinuman peresan konèng meunang marud. Bèrès dimandian tuluy dijampèan. Maksudna, supaya ulah babari katerap panyakit.

Tujuh Bulanan 

Nya èta salametan nu kakandungan tujuh bulan. Biasana nu keur kakandungan dimandian cai tujuh rupa. Lian ti èta sok nyieun rurujakan, rujak bebek. Rujakna tuluy dijual, ari duit jang pameulina ku talawèngkar (sesemplèkan kentèng atawa gagarabah). Engkèna duduitan ladang rujak ku nu kakandungan dipiceun ka parapatan jalan. Cenah, lamun rujakna lada, anakna pasti lalaki. Upama semu amis, awewè. Lian ngarujak bebek, bapana orok nu dikandung ngagambaran dawegan kalapa konèng, make pèso mèncos atawa paku. Biasana gambar wayang Arjuna atawa Subadra. Kudu dawegan konèng, supaya kulit anakna engkè konèng. Dawegan dibeulah dua ku bapana orok nu dikandung. Upama beulahna sarua, pasti anakna kasèp atawa geulis. Mun lalaki kembaran Arjuna, upama awèwè kembaran subadra.

Meuncit Sato Bèla. 

Naon baè satona mah, rèk hayam jago, domba jalu, atawa munding jalu. Tapi, biasana mah mun lain hayam, paling domba atawa embè. Sato nu dipakè,dipeuncit bareng jeung nyunatan budak. Budak sempring disunatan, sato nu dipakè bèla gèrèsèl dipeuncit. Tujuana sangkan budak nu disunatan henteu ngarasa nyeri. Cenah, lantaran rasa nyerina dipindahkeun ka sato nu dipakè bèla tèa.

Hajat laut 

Urang basisir kidul, umumna percaya, yèn laut tèh aya nu ngarajaan, nya èta Nyi Roro Kidul. Ku kituna hasil-henteuna maranèhna ngala lauk, kumaha ceuk Nyi Roro Kidul. Supaya Nyi Ratu bageur, saban taun, unggal tempat waktuna bèda-bèda, biasana mangsana gegedèna ombak, sok diayakeun hajat laut. Anu dihajatkeunana, lian ti tumpeng salengkepna, sok ditambahan ku hulu munding. Cara nyanggakeunana ka Nyi Ratu, ku jalan dipalidkeun ka tengah laut. Bareng jeung hajat laut, sok aya raramèan, biasana sok nanggap wayang atawa ronggèng.

Ngaruat

Tujuanana sarua jeung babarit, mènta kasalametan ka karuhun jeung nu ngageugeuh lembur, dayeuh, atawa nagara. Bèdana tèh nu diruatna bisa lembur,nagara, bisa wangunan anyar, imah, kantor, pabrik, bisa ogè jelema (budak). Upama budak, budak lalaki kapiheuleutan (panengah). Lanceuk jeung adina awèwè. Diruat ku cara nanggap wayang, disebutna ngawayang ngaruat. Biasana ngondang dalang kolot ahlina. Lalakonna teu meunang nu sèjèn kudu lalakon “Batara Kala”. Salila pagelaran wayang can tamat, nu lalajo teu meunang balik. Sing saha nu wani balik, bakal jadi mangsa Batara Kala. Batara Kala tèh hiji buta (raksasa), kabeukina daging jeung getih jelema.

Dicutat ti Kang Andi

    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook